Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
MALEM Senèn jeung malem JuÂmaah di urang remen disamarutÂkeun jeung urusan ngaraketkeun batin salaki jeung pamajikan, atawa tegesna mah kagiatan salaki nganafkahan batin pamajikanana. Malah Ujang Kèmèd anu katelah tukang heureuy jeung kaasup lenger, nepi ngahajakeun ulin ka lembur-lembur nempoan awèwè anu geus boga salaki, naha loba anu kuramas? Tètèla bener, dina poè Kemisna, pangjualan shamÂpoo di warung-warung nèrèkèl, pikeun sawatara kasimpulan Ujang Kèmèd yèn dina malem Jumaah loba lini di imah-imah sarta JuÂmat subuhna loba anu tinggejebur ngaradon marandi gedè. Beuh nepi ka kitunanya, panalangtikan Kang Ujang tèh. Naha urusan ngaÂnafkahan pamajikan dina malem Jumaah aya rèngkolna dina HadÂist. Dina hadist Riwayat Bukhari Muslim disebutkeun yèn sing saha jalma anu mandi dina poè Jumaah kawas mandi janabah, tulu datang dina waktu anu munggaran, maraÂnèhanana, kawas ngurbakeun hiji onta. Sing saha anu datang dina waktu ka dua kawas qurban hiji sapi dina waktu ka tilu, kawas qurÂban domba, dina waktu ka opat kaÂwas qurban hiji hayam. Jeung sing saha jalma anu datang dina waktu ka lima kawas qurban hiji endog. Lamun imam geus kaluar ( jeung ngamimitian khutbah), malaikat nyaksèni sarta milu ngadèngèkeun dzikir (khutbah).
Tah ngeunaan urusan ieu para alim ulama, loba pamadegaÂnana. Sabagian nyebutkeun yèn mandi janabat (adus) hukumna disunahkeun tur aya patalina jeung nganafkahan batin pamaÂjikanana dina poè Jumaah. AleÂsanana, sangkan waktu salakina nindak shalat Jumaah pikiranana tingtrim henteu ka mana-mana sarta bisa mandi gedè dina poè Jumaah. Patali jeung èta aya Kangjeng Rasul dina salah sahiji hadistna kantos nyanggemkeun sakumaha kadangu ku Aus bin Aus ra, sing saha jalma anu manÂdi dina poè Jumaah, mangkat ka masjid leuwih munggaran, bari leumpang suku jeung teu make kandaraan, ngadeukeutkeun ka imam sarta ngaregepkeun khutÂbahna, teu migawè pagawèan anu taya hartina, mangka tina ungÂgal lèngkahna nu dijalankeunana bakal meunang pahala puasa jeung qiyamul lail (shalat tengah peuting) sataun (HR. Abu Dawud Ibnu Majah, Ahmad). Dina hadist anu diriwayatkeun ku Abu Bakar ogè dicaritakeun yè mandi dina poè Jumaah, minangka pangleÂbur dosa, unggal lèngkahna ka tempat shalat Jumaahan nyaèta kafarah, unggal lèngkahna kawas amal-amalan 20 taun. Mangka laÂmun geus bèrès shalat Jumaahna, manèhanana dibèrè pahala kawas amalan 200 taun.
“Hanjakalna di urang mah, kaayanana teu kitu, dina mangÂsana kudu shalat Jumaah tèh, loba kènèh anu ting alaber di jalan, pajuriwet di mall, pasar jeung tempat-tempat umum. Sigana tèh maranèhanna teu nyahoeun kana kautamaan shalat Jumaah,†ceuk ki sobat, Mang Tatang basa kuring meneran nyimpang ka warungna ngadon dahar wuduk. Malah aya hiji riwayat anu nyaritakeun hiji fakir miskin anu meunang reÂjeki teu disangka-sangka kusabab ngamulyakeun poè Jumaah ku jalan ngalaksanakeun sakumaha anu geus digariskeun dina agama. Ku agung-agungna poè Jumaah, loba anu negeskeun yèn Jumaah mah saidul ayan, rajana poè.
“Puguh wè kuring mah mangÂkarunyakeun kacida ka jalma-jalma anu ngudag dunya nepi ninggalkeun kawajibanana ngalÂaksanakeun shalat Jumaah. Pan jelas disebutkeun lamun ningÂgalkeun shalat Jumaah tilu kali tutuluyan bari jeung taya udzur, sarua jeung geus kaluar tina agaÂma Islam. Naudzubbullah suma naudzubilah himindzalik†ceuk Mang Tatang bari ngabirigidig. Teu salah sawakto Kangjeng Nabi Muhammad bade tilar dunya, ngaÂhariwangkeun umatna anu bakal datang, sabab bener geuning jaÂman kiwari mah loba anu poèkeun jeung kapoèkan. Boh kapoèkan ku dunya atawa aliran-aliran anu nyasarkeun, Jiga bener padahal mah ngajak musrik, jiga lempeng padahal mah sasar kamana-mana. Remen kacaritakeun aya aliran sasar anu boh terang-terangan atawa samar ngaduakeun Gusti Allah, ku jalan ngaku-ngaku nabi ahir jaman. Malah aya ogè bèja ceuk manuk anu ngaku-ngaku jelegedegan Allah SWT sagala. Beuh ari manusa ku loba pisan poÂlahna nya. Padahal jelas pisan yèn manusa mah teu daya teu upaya, komo lamun geus digogotong ka kuburan, pan kumaha ceuk nu harirup kènèh lin. Numatak ulah ujub jeung riya ogè. (*)