Ditulis oleh: DADANG H PADMADIREDJA
KOKOLOT Kampung Adat Urug TongÂgoh, Desa Urug Kacamatan Sukajaya Kabupaten Bogor, Abah Sukardi mereÂdih ka Pamarentahan Kabupaten Bogor sangkan ilubiung langsung ngabenahan Kampung Urug anu geus kaleungitan jatidirina. Hal ieu dijèntrèkeunna basa WBBS nganjang ka imahna di Kampung Urug Tonggoh, Desa Urug. Malah ceuk Abah Sukardi, papan ngaran Kampung Adat Urug anu dipasang di sisi jalan asup ka kampungna dicabut, sabab Kampung Urug kiwari sarua jeung kampung lianna.
“Tong boroning jadi kokolot kuring mah, jadi wargana ogè èra, ku ayana papan ngaran di hareup tèh, Sim kuring meredih ka Pamarèntah Kabupatèn BoÂgor, sacepetna turun ka Kampung Urug pikeun ngabebenah sangkan bisa balik deui ka jati dirina, dunya tatanèn,†tegesÂna. Pangna Kampung Urug dijadikeun kampung adat, ceuk Abah Sukardi, kusaÂbab karuhun baheula nyekel adat jeung aturan kana urusan tatanèn, saluyu jeung sajarah atawa kasangtukangna.
Sumber sajarah Kampung Urug saÂkumaha remen dicaritakeun ku karuÂhunna, kaasup ayeuna dirina, teu bisa leupas ti Nyi Pohaci, putra kakasihna Eyang Prabu (Siliwangi?) anu mimiti kaÂreseban dina poè Jumaah sarta kakara kanyahoan dina poè Ahad, tur getih èta dibanjur sarta ragrag kana taneuh dina poè Senèn. Ti riwayat èta, aya aturan anu kudu dijalankeun ku sakabèh warÂga Kampung Urug diantarana teu meuÂnang ka sawah jeung ngomè pare dina Jumaah, Ahad jeung Senèn. Mangsa Nyi Pohaci pupus, dina sababaraha tempat aya bijil tatangkalan anu dianÂtarana jadi binih pare anu dipelakkeun di sakuliah Kampung Urug.
“Lamun kokolotna waè geus ngarumpak aturan, tunggul dirarud catang dirumpak dina urusan tatanèn, naon anu dipikareueus di Kampung Urug atuh,†pokna daria. Inyana ogè kacia manghanjakalkeun ka sikep koÂkolot Kampung Urug lianna, anu geus teu miara tali paranti karuhunna, dianÂtarana teu meunang ngagiling pare, saÂbab aturanna kudu ditutu, masih kènèh ngomè pare dina poè-poè anu dipahÂing, teu daèk melak pare babarengan ogè binih pare baheula diantarana Sri Kuning, Pare Beureum Cempa, Kewal, Raja Wesi, Limar sarta Ketan Gado anu umurna saluhureun 5 nepi ka 7 bulan.
“Lantaran hayang panèn dua nepi ka tilu kali kalah der melak pare varitas anyar. Balukarna katempo pisan. MangÂsa keur sok melak pare warisan, urang Kampung Urug tara pernah kakurangan bèas, Ayeuna mah pan bèas raskin ogè mani parebut,â€sanggemna deui. Pikeun miara adat anu geus mangratus-ratus taun aya, tur ayeuna geus mimiti ditarÂinggalkeun, Abah Sukardi mènta sangÂkan Kampung Urug dijadikeun puseur tatanèn jeung pangwinihan pare baÂheula, sakumaha anu dilaksanakeun di Kabupatèn Cianjur anu ngawajibkeun sababaraha tempat melak pare jinis Pandan Wangi sarta nu lianna. Sawatara èta Kokolot Cipatat Kolot anu ogè masih rèrèhan ti Kampung Urug nyebutkeun lamun dirina angger mituhu kana aturan anu geus diwariskeun ku karuhunna.
“Kuring mah sieun pisan lamun kudu ngarumpak aturan tèh. Salah sahiÂjina di imah kuring mah pare salawasna ditutu teu pernah dibawa ka tempat heuleur pikeun digiling, sieun dihukuÂman ku karuhun,â€jawabna daria. Ayana ka teu cocokan diantara para kokolot di Kampung Urug diaku Sekdesna, Candra. Numutkeun Candra pihak PamarèntahÂan Desa Urug anu dipingpin ku Ata IsÂkandar geus pernah ngariungkeun para kokolot di kantir dèsa diantarana sangÂkan melak pare babarengan jeung pare anu sakumaha biasa dipelak.
“Mangsa ngariung mah enya rèk tuhu, tapi dina praktèkna mah gumanÂtung kana kahayang kokolot èta, pakia-kia jeung anu geus dimusawarahkeun,†ceuk Candra. Inyana ogè minangka genÂerasi ngora ngarasa kacida hariwangna kana ayana pasualan kitu, sabab geus pasti kahareupna sakabèh budaya anu aya di Kampung Urug bakal carem laÂmun teu buru-buru dibenahan ti ayeuna. Desa anu legana 400, 5 Ha sarta panÂgeusina 1507 KK atawa 5170 urang ieu, budaya tatanènna bakal tilem, padahal satengahna, kurang leuwih 200 Ha-na, mangrupa pasawahan jeung pakebonan.
Lamun Kampung Urug waè, geus kitu kumaha nu sèjènna nya?