Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
TAS lebaran, komo anu tas muÂdik atawa balik ka lemburna pikeun ngalaksanakeun silaturaÂhim jeung kolot sarta dulur-duÂlur bari jeung kudu ngarandaÂpan macèt anu kacida rohakana, olèh-olèhna di sagigireun ngaÂrasa bungah jeung bagya tèh, pastina cararapè. Lamun teu inget yèn boga kawajiban boh kawajiban ka Nu Maha Murbeng Alam, Allah SWT jeung kawaÂjiban liana nyaèta kudu kasab atawa gawè, hayangna tèh ngagÂoler, ngalempengkeun cangÂkèng ngaleungitkeun kacapè ku jalan sarè.
Enya sarè minangka salah sahiji cara anu pangmanjurna pikeun ngaleungitkeun kaÂcapè, komo salila ieu dibarenÂgan kurang sarè mah. Sarè anu meunang pahala ngan saukur di bulan puasa wungkuli, kitu ogè pikeun anu ngalaksanakeun puasa, sabab anu teu puasa mah, tong boroning sarè dalah digawèna ogè teu matak ngaÂdatangkeun ganjaran, komo deui bari dibungbuan ku teu ngalaksanakeun shalat wajib anu lima waktu, wah nu kitu mah pol pisan tah, dosana tèh.
Sarè dina kahirupan sapopoè kacida diperlukeun, salian ti keur malikeun awak anu perlu istirahat sangkan seger deui, ogè aya waktu pikeun awak ngomèan sèl-sèl anu ruksak, kusabab dipakè dina kagiatan sapopoè. Tapia lamun sarèna kaleuleuwihi, ogè teu kaasup kana ibadah, sabab kulantaran loba teuing sarè, pikiran jadi butek, awak lungsè sarta jadi sangheuk barang gawè.
Sarè ogè nu alus mah aya waktuna, kahiji dipahing pisan sabada shalat Subuh jeung Ashar. Ceunah, lamun sarè sabaÂda shalat Subuh, bakal ngawaris kana fakir, sarta lamun saentas Shalat Ashar ngawaris kana gèlo. Biasana lamun sarè tas Ashar, mangsa keur hudang tèh sok tuluy lieur, lungleng teu puÂguh. Diantara kakarèn anu panÂghadèna saentas Lebaran atawa ngalaksanakeu shaum sabulan, tangtuna neruskeun pagaèan anu hade anu dipigawè salila RaÂmadhan. Sabab salah sahiji cirri yèn puasana “lulus†nyaèta jadi jalma nu taqwa, sabab èta pisan anu dipiharep, sangkan manuÂsana jadi jalma taqwa.