Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
CEUK para paniten politik di nagÂara urang anu kaayanana masih kènèh nagara mekar (berkemÂbang) can asup maju kawas Amerika, para pamilih di bagi dua, pamilih rasional jeung irraÂsional.
Lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda mah meureun, anu ngandelkeun pikiran jeung teu ngandelkeun pikiran (padahal sakabèhna ogè barogaeun).
Nu boga pamikiran, pastina boga bèja, informasi anu cukup ngeunaan saha anu bakal dipiliÂhna, bisa neuleuman visi-misina, jeung sakurangna nyaho baluÂkarna.
Anu teu ngandelkeun pamikiÂran, biasana ngan saukur nempo calonna tèh kasèp wungkul, kawèntar (buktina loba artis anu jaradi) jeung kumaha ramèna. Sanajan teu nyaho nanaon, laÂmun ceuk balarèa ramè nu èta, sok pipilueun marilih.
Di sagigireun èta sok mertimÂbangkeun saha anu bageur, daèk barang bèrè, boh ka calon pamÂingpin atawa anggota dèwan. Ieu lain taya alesan, sanajan lamun diitung-itung kacida matak priÂhatin.
Upamana tèa mah dibèrè Rp 50 rèbu, disina nyolok, pastina kana dicolokna tah. Padahal laÂmun dibagi 5 taun, sapoèna tèh nitih Rp 30 . Tapi tibatan henteu? Sabab dumasar kana pangalaÂman anu engeus-enggeus, anu geus jaradi tèh sok marohokeun. Upamana tèa mah geus jadi hèg diondang datang, tong boroning mucunghul SMS ogè tara dibales, malah loba diantarana anu garanÂti nomer.
“Jadi tibatan poos, nya mendÂing ayeuna, geus jadi mah boro-boro ingeteun papanggih ogè sok malieus,â€pokna tèh. Anu untung (lamun tèa jadi) geus pasti tim suksèsna, sakurangna aya bales jasa, boh proyek, setoran bulaÂnan. Ah, pokona mah, babantu tèh geus pasti ngaharepkeun baÂbalesna.
Dina sababaraha pasamoan, aya ulama?, tokoh politik, jeung tokoh lianna, sok nyarita kenÂceng kacida, sarta nyebutkeun kieu: Teu nanaon tarima duitna mah, urusan nyolok mah kumaha engkè. Tah kalimah samodèl kitu tèh sarua jeung nitah nyeburkeun umat, masarakat kana jurang kanistaan.
Sabab sacara langsung geus nitah nu diharandap jadi golonÂgan munafik, Pan jelas kateranÂganana, ciri-ciri jalma munafik diantarana, lamun dipercaya hianat, lamun jangji teu pernah ditedunan, lamun nyarita sok boÂhong waè.
“Lamun duit èta ditarima heug èta jalma milih nu lian padahal manèhna nyaho tina pamèrè èta aya harepan, sarua jeung beungeut nyanghareup ati mungkir,â€ceuk Mang Tatang. Sabab barangbèrèna dina raraga nyanghareupan Pilkada tèa, pan dina sapopoèna mah, tara ieuh aranjeunana tèh asruk-asrukan, ka lembur, ka tempat-tempat anu hara-haraeun, raos kènèh calik dina korsi bari rohanganana tiis ku AC, nya.
Geus kitu salian dina raraga kampanyeu mah, tara ieuh daèk barang bèrè, sakalina dipèntaan tulung ogè nguak-ngiuk. Dina mèrèna ogè siga nu kapaksa, teu make duduga jeung peryoga.
“Jadi kudu kumaha atuh Mang?†cèkèng tèh nanyakeun.
“Nya keun wè antep, ulah make didalilan, cokot duitna milih mah kumaha engkè. Lamun arèk tandeskeun kudu tong daèk nampa pamèrèna,â€tèmbalna tatag pisan.
“Puguh hèsè pisan dina kanÂyataanana tèh Mang.â€
“Tah lamun kitu jelas pisan yèn kaayaan masarakat urang masih kènèh kitu, masih buÂtuheun ku duit leutik. Mana kitu ogè can sajahtra, da anu baleungÂhar mah tandawuruh daèkeun narima duit leutik.â€
“Enya nya Mang. Tapi duit gedè, urusanana proyèk èta mah Mang.â€
Bener teu salah-salah teuing Mang Tatang tèh dina palebah dinya mah, pastina sakumaha beungharna ogè moal mungkin sakabèh sora bisa dibeuli.
Lamun perlu 200 rèbu sora maenya kudu dibèrèan duit kabèh. Sakurangna perlu duit 10 Milyareun, encan nu lianna. Jaba pan nu kitu mah, disebutna monÂey politik, politik duit tèa. Mun kapanggih, KPU jeung Panwaslu bakal aya hukumanana.
Jadi, urusan milih mah urusan hate, teu bisa dipaksa-paksa jeung di hayoh-hayoh. Sanajan ceuk nu itu bageur, solèh, ceuk nu èta kitu, moal loba pangaruhna.
Masing-masing geus boga pamikiran sorangan. Dina paleÂbah dinya mah lumaku kumaha sorangan, ceuk basa Bogorna mah, Kumaha Aing Wè. Jadi kumaha ? arèk milih nu mana?. Nya Kumaha Aing wè atuh ! (*)