Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SAUR Abah Koyod atawa Rajaya, mangsa aya kėnėh yėn dina poė Ju­maah, urang Kampung Urug baheu­la dipahing indit-inditana kamana-mana. Lain ngan saukur ka sawah jeung ka huma wungkul, tapi kaluar ti Kampung Urug, pikeun kaperluan sėjėn, anu sakirana kurang penting. Dipahingna urang Kampung Urug lumaku dina unggal poė Jumaah, raket patalina jeung kasangtukang Nyi Mas Pohaci anu meunang ka­reseban. Malah lain ngan saukur lumaku kaluar ti imah wungkul, tapi dina poė ėta mah teu meunang pisan ngomė parė nu lalaki mah.

“Bisa matak kawiwirangan,” saur Abah Koyod. Kurang jelas tah, kawiwirangan anu dimasudkeunna tėh. Kolot baheula mah, dina uca­panna mėmang loba nu kitu, pinuh siloka. Contona kecap pamali, pan taya katerangan anu ngajelas­keun. Tapi lamun dirumpak sok aya matakna. Tah urusan poė Jumaah ogė, teuing meneran atawa geus kudu kituna. Patali jeung “panghar­gaan” umat Islam anu nyebut yėn Jumaah mah sayidul ayyam, rajana poė. Malah di sababaraha tempat, aya anu nyaram kaluar ti lemburna saentas jam 9. Lamun rėk miang ti imah kudu samėmėh jam 6 isuk.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

“Bisi teu kaburu Shalat Jumaah,” ceuk salah saurang inohong. Ogė pikeun jalma anu kasabna, di lem­bur kayaning tani, dagang di pasar sarta bisa kėnėh migawė shalat Ju­maah di masjid di lemburna, diuta­makeun shalat Jumaah di lembur. Kaharti kituna mah, sabab mangsa harita pangeusi lembur tėh arang kėnėh henteu gegek kawas ayeuna, henteu kawas di kota-kota gedė anu pangeusina mani patėtėėp. Dina ngadegkeun shalat Jumaah aya ka­tangtuan, kudu dilaksanakeun ku sakurangna 40 urang jalma dėwasa atawa ngarti agama. Dina sababara­ha katerangan, nyebutkeun salah sahijina kunaon Jumaah jadi poė anu “istimėwa” tibatan poė lianna. Dina Hadist Riwayat Muslim dina poė Jumaah. Mangsa Kangjeng Nabi Adam diciptatkeun sarta dis­upkeun ka Surga jeung diurunkeun ti Surga. Ogė dina poė ėta pisan, aya hiji waktu kaum Mukmin shalat sarta ngadeuheus ka Allah ngaaha­repkeun kahadėan iwal ti Allah ng­abulkeun pamėntana. Ogė dina poė Jumaah pisan kajadian kiamat.

============================================================
============================================================
============================================================