Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

PIKEUN anu saentragan kuring atawa saluhureun, sigana mah rada arapaleun ka Kiai Muham­mad Arief Solèh, urang Cem­plang Kabupatèn Bogor, anu ba­heula mah kacida kawèntarna, ku jenengan Kiai Balap.

Malan mun teu salah, basa ki adi anu bungsu disunatan kungsi nanggap mantenna. Kiai Balap biasana sok ditanggap ku nu su­natan, eusi sahibul hikayatna anu dicaritakeun dina basa Sunda. Anu ngabèdakeun Kiai Balap jeung tukang dongèng sèjènna (atawa para da’i) nyaèta dina nyaritakeunana sohibul hikayat bari jeung dikawihkeun atawa di­lagukeun.

Anu pangkawèntarna sarta teu pernah bosen dicaritakeun jeung didèngèkeunana tèh Kiai Haji Ahmad atawa Si Kopèah Beu­reum. ( Jigana mah ngaran Arief tèh rada kawènèhan jadi tukang carita nya, sabab aya ogè ngaran Arief, nyaèta Mama Arièf Hidayat sarua tukang ngadongèng ogè).

Pamungkas papendak jeung anjeunna tèh, mangsa keur nyu­sun buku Milangkala Bogor ka 521, lamun 3 Juni kamari, Bogor mièling milangkala ka 530, har­tina 9 taun kaliwat, tegesna dina taun 2003.

“Kapanggihna” Kiai Balap, èh maksudna rèkaman Kiai Balap tèh, basa keur ngahuleng mikiran “bayareun” kuliah budak hawar-hawar kadèngè aya sora anu keur ngadongèngkeun Kiai Haji Ah­mad, ngarasa panasaran gancang wè disampeurkeun.

Horèng Ki lanceuk keur nyetèl CD-na, ah tibatan mikiran kumaha nèangan duit, mending ngaregep­keun sahibul hikayat Kiai Ahmad tèa. Sakumaha biasana, sahibul hikayat dimimitian ku bubuka, nyaritakeun kahayang jalma anu harayangeun asup surga.

BACA JUGA :  7 Manfaat Seledri Untuk Kesehatan, yang Terakhir Dicari-cari

Diantarana, tujuan anu disu­natan tèh nyaèta supaya beresih tina najis, supaya beresih ngalak­sanakeun ibadah ti jaman Kangjeng Nabi Ibrohim. Beberesih di dieu ngawengku mayar zakat, kaasup mayar hutang ka sasama jeung ka pamarèntah, diantarana cicilan Bi­mas/Inmas, PBB, listrik jrrd.

“Lamun ditanya sakabèh jalma pasti hayang ka surga, tu­kang dagang anu sok ngurangan timbangan ngajawabna hayang ka surga, kitu ogè tukang gaplèh anu unggal peuting sarta sapeu­peuting gaplèh anapon ditanya mah, ngajawabna mah angger wè hayangeun asup surga.”.

Dicaritakeun aya hiji jalma anu ngakuna ngagem agama Is­lam, tapi hirup sapopoèna tojaiah pisan jeung aturan agama Islam. Eta jalma tèh, pagawèanana ngan maèn judi waè, karesepna ngadu hayam sarta bogaeun anak nga­ranna Ahmad, anu umurna ka­kara sapuluh taun.

Bapana Ahmad tèh dicarita­keun ngalaman balangsak kacida, dahar isuk henteu sore, imahna ogè balalocor. Tapi sanajan kitu, angger wè mantangul, em­bungeun ngarobah sikepna jadi jalma anu taat ka Allah.

Lantaran tara meunang da­har, Ahmad ngalalana nuturkeun indung suku leumpang ka pasar sarta nimu duit satalèn di jaman normal, tuluy dibalanjakeun ka toko pikeun kaperluan dahar, sarta sèsana dibeulikeun useup pikeun nganafkahan indung bap­ana. Lilana dua bulan, Ahmad gawèna ngan saukur ngaliwet sarta dipapagahan ngaji ku santri anu nanggungjawab manèhna.

BACA JUGA :  Kecelakaan di Pekanbaru, Fortuner Tabrak Tugu Keris, Pengemudi Oknum Polisi

Ah, pokona mah, lamun dire­gepkeun mah matak pogot, sabab salian ti loba jeung munel eusina ngeunaan agama, ogè leubeut ku heureuy kumaha wè urang Sunda mun ngadongèng. Kiai Arièf Balap, saujratna salah sahiji kabeungharan tina kumaha pin­terna urang Sunda nepikeun pa­patah, tausiyah dina wujud anu leuwih gampang ditarima.

Dina tausiyahna, Kiai Balap teu kudu pepeta, kawas para dai anu aya di tipi-tipi, tapi ngan saukur ngandelkeun kahèbatan lambeyna (verbal). Solawat anu diwanohkeun tèh nyaèta Solawat Muhtar, anu mun teu salah kieu, Allohumma solli alaa nuril anwar wasiril asrar..watilyakil ahayil wamiftahil babilyasar…jstna.

Kiai Ahmad salah sahiji eusina nyaritakeun kataatan ka nu jadi guru, sarta hormatna manusa ka nu jadi indung bapana. Sanajan sikep indung bapana, kacida ngèwaeun kana kadatangan Ahmad, anu ka­kara mulang ti pasantrèn salila 18 taun, kusabab mangsa mulang teu mawa cau atah-atah acan.

Dina lebah ieu urang Sunda ogè bogaeun nyaèta guru ratu wong atua karo, guru jeung ind­ung bapa sarua kudu dihormatna, ogè indung kudu dipunjung bapa kudu dipuja sabab indung anu ngakandung bapa nu ngayuga.

Doraka ka indung bapa bakal nyababkeun kaluhur teu sirungan ka handap teu akaran. Allohum­ma solli alaa nuril anwar wasiril asrar..watilyakil ahayil wamiftahil babilyasar… cag ah !

============================================================
============================================================
============================================================