Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

satempat biasana jadi ciri ngaran wewengkon, kay­aning Cianjur kawèntar ku tauco­na, Bandung, peuyeum, jeruk ti Garut, Ciamis mah salian ti kècap tèh aya galèndo sagala. Anu dise­but galèndo tèh nyaèta sèsa ata­wa hampas nyieun minyak kele­tik, mun pareng keur lapar, kari dicèngèkan jeung di gula beu­reuman saeutik, jadi wèh sambel galèndo, rasana pelem pisan, da­harna matak ponyo komo lamun diawuran ku empal mah.

Bogor, sanajan loba tapi anu ngajomantara baheula mah aya dua, ganas (danas) jeung taleus. Ngan kabeulahdieunakeun ganas ti Gunung Salak tèh geus mimiti kurang, ari taleus mah rasa loba kènèh pisan nu daragangna. La­mun teu di Jalan Otista di Jalan KH. Abdullah bin Nuh, atawa di jalan sapanjang komplèk paima­han Yasmin ogè aya anu dagang.

Malah ayeuna mah geus aya kamonèsan sèjèn tina taleus tèh, diantarana dijieun coklat jeung dodol taleus, hanjakal produksina teu pati loba, ukur ngalayanan pesenan wungkul kitu ogè teu bisa loba, sabab ceuk selenting bawan­ing angin, kolèpat bawaning kilat, modal jeung bahan pikeun nyieun dodolna, taleus tèa rada hèsè nèanganana. Puguh wè sakuduna mah jadi pamikiran tah pikeun anu boga kawijakan tèh, lamun di Bo­gor sorangan anu katelah ku pan­ghasil taleus geus hèsè nèanngana­nana, kumaha di kota lian.

Sakuduna aya perhatian ka dines anu mayungan urusan tata­nèn sangkan dihangkeutkeun melak taleus, geus kitu bantuan tah UKM anu ngahasilkeun dodol taleus tèa, boh modal atawa pamasaranana. Sabab ceuk anu kungsi ilubiung, pangrajin tèh ngan saukur digigiwing kaditu-kadieu, diajakan pamèran, tapi saeunggeus loba anu pesen, kalahka diantepkeun, atuh jadi kalahka baringungeun anu aya, timana keur meuli modal jeung ngagajih nu gawèna?

BACA JUGA :  Bima Arya Ajak Ratusan PKWT Ngaliwet, Siap Perjuangkan Kesejahteraan

“Lamun ngan saukur digigi­wing diajak nembongkeun hasil produksina anu satuluyna diaku jadi binaan maranèhanana mah bari dicurlaurkeun, nya ngeu­nah èhè teu ngeunah èon. Mara­nèhanana mah seungit, sawatara kahirupan pangrajin angger wè kudu usaha sorangan,”ceuk salah saurang pangrajin. Enya kitu, duka tèh teuing. Tapi sapirakuna lah, sabab jalma leutik mah biasa­na sok jujur, teu cara anu di da­rasi, kacida pinter jeung ahli dina minteran batur. Komo palebah ngalèokeun omongan mah, wah jagona, sanajan enggeus kadèsèh ogè masih kènèh boga ojah, ki­tuna tèh bari nunjuk widang nu sèjèn, anu cenah leuwih “berkom­peten” kana urusan èta.

Alusna mah mangsa rèk di­istrènan, disumpahna tèh kudu rada heuras. Lamun kuring nga­gunakeun jabatan pikeun makaya sorangan jeung nu lian (kaasup atasan) sakulawarga kakeunaan panyakit kesrèk, hè..hè..hè. Si­gana lamun kitu mah moal aya nu wanieun korupsi, atawa nyalah­gunakeun wewenang.

Anu kawilang kawèntar (ka­daharan) tapi teu nepi ka ciri hiji kota, diantarana leupeut kaluaran Maseng. Pikeun urang Bogor mah leupeut jieunan urang Maseng tèh kungsi jadi babasan. Lamun aya awèwè anu awakna sèksi (deukeut ka gembrot), sok disu­rupkeun kana leupeut Maseng.

BACA JUGA :  Menu Makan Spesial dengan Nasi Goreng Kari Cumi yang Lezat dan Sedap

“Awakna tèh kawas leupeut maseng,” cenah. Maksudna mah salian ti gedè, eusina padet jaba leupeut Maseng mah rada bèda jeung leupeut buatan urang Mar­gajaya, sanajan bahanna sarua tapi rasana angger wè bèda. Uru­san leupeut ogè sok dijarualan di tempat hajatan, anu bungbuna dibungkus ku Koran sacewir.

Di Jambatan Mèrah ogè aya, nu dagangna nini-nini urang Petir Dramaga. Nempo sarèatna mah matak pihawatireun, geus kolot pisan daèk kènèh nyiar nafkah. Tah sabenerna nu kieu Kartini saben­erna tèh, geus sakuduna pamarèn­tah mere panghargaan, sabab teu gumantung kana pamèrè ti batur, kawas nu baramaèn. Meureun pentingna para pajabat turun ka handap tèh, salah sahijina ngaroris kaayaan wargana sangkan nyaho, ulah ngan aya perluna wungkul, geus kapilih mah mangsa dion­dang hayoh wv diwakil-wakilkeun.

Jadi urusan leupeut tèa, anu sakanyaho tèh aya dua, leupeut Maseng jeung leupeut Petir, tapi di tempat sèjèn ogè pasti aya nya ! Kitu ogè, alusna mah study banding ka tempat sèjèn bari jeung waragadna badag, kudu aya hasilna. Lain ngan saukur pikeun “pelesiran” wungkul. Sa­bab tibatan kikituan mah mend­ing dibeulikeun alat seni tradisi pikeun seniman, bakal karasa mangpaatna nya !!! (*)

============================================================
============================================================
============================================================