Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TAS milu ngurebkeun nu mu­lang ka alam kalanggengan, nga­deuheus pamundut Nu Maha Suci, kalahkan ngahuleng salila-lila. Dina jero hate norowèco, asa teu percaya. Sabab lamun nempo sarèat mah, asa pimohaleun mi­heulaan kuring.Umurna sahan­dapeun, aya kana 20 taunna. Awakna jagjag waringkas, sèhat keung ngeusi, sabab rajin pisan olah raga.

Ceuk pangakuanna mangsa aya kènèh, saentas shalat Subuh berès ngaderes tèh, sok terus olah raga, lumpat aya kana lima kilo­na, ditambah ku olahraga sèjèn, lamun teu badminton, futsal. Atuh kadaharanna ogè pastina nu aralus, pinuh gizi, sabab salian ti jalma aya, beurat beunghar resep pisan macaan artikel anu rèa pak­alitna jeung kasèhatan.

Dina rak bukuna, pinuh ku buku jeung majalah kasèhatan. Kitu ogè pamajikanna hideng pisan, lamun aya bèja atawa tu­lisan dina koran anu aya pata­lina jeung urusan èta, gancang digunting, dikliping dina buku gambar, rapih pisan.

“Kamari wengi mah teu nan­aon, namun saatos maèn futsal tabuh sawelas wengi, saurna asa teu raraos. Nya ku abdi tèh dikero­kan, bilih lebet angin. Tabuh satu wengi utah-utahan, teras dican­dak ka rumah sakit, namung teu acan ogè dugi, tos ngntunkeun,” ceuk pamajikanna, bari rambisak.

Enya ngama’lum kituna mah, saha anu teu nalangsa diting­galkeun ku jalma anu dipikacinta bari ngadadak pisan. Pastina ogè asa dipiteskeun jangjang. Kamai aya kènèh, ti mimiti peuting ay­euna jeung saterusna bakal sarè jeung hirup nyorangan. Sagala bangbaluh jeung pasualan dunya tèh bakal dihareupan sorangan.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Panyababna ceuk nu rada ngarti mah, angin kadalon cenah. Ah duka teuing atuh, meureun mana kitu ogè geus nepi ka wak­tuna, lalakon kumelendang di alam dunya ukur nepi ka lebah dinya, saterusna ngambah alam pangbalikan anu geus pasti salil­ana. Sabab pan di dunya mah tempat pangumbaraan.

Palebah dieu, hak preogratif Allah Nu Maha Kawasa lumaku, teu bisa diveto jeung dihalang-ha­lang. Rèk budak, kolot, rumaja, lamun geus waktuna mah nya los baè. Sanajan umurna geus kolot, katempona ripuh pisan, ceuk paribasana mah sagalana geus dilaksanakeun dina tempat sarè, ti mimiti dahar nginum, kaham­pangan, kabeuratan, sarta mènta unggal waktu sangkan dicabut umur, tapi lamun Nu Ngagaduhan Lalakon tacan ngersakeun mah, wayahna, teu bisa kukumaha. Sabab maot, hirup bagya cilaka, lain urusan manusa. Lamun keu­keuh maksaleun hayang maot, ku carana sorangab nya meureun teu kaasup jalma anu iman.

Lamun geus ngagolèr, ngag­ogojod teu usik teu malik, naon deui anu rèk disombongkeun nya.Urusan waktu jeung tempat maot, Allah teges pisan dina Su­rat Annisa 78, anu eusina nyebut­keun yèn dimana waè mahluk ayana, maot bakat daratang ka maranèh, sanajan aya dina jero bentèng anu tohaga, sarta lamun maranèhanna meunangkeun ka­hadèan, maranèhna bakal nyari­ta, Ieu ti Allah sarta lamun meu­nang kamusibahan maranèhna ngucapkeun ieu (datangna) ti Muhammad.

BACA JUGA :  Rekonsiliasi Tokoh Politik Bumi Tegar Beriman, Jelang Pilkada 2024 Pajeleran dan Bilabong Kian Harmonis

Caritakeun, yèn sakabèhna (sumping) ti Allah. Terus kunaon jalma-jalma anu èta (munafik) henteu ngartieun kana eusi anu dicaritakeun saeutik ogè? Kitu ogè dina Al Jumuah ayat 8, jelas pisan dawuh Allah SWT, pok caritakeun saenyana maot anu maranèh bakal bisa lumpat tina èta, satemenna bakal daratang manggihan maranèh, sarta ma­ranèh bakal dibalikeun ka (Allah) anu ngawasaan nu jeung nu nyta. MantenNA, bakal nyaritakeun ka maranèh anu geus dipigawè ku maranèh kabèh.

Dina sababaraha hadist ngeu­naan maot ieu atra piasan dianta­rana dina Hadist Riwayat Ahmad nyebutkeun yèn maot ngadadak mangrupa hiji kabagyaan pikeun jalma anu iman (mukmin) sarta kacida hanjakalna pikeun anu jalma-jalma doraka. Jadi lamun kitu mah, jelas urang kudu sala­wasna ngajaga kaimanan jeung ngalaksanakeun parèntahNA, bisi maot datang teu disangka-sangka waktuna.

Kitu ogè ulah nepi ka aya jalma anu hayang maot kusabab kasusahan anu dirandapanna. Lamun tèa kudu nyarita cukup ku ngadu.a “Ya Allah, tetep hir­upkeun kuring salila kahirupan ieu alus pikeun diri kuring, sarta maotkeun jisim kuring lamun èta hade pikeun diri kuring (HR. Bukhari). Ogè ulah maot dina kaayan gorèng sangka ka Allah sakumaha dawuhan Kangjeung Rosul dina hadist Muslim. Ulah maot iwal tu diba kaayaan alus panyangka ka Allah. Mugia !!!

============================================================
============================================================
============================================================