Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH sahiji kaulinan barudak Sunda baheula, anu remen dilaksanakeun ti peuting mangsa bulan purnama tèh nyaèta oray-orayan. Barudak biasana nguntuy ngawangun barisan jiga oray barina leungeunna nyekelan tak-tak anu di hareupeunana.

Bari ngaliwat ka “torowongan” anu dijieu ku dua budak anu paha­reup-hareup tur leungeunna silih cekelan, barudak anu nguntuy, sarta mangrupa “orayna” tèh kakawihan anu rumpakana tèh kieu :

Oray-orayan luar lèor mapay ke­bon, entong ka kebon loba barudak keur ngangon

Oray-orayan luar lèor mapay sawah, entong ka sawah parèna keur sedeng beukah.

Mending ka leuwi di leuwi loba nu mandi, saha nu mandi…… nu mandina pandeuri…….

Gep wè anu pangtukangna tèh “ditèwak”, tuluy jaga. jadi torowon­gan, anu nèwak tadi salah saurangna jadi hulu oray, cicing panghareupna. Kaulina oray-orayan, biasa rèngsè saentas kabagèan kabèh, hulu oray anu pangheulana katèwak, atawa la­mun indung bapana èta barudak, ng­ingetan yèn wayah geus peuting, geus meujeuhna sarè.

Salian ti oray-orayan, barudak lembur baheula, kolot ayeuna, atawa barudak baheula pisan, ayeuna geus aki-aki jeung nini-nini, aya kaulinan anjang-anjangan, sondah, jajangkun­gan, hahayaman, luncat tali paciwit-ciwit lutung, ucing-ucingan, sorodot gaplok, pèrèpèt jèngkol, ucing sum­put, jrrd. Salian ti èta aya ogè anu disebut ambil-ambilan ( sigana mah kecap ieu, nyokot tina basa Indonèsia anu hartina cokot) sabab dina prakna, aya anu dicokot ku rombongan sèjèn­na. Dua rombongan anu pahareup-pahareup, silih patèmbalan ku kawih bari anu diucapkeunana tèh kieu

BACA JUGA :  Rumah Ambuk dan Tiang Listrik Roboh di Lebak usai Hujan Disertai Angin Kencang

Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu

Saha nu diambil ? kami mah teu boga incu, boga gè anak minantu.

Si Anu kadieu, purah nutu, purah ngèjo purah ngasakan baligo.

Nyerieun sukuna kacugak ku kaliagè

Aya ubarna, urat munding campur rage, tiguling nyocolan dagè !

Lamun diperhatikeun ampir sak­abèh kaulinan lolobana ngagunakeun awak atawa fisik, sigana tèh saluyu jeung jaman harita anu can loba kaulinan pikeun baudak, kawas ay­euna mah, loba pisan kamonèsanana, ti mimiti game on line, maèn bola dina computer, jrrd, anu sifatna ngagunak­eun panon jeung uteuk, atawa ngalo­bakeun diuk, nepi ka kurang olahraga.

Padahal dina saumuran kitu mah, barudak tèh merlukeun kagiatan anu ngalobakeun gerak awak pikeun ka­mekaran urat jeung dagingna, dise­butna ogè keur mangsa buta tulang buta daging.

Salian ti èta, anu pangdikapau­rna tèh, dina pamaènan anu lolobana beunang bangsa deungeun, boh anu langsung (on line) jeung anu bisa dibareulian di toko-toko, atawa di down load, dina internet, bisa jadi ngandung ajaran nagara tempat nu nyieunna, anu teu saluyu jeung adat urang. Kalayan teu sadar barudak urang diajarkeun ngèwa ka hiji bang­sa atawa kaum. Diantarana mun teu salah baheula, aya kaulinan anu ukur nèmbakan Osama bin Laden, anu keur cicing di jero bar.

BACA JUGA :  Abis Sahur Langsung Tidur? Bikin Seger atau Jadi Ngantukan Ya? Simak Ini

Kitu ogè, game atawa pamaènan ieu lamun diantepkeun matak mo­hokeun kana waktu, lamun kurang-kurangna mere perhatian ka barudak ku jalan ngingetanana, nepi ka moho­keun waktu diajar, jeung waktu shalat. Poho kana shalat (pikeun umat Islam) jeung diajar, geus pasti kahareupna bangsa ieu bakal diparingpin ku jalma anu barodo sarta ahlakna teu bisa di­pertanggungjawabkeun, sabab jelas pisa dina Qur’an yèn shalat ngajauh­keun diri tina pagawèan keji jeung mungkar.

Ngajarkeun deui kaulinan baru­dak baheula anu pinuh ku ajaran silih asih, siliah asah jeung silih asuh ka barudak ayeuna, lain pagawèan gam­pang lir geusa bèda alam jeung bèda lalakon, dina bisana ogè ukur jadi pin­tonan, ngan saukur mere nyaho yèn baheula aya kaulinan anu samodèl kitu.

Leuwih ti kitu mah rarasaan tèh asa jajauheun, sanajan sakumaha dipaksakeunana ogè. Meureun lamun bisa ogè (ngimpi ?) sakabèhna diani­masikeun, bari di jerona tèh diselip­keun ajèn-inajèn bangsa urang, anu daèk gawè bareng (gotong royong), henteu aing-aingan, individualistis, sèwang-sèwangan jeng nu sèjènna. Pan loba bangsa urang anu geus bari­saeun nyieun anu kitu, hèg waragna dianggarkeun, sarta dijualna disubsidi, ngarah murah kaudag ku jalma biasa. Tibatan dikorupsian waè mah, sugan kitu ogè !

============================================================
============================================================
============================================================