Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

“LAMUN keur hujan kieu tèh jadi in­get ka lembur,”ceuk Mang Kurdi ka baturna, Sahim, bari panonna teu leu­pas tina cihujan anu ngeclak tina tung­tung hateup saung tempat ngiuhan.

“Lembur anu mana Mang, pan lembur pamatuhan urang mah di dieu, lin,” tèmbal baturna. Panonna neuteup kosong ka jalan anu geus mimiti simpè.

“Lembur baheula bali geusan ngajadi,”Mang Kurdi ngaheruk, pikira­nana ngambah ka hiji lembur mangsa dirina dilahirkeun jeung digedèkeun. Seger kènèh dina ingetanana, mangsa keur usum hujan siduru di hareupeun hawu, bari ngasur-ngasur suluh.

Indungna ngabubuyu sampeu jeung bolèd dina lebu. Sawatara di luhureun hawu, indungna keur na­gogkeun sèèng, kadèng keur sahèng, pare anyar meunang kakara panèn pisan.

Teu lila kurutak bapana datang bari mawa lauk jaèr meunang mere­sihan. Teu make jas hujan, ukur ditu­dung paragi ka sawah.

“Hèsè geuning lauk emas mah, ukur jaèr nu daèkeun tèh. Tah geura beuleum. Emana geura nyieun sambèl cobèk,”ceuk bapana bari ngasongkeun lauk ka anakna. Teu lila bapana ka luar deui, ngala wudu rèk shalat Ashar.

Sanajan ukur jeung cobèk jaèr, sanguna pare anyar, karasana tèh ni’mat pisan. Manjing ka magrib, ba­baturanana nyampeur ngajak shalat berjamaah magrib di masjid bari tuluy diajar ngaji di Haji Unus.

Balikna ngabring bari mawa obor karari, ting alabring dina galengan sawah. Mangsa keur perè arulin ka kontrak karèt ngadon ngarorotèk bari sakalian marak di Curug Pangantèn. Sanajan ukur meunang bogo, tapi bungahna tèh nataku.

BACA JUGA :  Kecelakaan di Sintang Truk Tangki dan Motor Tabrakan, Tewaskan 2 Emak-Emak

Di lembur, sagalana teu kudu meuli, perlu cèngèk kari ka buruan, deungeun sangu kari ka balong, atawa ngurek belut di galengan sawah. Tapi kiwari sagalan geus robah, sawah anu baheula paragi ngala belut, geus robah jadi komplèk paimahan, jeung ruko, kaasup anu manèhna, sawah warisan.

Kulantaran indungna gering, sabagèan sawah tèh dijual pikeun uubar, saentas bapana ninggalkeun, katarajang malaria. Kurdi teu kungsi namatkeun sakolana da bèakeun waragad. Titinggal kolotna anu teu sabaraha dijual pikeun meuli motor, ngojèg.

Sabab saentas kawin mah kakara karasa kumaha beuratna nganafkahan pamajikan. Lamun keur ngamimitian ngojèg bisa mayaran kiriditan motor jeung aya bawaeun ka imah, ayeuna mah keur bawaeun balik ogè mani seuseut pisan.

Untungna kiriditanana geus bèrès. Nu nurutan ngojèg beuki loba. Sapoèna paling kabagèan tèh ukur lima balikan, saentas dipotong dahar jeung meuli bèngsin, nu kabawa tèh ukur tilu puluh rèbu, tara pernah leu­wih, kurang mah remen pisan.

Komo mangsa keur usum hujan kawas ayeuna, jalma tèh loba anu re­sep cicing di imah. Harorèameun rèk kaluarna ogè. Komo deui anu loba bèas sarta duitna rèa. Balanjana tèh cukup dua minggu sakali.

BACA JUGA :  Tuban Jatim Diguncang Gempa M6,0, Terasa hingga Semarang

Padahal ceuk itungan mah, mawa ka imahna tèh lima puluh rèbu, keur ongkos budak sakola jeung dahar sapopoè. Rèk kumaha deui, beubeu­nangan anu teu sabaraha tèh kapaksa kudu dicukup-cukupkeun.

Pernah pamajikanana dadagan­gan, teu gèdè. Tapi saentas di deukeut gang ka imahna, aya toserba kapaksa ditutup. Sabab geuning urang lem­bur ogè ayeuna mah, baralanjana tèh ka mini market, sanajan ngan saukur meuli uyah wungkul ogè.

Nu pangpentingna mah ongkos sakola barudakna. Ulah nepi ka teu bèrès kawas dirina. Urusan dahar, pikeun manèhna mah, teu jadi pasua­lan gèdè. Malah remenna mah, puasa. Dina daharna ogè cukup sakali sapoè­na. Kitu ogè reremenna mah ukur seupan sampeu, asal kaeusian jeung ulah asup angin wè.

“Mang…mang tuh aya panump­ang. Lain bagèan Mamang ayeuna tèh nya,”Sahim ngèlingan ka Mang Kurdi sabab rentang-rentang aya nu turun dina angkot. Nu digentraan teu nga­jawab, sarè jigana mah sabab hawa kacida tirisna, hujan teu eureun-eu­reun ti isuk kènèh.

“Mang aya panumpang tuh,” Sahim panasaran , tuluy ngalieuk ka baturna.

“Mang Kurdi,” Sahim ngagoak, sabab mangsa diguyahkeun, kalahka ngageledag kana palupuh saung paragi nu ngarojèg ngètèm. Nu sèjèn nyalampeurkeun, bari nanyakeun aya kajadian naon. Teu lila nu aya didinya tinggerendeng, ngucapkeun Innalillahi Wainna ilahi rojiun.Aya nu ceurik, aya ogè anu saukur rambisak. (*)

============================================================
============================================================
============================================================