Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN aya paribasa siga monyèt ngagugulung kalapa anu hartina nyaho ngeunah eusina tapi teu nyaho cara murakna, sigana èta tèh keuna pisan ka diri sorangan, rumasa ku mokaha jeung bodo katotoloyoh tèa. Padahal ceuk karuhun sorangan, lamun bodo mah kudu alèwoh, daèk tatanya, sanajan teu nepi ka pinter ogè sakurangna, bisa nyaho.
Apal sotèh basa ngobrol jeung Abah Dasèp. Ngeunaan iket masÂtaka atawa totopong tètèla lain ngan saukur make wungkul tapi di jerona tèh aya palsafahna. Saur anjeunna, salah sahiji panyakit anu panggorèng-gorèngna ceuk karuhun Sunda nyaèta gedè hulu atawa adigung adiguna, asa aing uyah kidul atawa pangakangna tèa. Tah iket atawa totopong tèh maksudna mah mungkus sirah sangkan henteu gede hulu.
“Urusan ngaranna naha barangbang semplak, parèkos nangka atawa nu sèjènna mah, ukur dilelebah wungkul. Tah laÂmun geus make iket, kudu geus nyunda jeung jerona, henteu adiÂgung, handap asor conto nyatana urang Kanèkès anu sapopoèna diiket, pan sagalana tèh nyebutÂkeun teu wasa, teu boga kakaÂwasaan, komo anu aya patalina jeung urusan ngamumulè alam mah kacida dijungjungna,â€saur Abah Dasèp.
Kitu ogè, iket lain ngan sauÂkur pamantes wungkul, sabab di Cimandè mah, bisa dijadikeun pakakas pikeun bèbèla diri, saÂrung ogè nya kitu kènèh. Puguh wè ngadèngè pangjelasan ti Abah Dasèp kitu tèh, mani asa ditonjok ku halu bèngkok, ampir wè iket anu keur dipakè tèh diudar, tapi rada mikir deui tah. Sanajan enÂcan nepi ka anu dimaksudkeun ku palsafahna, sakurangna jadi ciri yèn aya urang Sunda.
Lamun urang Sunda geus embungeun nembongkeun jati dirina sorangan, atawa nyumput waè rèk iraha atuh majuna. Sabab lamun diperhatikeun, sikep kana budaya Sunda tèh sakurangna aya genep sikep. Kahiji anu anu wani tandang, sanajan modalna can cukup. Nu kieu boga pamadeÂgan dangdan bari leumpang, nu penting ulah nepi ka katinggaleun karèta, ngadangdanan dirina bisa dina jero lalampahan, sabab kanÂyataanana urang Sunda tèh geus loba katinggaleun.
Nu kadua hayoh wè ngasah kabisa jeung nyukupan dirina ka pangaweruh, hanjakalna lantaran loba teuing tapa, nepi ngaranna tèh teu kadèngè pisan. Lamun ceuk dina dunya pasilatan mah, latihan unggal poè tapi teu perÂnah ditempokeun ka pakalangan. Atawa lamun di sanggar tari mah, geus tapis kana rupa-rupa tarian tapi can pernah meunang kasemÂpetan pikeun mintonkeun kabisaÂna. Asak-asakna mah, ngan teu pernah nyaho atawa ngukur nepi ka mana kabisana. Padahal kasemÂpetan samodèl kitu tèh tèh teu cuÂkup didagoan wungkul, tapi kudu ditèangan jeung diciptakeun.
Anu katilu, mental calo, getol ngajak jeung nitah ka batur, sawatara manèhna mah teu pipiÂlueun, dina umajakna mah rajin kacida, tapi mangsa ditanya naha milu ngamumulè budaya, teu pisan-pisan miluan. Anu pamungÂkas, ngalakonan henteu ngajak henteu, ditanya ngan ngabetem waè. Naha budaya karuhunna rèk kalindih atawa kagantian ku bangÂsa sèjèn ceuk paribasana mah jati kasilih ku junti, sumangga tèh teuing.
Anu kalima, bisana ukur ngècè, ngiritik wungkul, disatuÂkangeunana tèh teu bisa mere jalan kaluarna. Sawaktu anu sèjèn nyieun kamonèsan, inyana ukur bisa nyalahkeun, bari nyebutkeun ah aing ogè bisa, tah kituna tèh bari jeung teu migawè nanaon. Anu kagenep mah lumayan kènèh, bilukna tèh ngan saukur diajakan wungkul, sikepna kawas goong, teu disada lamun teu ditakol.
Tangtuna anu pangalusna mah, anu èlmuna geus sampurna bari jeung wani tandang makalanÂgan. Malah leuwih sampurna deui wani maju sorangan, nyipatkeun kamotèkaran bari ditungtungan ku istiqomahna, mibanda sikep ngagurat batu, teu gampang ungÂgut kalinduhan, henteu gedag kaanginan.
Ngan nèangan anu kitu tèh arang kacida. Tapi sanajan teu kitu ogè atuh mun bisa mah umaÂjak bari jeung ngalakonan. Ngajak nu lian ngomong basa Sunda, tapi dirina teu makèkeun. Nu kitu mah ngaranna calo. Pan calo mah haget pisan ngangajak jeung ngaÂhayuh-hayuh, mangsa miang maÂnèhan teu milu. Kalah ngajeten bari nempokeun. (*)