Hariring-Dadang-HP

Ditulis oleh: DADANG H PADMADIREDJA

INGET kènèh dongèng Lutung Kas­arung anu baheula mah sok dipin­tonkeun dina gending karèsmèn,. Ki Madi nanya ka kuring basa pa­panggih di perpustakaan Kota Bo­gor. Harita meneran kuring keur nèangan buku-buku dongèng.

Kuring gideug, da saenyana teu apal, sabab asa geus heubeul pisan teu pernah ngadèngè dongeng anu asalna ti karuhun sorangan. Baheula mah keur sakola kènèh di SMP, asa rada rada remen maca legenda kawas kitu tèh, da di per­pustakaan sakola balatak. Katam­bah saminggu sakali di lembur sok aya pintona tunil, anu sutradarana Mang Emod, caritana anu digarap­na Lutung Kasarung. Anu teu per­nah poho maha kana bodoranana, Mang Sadut. Na kupinter-pinter teuing atuh ngabodorna tèh, nepi nu nongton ager-ageran.

.Beuh, kumah rèk ngawar­iskeun dongèng ka barudak atuh lamun di dinya waè teu apal. Naon anu rèk dicaritakeun, padahal tina dongèng-dongèng baheula tang­tuna aya pesen moral anu bisa ditepikeun,.pokna daria.

.Percumah Ki, barudak ay­euna mah leuwij resep kana kar­tun buatan bangsa deungeun kayaning sincan, ipin Upin, Dora Emon,.cèkèng tèh.

.Har? naha carita rahayat sorangan henteu pikaresepeun kitu ? Padahal lamun digarapna hade, daria pastina ogè ditarong­ton ku barudak, Ieu mah, budak urang tèh hayoh dicekokan ku pikiran-pikiran, kabiasaan bangsa deungeun anu can tangtu saluyu jeung banga urang..

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

.Tah kumaha ngeunaan dongèng Luting kasarung tèh, Ki?.. Ki Madi teu buru-buru nèmbalan, hayoh kalah peureum salila-lila, jigana mah keur nginget-nginget. Tapi teu burung ogè anjeunna nyarita. Dongèngna tah kieu. Di Jaman baheula, aya hiji raja anu adil tur wijaksana ngaranna Prabu Tapa Agung. Raja èta tè boga anak tujuh awèwè kabèh nyaèta, Purbar­arang, Purbadewata, Purbaendah, Purbakancana, Purbamanik, Pur­baleuih, jeung Purbasari anu pangbungsuna. Nu pangcikalna,

Purbararang geus papacangan jeung Raden Indrajaya, anakna salah saurang pangagung karajaan. sanajan Prabu Tapa parantos sepuh tur pantesna mah, Pubararang jeung Indrajaya dibèrè kapercayaan pikeun nyekel kakawasaan. tapi henteu kitu ieuh. Kusabab anjeu­nan cangcaya jeung kurang panuju kana sikep jeung paripolah Pubara­rang dianataran kejem, gedè hulu jeung adigung, ari papacanganana, indrajaya tèa, tukang dangdan, gumasèp. Tibatan mikirkeun nag­ara leuwih resep ngurusan pakèan jeung perhiasan.

Ningali kaayanana kitu, geus pasti Raja Agung tèh bingungeun pisan, hiji peuting anjeunna ngim­pi kadatangn Sunan Ambu, sarta marèntahkeun sangkan manèhna ninggalkeun Istana, tur karajaan dipasrahkeun ka Purbasari..

Kajadian èta tèh dicaritakeun ka anak-anak jeung sakabèh pan­geusi istana, nu sèjèn mah barun­gaheun, iwal ti Purbararang anu ambekeun. Singget caritana ku pokalna Purbararang jeung Indra­jaya , kulit Purbasari jadi pinuh ku korèng tur diusir ti Istana. Sunan Ambu ahirna ngutus Guruminda, putrana sina nyaru jadi Lutung Kas­arung. Tah ahirna, Pubasari cageur deui, sarta Lutung Kasarung anu ngajanggèlèk jadi satria kusabab tètèla Pubasari tèh bogoheun ka manèhna sanajan wujudna Lutung.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

.Kasimpulanana, asih ihlas tur bijil tina sanubari anu suci bisa ngèlèhkeun sagalana,. saur Ki Madi mungkas caritana.

.Kiwari mah nu aya ogè sanès Lutung Kasarung Aki, tapi lutung disarung, buntutna ogè lain di tu­kang tapi di hareup,.cèkèng tèh mairan.

.Muhun, disarung tèh ngaha­jakeun dirina ancrub kana jurang kanistaaan, sanajan nyaho yèn èta tèh salah, lantaran kaberung ku nafsu tèa, kayaning korupsi gasab kana barang batur. Buntutna di­hareup tèh maranèhanana geus teu boga kaèra, kagorèngan tèh ditembrakeun, aèb anu sakuduna disumputkeun, hayoh ngadon ditèmbong-tèmbongkeun, taya kaèra pisan..

Kitu ogè dina papakèan, sa­galana mani dibukakeun, dimu­rah-marèh pisan. Padahal pak­èan jeung budaya ciptaan bangsa deungeun tèh can tangtu payus keur bangsa urang, èh ieu mah mani asa pangmodèrènna lamun geus make tur lumampah kawas kitu. Malah jigana tèh, budaya hirup teu kakurung ku nikah, alias kumpul kebo tèa geus mimiti nga­raksuk. Bari jeung teu euleum-euleum diaku terus terang deuih. Hasil korupsi dipakè babancakan nepi ka urusan hukum siga teu ma­ju-maju. Geus salapan bulan tacan aya hasilna !

============================================================
============================================================
============================================================