Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

“SALAH sahiji sikep anu dipibanda ku pamingpin tèh salian ti bener, ju­jur, cageur, bageur, singer pinter tèh kudu kukuh pamadegan,”ceuk salah saurang kasepuhan Bogor. Sakuma­ha anu kaalaman dina carita Geger Hanjuang.

“Mangsa karajaan Pajajaran keur haliwu, Prabu Ragamulya Suryak­encana, ngagentraan opat urang patihna nyaèta Sanghiang Hawu atawa Jaya Perkosa, Batara Dipati Wiradidjaya (Nganganan), Sangiang Kondanghapa, jeung Batara Pancar Buana Terong Peot,” saur Aki Sukma.

Prabu Ragamulya èta nitipkeun Kandagè Lantè, pusaka Pajajaran jeung alas parabon sangkan dipasrahkeun ka pangawasa Sumedang Larang anu harita dirajaan ku Pangèran Angkawi­jaya atawa Pangèran Kusumadinata II .

Raja Sumedang Larang ieu, diis­trènan jadi kalayan gelar Prabu Geu­san Ulun minangka nalèndra penerus Kerajaan Sunda Padjajaran sarta Raja Sumedang Larang ka-9.

Karajaan Sunda Galuh (Pakuan Pajajaran) sorangan ngalaman “sirna ing bumi” dina tanggal 11 Suklapaksa bulan Wesaka 1501 Sakakala atawa tanggal 8 Mei 1579 M. Ditandaan ku dikawasaanana purasaba Pakuan Pajajaran ku Kasultanan Surasowan Banten.

Lamun tèa mah di jaman harita, Ragamulya teu nitipkeun Kandagè Lantè ka para patihna, pikeun dititip­keun ka Raja Sumedang Larang, boa karajaan Sunda Galuh tèh, ukur tepi ka lebah dinya, taya panerusna.

Pangna dititipkeun ka Geulan Ulun ogè tangtuna tèh aya kasangtu­kangna. Karajaan Sumedang Larang, dimimitian ku datangna saurang resi nyaèta, Prabu Guru Aji Putih ti Ga­luh ka hiji wewengkon di sisi wahan­gan Cimanuk, Kacamatan Darmaraja, Sumedang ayeuna.

BACA JUGA :  Manfaat Jus Jambu untuk Kesehatan, Bisa Turunkan BB Juga? Simak Ini

Samèmèhna diwewengkon dinya tèh geus kawangun tatanan kahiru­pan anu dibaladahan ku Prabu Agung Cakrabuana mimiti abad ka dalapan.

Lalaunan tapi pasti, kaayaan di wewengkon èta tèh kabeungkeut ku struktur pamarèntahan jeung kama­sarakatan, tur ngadeg jadi cikal bakal Karajaan Sumedang Larang. Resi ieu puputra Prabu Tajimalèla, anu sajaman jeung pangawasa Kawali, Ragamulya marèntah dina taun 1340 – 1350 M ogè Suradewata, Maja­lengka.

Pikeun nyampurnakeun èlmuna Tajimalèla ngayakeujn tapabrata, mujasmedi ka Hyang Agung anu dise­but, sideku sinuku tunggal mapat pancadria, diamparan boeh rarang, lelembutan ngajorang alam awang-awang, ngungsi angkeuhan nu can katimu.Mangsa harita, anjeunna ngu­capkeun kecap Insun Medal Man­dangan anu satuluyna kakoncara jadi kecap Sumedang.

Raja Sumedang Larang anu katiti­pan Kandaga Lantè tèa, nyaèta Radèn Angkawijaya, putrana Pangèran Sant­ri sareng atawa leuwih dipikawanoh ku nami Ratu Intan Dewata, mangru­pa raja anu pangahirna Sumedang La­rang macakal, sabab panerusna mah nyaèta Pangeran Ariasuradiwangsa miang ka Mataram pikeun masrah­keun kakawasaanana.

Jadi lamun dipaluruh ka pucukna, aya kènèh rèrèhan tah ti Pajajaran ka Sumedang tèh lamun kitu mah, nyaèta ti Resi Prabu Aji Guru Putih anu asalna ti Galuh. Pan antara Ga­luh jeung Sunda tèh asalna ti Bogor, nyaèta Karajaan Tarumanagara tèa, kadituna Karajaan Salaka Nagara.

BACA JUGA :  Resep Membuat Rendang Jengkol yang Gurih Renyah dan Mantap

Jadi, saur salah saurang kasepu­han Bogor kaharti lamun Kandagè Lantè dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun, sakurangna aya kènèh raway­anna.

Malah lamun disusud ka luhurna mah, sumberna tèh sarua, tapi kulan­taran beuki dieu, jalmana beuki rèa, katambah loba anu pareumeun obor, kalayan teu sadar sabenerna urang parasèa tèh jeung dulur sorangan.

“Sanajan anu parasèa tèh nya­hoeun yèn papasèaan tèh taya har­tina pisan,”saurna tatag.

Ceuk kasepuhan Bogor sèjèna, pusaka Pajajaran anu dititipkeun ka Ey­ang Jaya Perkosa ieu, teu kungsi dipas­rahkeun ka Raja Sumedang, kusabab ayana kajadian Geger Hanjuang tèa.

Disebutkeun Jaya Perkosa samèmèh miang ka mèdan laga melak tangkal hanjuang, diburuan istana bari disaksikeun ku sajumlah pangagung Sumedang Larang.

“Lamun tangkal hanjuang ieu mu­guran tandana kuring kasoran di mè­dan jurit, lamun hèjo ngemploh tan­dana Sumedang Larang unggul jurit.”

Lantaran laporan Nanganan jeung Dipati Wirajaya, Pancarbuana, ahirna Prabu Geusan Ulin ngosongkeun kara­ton, pindah ka Dayeuh Luhur.

Padahal tangkal hanjuang anu dipelak ku Jayaperkosa kaayanana hèjo ngemploh. Kajadian èta tangtu­na nguciwakeun Jayaperkosa, sabab Raja mah kudu pamadegan, teu gam­pang kapangaruhan.

“Tah kusabab kitu aya sababara­ha pusaka Pajajaran ahirna teu jadi dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun,”saur salah saurang kasepuhan. Wallahualam Bissawab .

(Meunang nyutat ti sababaraha sumber)

============================================================
============================================================
============================================================