Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BASA maca dina Koran sababaraÂha bulan kaliwat, aya urang CioÂmas, salaki pamajikan anu ngaÂhajakeun ngajual orokna nepi ka tilu kalina, puguh wè Mang Tatang nepi nepak tarang sababaraha kali. Koran Bogor Today, dibaca nepi sababaraha balikanana, naha kajadian èta bener di BoÂgor? Komo saentas dicaritakeun yèn èta salaki pamajikan tèh, teu apaleun ka saha ngajualna.
Anu ngandung harti, tali baÂtinna tèh bakal pegat, pastina teu nyahoeun kamana mapay raratan kocoran getihna. Sanggeus yakin yèn èta bèja dina Koran tèh bener pisan, kakara anjeunna nyariÂtakeun kajadian èta ka nu keur baralanja di warungna.
“Asa ku araranèh nya, kaayaan di wewengkon urang tèh, anak sorangan dihargaan kawas anak hayamâ€ceuk Mang Uhi, langgaÂnana, anu harita meneran keur daÂhar wuduk di warung Mang Tatang.
Manèhna inget pisan yèn aya babaturanana, anu uubar nepi ka luar nagri sagala, kusabab aya paÂsualan dina urusan èta, sanggeus mangpuluh-puluh taun, can boga katurunan.
“Enya dina Koran dicaritaÂkeun, lain ngan sakali waè deuih, nepi ka tilu kalina. Hartina ieu mah ngahaja nyieun pikeun dijual. Dimana atuh nya rasa asih ka anak anu dipaparinkeun ku Gusti Allah ka manusa tèh? geus leungit kaÂhilian ku kabutuhan dunya,â€ceuk Mang Tatang.
Ieu kitu anu disebut jahiliyah modern tèh? Lamun di nagara Arab baheula, sateuacan babar Kangjeng Rasul, Nabi Muhammad SAW, mangsa boga anak awèwè tèh beunang disebutkeun meuÂnang aib, nepi ka dikubur hirup-hirup, ayeuna mah tètèla leuwih ti kitu. Loba indung anu maèhan anakna sorangan, naha awèwè atawa lalaki, boh ku jalan dipiceun ka walungan, wadah runtah atawa digolèrkeun di sisi jalan.
Geus kitu, manusa jaman kiÂwari ahlakna tèh sigana leuwih beÂjat tibatan sato, loba kabèjakeun barudak rumaja dijarualan pikeun dijadikeun pagawè sèks. Kiru ogè, aya bapa anu “ngahakan†anakna sorangan, nepi ka aya istilah, CuÂnak, nya incu nya anak.
Lamun kitu mah, kalakuan Raja Leuweung tèh, dièlèhkeun ku manusa. Sabab ceuk manusa sorangan, sagalak-galakna maung tara ngahakan anakna.
Sawatara manusa, anu dibèrè akal, pamikiran ku Allah, (saÂbab èta pisan anu ngabèdakeun darajat manusa jeung sato tèh) geuning geus kaleungitan akalna. Galak kènèh manusa tibatan Raja Leuweung. Kitu ogè dina urusan barang dahar.
Lamun Raja Leuweung mangÂsa lapar, ngagalaksak sasatoan boÂgana manusa tèh cukup hiji, tina sakandang. Tapi manusa mah, sakandang dibèakeun kabèh. Salian ti èta, sato mah tara ngaÂhakan barang teuas.
Manusa? ti mimiti aspal beusi beton, semen, keusik hayoh digayÂem. Nepi loba wangunan anyar jeung jalan, geus ruksak samèmèh mangsana. Pastina nu kitu mah, aspalna dikurangan, keusikna dicampur leutak, beusina dileutiÂkan (make beusi kurut sakapeung mah), kacana diipisan.
Nu ngadalaharna, nya manuÂsa, boh urang jero jeung urang luar. Kituna tèh bari silih kiceuÂpan, duanana api-api teu nyaho. Sarta mangsa kanyahoan, lamun teu silih tutupan, nya silih silih salahkeun, kèkèpèhan asa dirina pangberesihna.
Anu nyaho ogè lain kalahka menerkeun, tapi dijieun proyèk pikeun kantongna sorangan bari ngancam. Naha mending dibongÂkar, atawa ………Rèk teu ruksak kumaha atuh, kaayaan di nagara urang tèh, lamun kitu waè carana.
“Nempo kitu mah, sigana tèh bener pisan urang geus aya di panungtungan jaman. Sabab ciri-cirina jelas pisan. Diantarana di jaman kiwari mah, hèsè pisan ngabèdakeun lalaki jeung awèwè. Loba awèwè anu dangdan siga lalaki, pon kitu deui sabalikna,†ceuk Mang Tatang bari mèrèsan piring urut daharna Mang Uhi.
“Bener pisan, Kang, ayeuna mah urang tèh kudu loba istigfar, sabab pidosaeun tèh geus nerekab kamana-mana, unggar ngalèngkah ogè lamun kurang-kurang kaimanÂan mah, sasat jadi dosa, boh gedè atawa leutik. Ah, usaha mah mendÂing kieu, tibatan tupa-tipu mah,â€
†ceuk Mang Uhi, bari tuluy pamitan rèk nuluykeun hanca gawèna, mulungan runtah plastik jualeun. Kalakuan manusa ayeuna èstuning matak ginggiapeun. (*)