Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

ILMU matematika anu baheula mah dibagi tilu bagian nyaèta al­jabar, geometri jeung aritmatika, anu ayeuna mah geus teu pernah diajarkeun deui, sabab dianggap geus kuna atawa katinggaleun ja­man. Tina sababaraha situs anu kapanggih, salah saurang anu ny­iptakeun malah nepi ka disebut bapana Ilmu Aljabar, Aritmetika jeung Astronomi tèh nyaèta Al- Khawarizmi.

Taya loba nu nyahoeun kana riwayat hirupna. Anjeunna lahir dina tahun 780 masehi atawa 194 Hijriah numutkeun kalender islam sarta pupus saentas 847 Masèhi. Nami lengkep anjeunna nyaèta Abu Abdullah Muham­mad Ibnu Musa, pangna disebut al-Khawarizmi kusabab asalna ti Khawarizm, salah sahiji weweng­kon di Timur Laut Kaspia.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Abu Abdullah Muhammad Musa atawa Al-Khawarizmi di­perkirakeun hirup di pasisian Baghdad dina mangsa Khalifah al-Ma’mun (813-833 M) zaman dinasti Abbasiyyah, Khalifah Al Ma’mun tèh nyobat pisan jeung anjeunna, malah ngajadikeun so­bat dalitna (al-Khawarizmi) jadi anggota Bait al-Khikmah (Wisma Kaarifan) di Baghdad, salah sa­hiji lembaga panalungtikan èlmu pangaweruh anu diadegkeun ku Khalifah Harun ar-Rasyid. Ka­suksèsan al- al-Khawarizmi dina widang Astronomi jeung Aljabar, tur diajangkeun pikeun Khalifah al-Ma’mun, sawatara Khalifah al-Ma’mun sorangan rèa mere panghargaan ka al-Khawarizmi.

Ku èlmu Astronomina, an­jeunna bisa mukakeun ngeunaan waktosna Kangjeng Nabi Muham­mad SAW kalayan bener, malah inyana ogè kacatet minangka salah saurang anu nyieun peta dunya pamèntana Khalifah al- Ma’mun sarta satuluyna peta èta kakoncara ku ngaran Peta Ptolemy. Karya intelèktualna ngeunaan Aritmetika jeung Al­jabar jadi sumber Ilmu Matema­tika di beulah Barat (Kulon) jeung Timur (Wètan). Malah salah sau­rang panulis sajarah Matematika moyan, George Sarton, nyebut­keun yèn al-Khawarizmi salah saurang Ilmuwan Muslim panga­gungna jeung panghadèna dina mangsana.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Sarton ngagolongkeun yèn periode antara Abad kaopat nepi ka lima minangka Zaman al-Kha­warizmi, kusabab anjeunna ahli matematika panghadèna dina mangsa harita. Tulisanana ngeu­naan asritmetika dina basa Arab munggaran ditarjamahkeun kana basa Latin mibanda lalakon pent­ing dina kamekaran wilangan Arab jeung sistim bilangan anu diterapkeun manga kiwari.

============================================================
============================================================
============================================================