Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

MANGSA budak kènèh, baheula, lamun ngariung jeung nu sapan­tar tèh sok laju wè tatarucingan, diantarana anu aslsna tina singge­tan atawa kirata kayaning lurah (luhur sabeulah), tampolong (tempa-tempo kakolong) calana, dipancal salilana, taksi, pitak di sisi cenah, PBB, pitak bekas bisul.

Ngomongkeun taksi, jadi inget kana sinètron anu aya di salah sa­hiji stasiun televise swasta nasional (samèmèhna disetèl di bioskop,) salian ti nyaritakeun budak anu lucu, pikaresepeun, ogè nyarita­keun bapana èta budak anu pakasa­banana supir taksi. Lamun sinètron taksi, komo budak leutikna mah matak resep nempona, aya ogè tak­si anu jadi patanyaan gedè. Eta mah taksi dina film, tah anu rèk dicaita­keun di dieu mah, taksi sabenerna.

Di Kota Bogor, ceuk salah sa­hiji pajabat anu raket patalina jeung urusan èta, can perlu kan­daraan taksi, tapi naha bet di ja­man kiwari loba pisan, balawiri dimana-mana. Di kota metropoli­tan, taksi salahsahiji angkutan anu kacida diperlukeunana, sabab bisa nepi ka tujuan kalayan cepet, bari jeung teu kudu acak-acakan, jeung teu kudu kèsangan hartina panampilan masih kènèh bisa di­andelkeun. Lain rèk ngutik-ngutik ayana taksi di Bogor, sabab pikeun sabagian warga Kota Bogor, sigana tèh kacida diperlukeunana.

Ningali kanyataanana naha bet bèda pisan, tapi can diizinan, nu ngetèm jeung balawiri, kawilang loba. Naha poho, kapopohokeun atawa dipopohokeun? Atawa mè­mang ayeuna mah geus dimeu­nangkeun? Sabab, urusan ieu aya patalina jeung katenangan, lamun dina kaayaan tenang mah pan usaha ogè bakal aya hasilna.

BACA JUGA :  7 Manfaat Seledri Untuk Kesehatan, yang Terakhir Dicari-cari

Katenangan lain dina kula­warga wungkul dina sagala rupa ogè diperlukeun, sabab bisi cilaka ku polah sorangan. Contona bu­dak anu keur mawa motor hèg can bogaeun SIM, mangsa aya ra­zia atawa pulisi tèh, sok katèpaan panyakit gugup jeung sieun. Lan­taran ngarasa salah tèa, biur wè kabur, mawa motorna satabrang-tabrang, tungtungna cilaka.

Padahal pulisi anu dimaksud­keunana tèh keur tugas ngatur pasu­liwerna mobil jeung motor, sangkan jalanna lancar. Sabab usaha bari jeung “susulumputan” sarta teu boga izin mah, matak pikahariwangeun.

Tah patali jeung urusan èta nya aya alusna anu tadina can jelas tèh dijadikeun ècès, ambèh henteu jadi obyèk oknum anu teu pararuguh. Sabab salah sahiji kahèbatan (?) oknum pagawè di urang tèh nyaèta ngamangpaat­keun anu can pati jelas.

Kètang anu geus jelas ogè sok dijadikeun teu jelas (pikeun kapentingan pribadina), komo deui anu masih kènèh samar-samar nya, peraturanana masih dirarampa. Bisi ieu mah, sabab ngantepkeun nu kararitu tèh, sasatna mah sarua jeung ngaju­rumuskeun dirina (kaasup kula­wargana) kana jurang kanistaan, sabab bakal ngaruksak turunana.

Hal èta sabenerna saluyu jeung papatah ti karuhun anu remen didarongèngkeun atawa dicaritakeun, ngalarapkeun silih asih, asah jeung asuh, lain saukur mere mawèh wungkul silih inge­tan sangkan henteu nepi ka tikun­clung kana tempat anu sakirana matak ngadorèsakeun.

BACA JUGA :  Tes Kepribadian: Sifat dan Karakter Tersembunyi Seseorang Diungkap dari Bentuk Kaki

Jadi kecap silih asih, asah jeung asuh tèh, lain ngan saukur dija­dikeun, siloka anu taya harti, re­men diucapkeun bari jeung taya prakna pisan, tapi dijadikeun dada­sar enggoning ngambah kahirupan sapopoè. Sabab, saur Kang Eman tèa mah kecap tapa dina Sunda tèh, lain ngan saukur cicing, ngara­ga meneng, ngajauhkeun sifat anu garorèng, bari ngosongkeun beu­teung, tapi gawè rancagè saluyu jeung tugasna sèwang-sèwangan.

Pagawè rancagè dina gawèna, pangusaha junun jeung jujur dina usahana, alim ulama, pengkuh dina ngajalankeun aturan agama. Lamun èta dilaksanakeun, nya bakal sepi maling towong ram­pog, sabab pangwangunan saluyu jeung rencanana, mun aspal jalan tèa mah kandelna teu ngurangan, kitu ogè pajeg ogè teu dikorowot pikeun makaya diri sorangan.

Komo deui pajabat anu ngaga­sab duit rahayat, sarta jumlahna matak hookeun anu ngadèngèna. Naha bakal karandapan kitu ja­man gemuh mangsa baheula, anu ceuk sikleus mah bakal ka beu­lah Kulon deui, sawatara nu ngo­kolakeun nagarana teu amanah jeung jujur? Rarsaan rada jauh tina harepan lamun kitu mah. Pa­dahal pan nagara jeung eusina tèh titipan anak incu urang lin? Duka kumaha atuh nya ! (*)

============================================================
============================================================
============================================================