Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
IEU mah pangalaman Ki Sobat, tong disebutkeun namina mah, bisi jadi matak jeung ngajadikeun fitnah, malam Rebo kamari, anÂjeunna nganjang ka sobatna, Abah Ucit, anu jadi kuncèn di patilasan Eyang Rang Gading. Kulantaran Abah Ucit mah, idek liherna tèh di tempat èta, jadi anu panggampangna tèh nya ka patilasan Rangga Gading tèa. Patilasan Eyang Rangga Gading, saur Kang Ucit, sakumaha anu dicaritakeun ku Ki Sobat tèa, baÂheulana tempat Raja Pajajaran mutuskeun hiji perkara anu aya patalina jeung jabatan atawa panÂgkat kanagaraan.
“Tah saentas diputuskeun kakara diistrènan di Batutulis,†saurna. Bari samèmèhna di muÂsawarahkeun di Rancamaya, saturusna diputuskeun di Rangga Gading, anu ahirna diistrènan di Batutulis. Katerangan ieu tèh, saur Ki Sobat tèa, beunangna tina impian jeung pituduh gaib lainna anu sumping ka Abah Ucit, saentas salila 48 taun, ngurus jeung nguncènan patilasan Rangga GadÂing. Ngeunaan patilasan ieu, tètèla loba pisan versina, aya ogè anu nyebutkeun yèn, tempat ieu baheulana, jadi pangreureuhan para Raja Pajajaran, mangsa keur loba pasualan di Istana.
“Tah para raja tèh, sok niÂiskeun pikirna di tempat èta, bari dihariringan ku pupuh sarta dipiÂrig ku kacapi suling,â€saur salah sahiji kasepuhan anu teu welèh-welèh nggugulung kasundaan.
Numutkeun katerangan carita sèjènna, Eyang Rangga Gading tèh, salah sahiji Patih anu kacida gagaÂhna samangsa Karajaan Pakuan Pajajaran, sawaktu dipingpin ku Sri Baduga Maharaja. Tah ngeuÂnaan ha lieu mah, duka nu mana anu bener, sabab can kapanggih sumber anu kacida sahihna.
Anu dicaritakeun ku Ki SoÂbat ka kuring tèh, sabenerna taya patalina jeung urusan pergaiban atawa kaahèngan di Patilasan Rangga Gading, tapi papanggihan jeung manusa, anu ngahajakeun datang ka tempat èta bari tujuaÂnana tèh ngadon ngorèhan jeung survey adat atawa budaya Sunda.
“Anu matak hookeun tèh, sanajan asalna urang Batak, tapi apaleun pisan kana budaya SunÂda. Malah ngeunaan pangjarahan anu raket patalina jeung karuÂhun Sunda ogè mani ngolotok. Ceuk pangakuanana mah ampir sakabèhna geus disumpingan, ti mimiti Leuweung Sancang Garut, Sagala Hèrang,Dalem Cikundul, wewengkon Sakawayana,†ceuk Ki Sobat.
Malah lain ngan tempat panÂgjarahan wungkul, sakabèh kampung budaya anu aya di TaÂtar Pasundan, imeut taya nu kaÂliwat. Bismar, ngaran tamu anu urang Batak tèa, tètèla fasèh pisan nyaritakeun sajarah PerÂang Bubat, Kendan Galuh, Ciung Wanara, Lutung Kasarung, jeung Karajaan Pajajaran anu dirajaan ku Sri Baduga Maharaja, atawa nu ku urang Sunda mah leuwih dipikawanoh ku name Prabu SiliÂwangi.
“Sanggeus nitènan salila puluÂhan taun, sabenerna urang Sunda kudu bangga( reueus) jadi urang Sunda, sabab mibanda adat istiaÂdat anu ajènna luhung tur karuÂhunna kacida wijaksana, pinter, gagah jeung adil,â€saur Ki Sobat nirukeun omongan Bintar. Ceuk Ki Sobat, anu tadina rèk mulang jam sapuluhan tèh, kulantaran kajojo tèa, undur ti tempat èta tèh jadi jam dua peuting.
Samulang ka imah tèh, sakÂabèh anu diomongkeun ku BisÂmar teu welèh jadi pamikiran. Sèkèsèlèr sèjèn waè kacida katajiÂna jeung nyaaheun kana budaya Sunda, naha bet urang Sundana jiga anu api-api pisan. Urang Batak waè, ngarasa reueus ngaguÂnakeun basa Sunda, naha ku uraÂng Sunda kalah ditinggalkeun? Malah urang luar nagri mah, anu disebut urang bulè tèa, geus loba anu dialajar budaya Sunda, boh ka Bandung, Cimandè di Bogor, ka Sanggar Seni Pakuan Pajajaran gaduhna Kang Wawan Dèwantara, atawa ka bumina Ma Ageung di Loader.
Malah dirina kungsi nempo dina tipi hiji pagelaran wayang golèk anu dalang, nayaga jeung sindènna urang bulè. Enggeus mah catetan-catetan ngeunaan Pajajaran jeung nu sèjènna dibanÂjut ka Walanda, cik atuh anu araya kènèh mah, ulah diluli-luli. Sabab lamun diarantepkeun, bisa jadi dina hiji waktu mah, urang anu dialajar kamaranèhanana.
Lain dina urusan budaya waè, dina urusan pertanian waè, urang tèh geuning tinggaleun ku tatangga urang, Malaysia. BaheuÂla, maranèhanana tèh kungsi diaÂjar ka urang. Kahadè Ah! (*)