Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

“APAL teu ka Jalan MA. Salmun?” ceuk Mang Tatang basa papang­gih di musholla. “Nya apal atuh Mang, èta nu di tangkal Asem tè lin?” “Enya bener, nyaho saha an­jeunna?” Kuring gideug. Nempo jawaban kuring kitu, derekdek wè, Mang Tatang tèh nyaritakeun sajarahna kawas dihandap ieu. Salah sahiji jalan di Kota Bogor.

Tegesna ti mimiti Pabrik Gas nepi ka tonggoh dingaranan Ja­lan M.A. Salmun. Sanajan unggal poè kaliwatan ku balarèa, pareng ditanyakeun saha ari Mas Atje Sal­mun tèh, rupana teu sakabèh anu laliwat ka jalan èta nyarahoeun, sabab arang pisan anu nyariat­keun saha mantenna.

Dumasar kana bèja ti inter­net, M. A. Salmun Raksadikaria, lahir di Rangkasbitung dina tang­gal 23 April 1903, sarta pupus di Bogor dina tanggal 10 Pebruari 1972, layonna dikurebkeun di TPU Blender Kebon Pedes, Kaca­matan Tanah Sarèal Kota Bogor.

M.A Salmun tètèla salah saurang pujangga moyan sarta mibanda pangawasaan sastra boh basa Indonesia jeung Sunda anu taya tandingna nepi ka wangkid kiwari.

Mas Acè kacida mahèrna mangsa ngahadirkeun kaayaan dina tulisanana noh anu mangru­pa novel, roman, wawacan sarta puisi dina basa sastra anu sakitu luhurna. Sepuh pamegetna nyaè­ta Mas Abusaid Rakyadikaria, nyangking jabatan janten Asisten Wedana Pabyosongan Kabupaten Serang, Banten.

Paribasa buah ragrag moal jauh tina tangkalna, saluyu pisan keung mantenna, sabab Mas Abusa’id Rakyadikaria. mangsa rumajana, salian ti panari anu moyan ogè panulis naskah sandi­wara, kitu ogè ibuna.

BACA JUGA :  Makan Banyak saat Lebaran Naikan Berat Badan? Ini Dia 5 Minuman Bantu Turunkan BB

Nyi Mas Samayi sanajan teu kungsi sakola tapi pinter maca tu­lisan dina hurup Latin, Jawa, Sun­da sarta Arab. Kulantaran percè­ka dina basa Sunda, Jawa, Kawi, srta lancar bahasa Melayu, man­tenna kènging gelar ahli basa.

Salian ti èta kacida faham. tia­sa nyarios basa Arab jeung Tion­ghoa tur rada ngawasaan bahsa Walnda. Teu anèh mun ibuna MA. Salmun jadi tempat panan­yaan sarjana-sarjana Belanda.

Dina mangsana, taun 1970-an, Salmun beunang disebutkeun ahli sastra anu kawilang produk­tif, sanaos paningalna rada ka­ganggu, sarta mèh teu ningali, mantenna tetep nyerat. Karyana anu mangrupa dangding jeung carita pondok (carpon) remen diterbitkeun dina Volksalmanak Soenda jeung Majalah Parahiangan terbitan Balai Poestaka.

Salian ti èta, mantenna ogè nulis wawacan, gending kares­men, bahasan (essay), roman, sajak-sajak jeung nu lianna. M.A. Salmun mimiti ngarang kalayan daria tur dikirimkeun ka Balai Poestaka sawaktu dines di Tan­jung Karang di Kantor Kantor Pos dan Telepon-Telegrap (PTT). Tapi bukuna anu munggaran nyaèta Moro Julang Ngaleupaskeun Peusing (1923) jeung Sungkeman Gelung (1928) henteu diterbit­keun ku Balai Poestaka.

Dina taun 1938. mantenna diajak ka Sidang Pengarang Soen­da, Balai Poestaka. Mangsa harita geus medalkeun wawacan dianta­rana Ciung Wanara (1939), Mund­inglaya (1940), Ekalaya Palastra (1940), Asmarandhana (1942) jeung Goda Rancana (1942).

BACA JUGA :  Ini 5 Oleh-oleh Khas Bogor, Cocok Buat Dijadikan Cinderamata

Dina taun 1943 Salmun kaluar ti Balai Poestaka satuluyna jadi pagawè tinggi Pamong Praja di Banten, tapi balik deui dina taun i (1948-1951). Saentas di Ba­lai Poestaka. medalkeun buku Padalangan Pasundan (1949), nyutat tina Mahabharata (1950), Wawangsalan Jeung Sisindiran beunangna Mas Adiwinata jeung Raden Bratakusumah jadi Sisindi­ran dina taun 1950 sarta Gogoda Ka Nu Ngarora (1951).

Sakaluarna (deui) ti Balai Peostaka, anjeunna jadi pagawè tinggi di Departemen Sosial nepi ka pangsiunna. Salian ti èta, man­tenna ogè kungsi ngadosènan samangsa Fakultas Sastra Univer­sitas Indonesia Jakarta muka Ku­liah Bahasa Sunda dina taun 1951.

Dina urusan Sastra Sunda, MA. Salmun kawilang aktif, hu­susna dina Konperensi Basa Sun­da di Bandung pada tahun 1952. Konperensi ieu ngalahirkeun Lembaga Bahasa dan Sastra Sun­da (LBSS). Dina saban kongrèsna, remen jadi panyatur ngeunaan basa dan sastra Sunda, boh ngeu­naan kamekaran atawa halangan harunganana.

“Panjang kènèh Mang lala­konna tèh?” “Beuh èta tèh kakara sapotong atuh, kè isukan urang tuluykeun deui,”tèmbalna tèh bari tuluy ngajingjing cai ka kid­ulkeun.

“Beuh atuh kaya kieu mah jadi gantung dèngèeun Mang?” cèkèng tèh bari tuluy ka jero, tu­luy nyokot pulpèn sarta nulis …

(Hanca)

============================================================
============================================================
============================================================