Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TAS lebaran, komo anu tas mu­dik atawa balik ka lemburna pikeun ngalaksanakeun silatura­him jeung kolot sarta dulur-du­lur bari jeung kudu ngaranda­pan macèt anu kacida rohakana, olèh-olèhna di sagigireun nga­rasa bungah jeung bagya tèh, pastina cararapè. Lamun teu inget yèn boga kawajiban boh kawajiban ka Nu Maha Murbeng Alam, Allah SWT jeung kawa­jiban liana nyaèta kudu kasab atawa gawè, hayangna tèh ngag­oler, ngalempengkeun cang­kèng ngaleungitkeun kacapè ku jalan sarè.

Enya sarè minangka salah sahiji cara anu pangmanjurna pikeun ngaleungitkeun ka­capè, komo salila ieu dibaren­gan kurang sarè mah. Sarè anu meunang pahala ngan saukur di bulan puasa wungkuli, kitu ogè pikeun anu ngalaksanakeun puasa, sabab anu teu puasa mah, tong boroning sarè dalah digawèna ogè teu matak nga­datangkeun ganjaran, komo deui bari dibungbuan ku teu ngalaksanakeun shalat wajib anu lima waktu, wah nu kitu mah pol pisan tah, dosana tèh.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Sarè dina kahirupan sapopoè kacida diperlukeun, salian ti keur malikeun awak anu perlu istirahat sangkan seger deui, ogè aya waktu pikeun awak ngomèan sèl-sèl anu ruksak, kusabab dipakè dina kagiatan sapopoè. Tapia lamun sarèna kaleuleuwihi, ogè teu kaasup kana ibadah, sabab kulantaran loba teuing sarè, pikiran jadi butek, awak lungsè sarta jadi sangheuk barang gawè.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Sarè ogè nu alus mah aya waktuna, kahiji dipahing pisan sabada shalat Subuh jeung Ashar. Ceunah, lamun sarè saba­da shalat Subuh, bakal ngawaris kana fakir, sarta lamun saentas Shalat Ashar ngawaris kana gèlo. Biasana lamun sarè tas Ashar, mangsa keur hudang tèh sok tuluy lieur, lungleng teu pu­guh. Diantara kakarèn anu pan­ghadèna saentas Lebaran atawa ngalaksanakeu shaum sabulan, tangtuna neruskeun pagaèan anu hade anu dipigawè salila Ra­madhan. Sabab salah sahiji cirri yèn puasana “lulus” nyaèta jadi jalma nu taqwa, sabab èta pisan anu dipiharep, sangkan manu­sana jadi jalma taqwa.

============================================================
============================================================
============================================================