Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
NU ngaranna musibah, bahla atawa kacilakaan tara ngabèjaan heula datangna tèh, tapi lamu ditalinÂgakeun kalayan daria, panyababna nya manusa kènèh. Jadi karudet ataÂwa kapusing nu tumiba gumantung kana polah manusa.
Diantarana banjir, pan panyaÂbabna tèh leuweung anu diruksak, diÂbukbak, diarah kayuna bari jeung teu make adeuh, teu merhatikeun kumaÂha balukarna, nu penting jadi duit, nu penting aing beunghar, mangsabodo nu lian mah.
Padahal ku jalan kitu, loba manusa leutik anu teu tuah teu dosa, jadi katalangsara. Nu beurat beungÂhar, hartana lubak-libuk, duitna loba, bisa kumaha waè.
Malah sawaktu kacerek deleg, sarÂta di jero bui ogè, aya bèja bisa muka salon sorangan, nongton tipi, bisa karaÂoke, aya ogè anu nyèwa rumah makan, jadi bisa dahar leuwih ngeunah tibatan anu di luar bari jeung teu boga duit.
Pikeun anu leutik anu kataÂlangsara ku polah jalma beungÂhar ukur bisa diupahan ku kalimah tawakal jeung sabar wungkul, muga-muga bisa narima kana ujian anu datangna ti Allah, kitu cenah. Bahla atawa musibah, bisa gedè bisa leutik, kumaha dina cara nyikepanna, jeung datang ka saha jalmana.
Musibah urusan jeung hukum atawa rumah sakit, pikeun jalma leuÂtik mah, anu duitna teu sabaraha, kanyaho hukumna hengker, sarta hubungan atawa kawawuhanna saeuÂtik lir kiamat kubro. Ukur bisa rumaÂhuh, tong boroning nyarita, kapangÂgih jeung jalma ogè èrana nataku.
Komo deui aya patalina jeung urusan duit, matak sawan kuya. SaÂbab nu jadi pamkiran kumaha nèngan waragadna. Pikeun jalma anu luhung èlmuna bari loba duitna, mangsa leungeunna diborogod tèh bisa kèÂnèh seuri, bari teges nyebutkeun yèn dirina henteu salah. Asa ku araranèh pisan. Nu nyababkeun cilaka, lain pèÂdah ngagalaksak harta banda nagara, atawa ngadahar hak nu lian wungkul, tapi kawijakan ti pamingpin anu nyaÂbabkeuna rahayatna sangasara, èta ogè kaasup kana salah sahiji bahan pikeun nyilakakeun dirina sorangan. Komo deui bari tetap ngarasa asa aing pangbenerna, nu sèjèn mah diÂanggap bodo jeung ukur nèwo-nèwo.
Padahal ku kawijakan anu dijieun ku èta pamingpin geus aya korban. Pamingpin ogè bakal dibalitungkeun kawijakanna di ahèrat, naha kawiÂjakan atawa kaputusanna wijaksana, henteu nyangsarakeun rahayat leutik.
Naha kaputusan anu dijieun tèh ngan saukur nguntungkeun dirina, atawa sabagèan golongan wungkul. Palebah dieu, aya hukum maslahat jeung madarat. Lamun leuwih loba pimadarateunna, ulah èra-èra jeung asa-asa nyabut kawijakan anu geus dijieun atawa ditetepkeun, tibatan kahareupna nyangsarakeun dirina jeung rahayatna.
Bahala anu pangbadag-badagna, taya deui iwal ti pecat iman jeung Islam kitu ogè sabalikna ni’mat anu panggedè-gèdèna, ni’mat Iman jeung Islam. Pikeun umat Islam, dipahing pisan maot dina kaayaan teu mawa iman jeung Islam.
Naon anu rèk diandelkeun dina nyanghareupan patanyaan jeungt huÂkum Allah di tempat anu ngan saukur amal ibadahna anu bakal nulungan. Di dunya mah, sanajan boga dosa ka nagara jeung sasama, bisa kènèh pupuntang ka anu pangkat atawa jabatanna nu leuwih luhur tur bisa mangaruhan pajabat hukum anu aya di sahandapeunna. Di ahèrat?
Pikeun èta, urang Sunda baheula geus ngingetan diantaran ku kalimah : Hana Nguni Hana Mangkè, Tan Hana Nguni Tan Hana Mangkè anu hartina aya baheula aya ayeuna, moal aya baÂheula moal aya ayeuna. Nu dicaritaÂkeun lain ngan saukur urusan waktu wungkulm tapi pasti sagalana, ti mimiti pepelakan sarta nu lianna, diÂantarana sikep, paripolah, kawijakan, ajèn inajèn jeung budaya.
Buktina, leuweung anu ditingÂgalkeun pikeun generasi saentasna masih geledegan sarta alam masih dina kaayaan èndah pisan. KabèhÂdieunakeun, Kalimah ieu ditarjaÂmahkeun beuki èndah nyaèta : Di nu Kiwari aya nu bihari, seja ayeuna sampeureun jaga.
Di alam ayeuna aya pagawèan anu ti heula, ti mimit ayeuna samÂpeureun nu bakal datang. Nu dimakÂsud pasti hasil pagawèan anu alus lain anu gorèng komo bari jeung ngaÂrugikeun nagara mah.
Kukituna, aya babasan gajah paèh ninggalkeun gading, maung paèh ninggalkeun belang, manusa maot ninggalkeun ngaran. Urusan ngaran hade jeung gorèng èta mah kumaha pepelakan!