Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
DI tengah pasar, nini-nini anu geus lilinieun, leumpang lalaunan bari nyunyuhun nyiru pinuh ku kangÂkung. Hargana ogè teu sabaraha, sabeungkeutna ukur Rp 500 pèrak. Lamun tèa mah dagangan anu disuhunna aya saratus beungÂkeut, meureun beubeunangan kotÂorna ukur Rp 50 rèbu.
Leuheung lamun kangkung ieu meunang ngala ti kebon sorangan, mangsa meuli ti nu lian?Sigana dina keur laku kabèh ogè, batina moal leuwih ti tilu puluh rèbu.
Anu matak hoookeun jeung teu eureun-eureun kekecrek, sanaÂjan dagangna geus jajarigjeugan, bangsa urang, nu meulina, kèlu nawar sarèbu tilu, kituna tèh bari nyarita, kangkungna geus karolot. Geus nawar murah, milihan bari ngomongkeun.
Padahal mungguhing sarèat, nempo kabayana anu geus pinuh ku tatambalan, sarta sampingna lalayu sekar, siga pangutahan laÂlay, sakuduna mah, meulina tèh dileuwihan, itung-itung sidekah ka jalma-jalma nu masakat bari jeung embung punta-pènta siga baraÂmaèn.
Nini Icoh, tukang dagang kangkung anu disebutkeun di luhur, mangsa ditanya tèh salian ti keur dahar dirina, ogè keur jajan incuna cenah.
“Hatè ngarakacak, nempo incu anu gogolèran hayang jajan siga batur. Numatak Nini dagang kangÂkung ogè. Ari keur dahar mah, aya tatanggana nu haat mèrèan, sanaÂjan ngan saukur jeung uyah wungÂkul ogè,â€pokna tèh.
Nyaah ka incu, ngajadikeun Nini Icoh jadi leuwih kuat jeung leuwih ngora tina umur nu saÂbenerna. Sabab mun ceuk sarèat mah, mangsa umur geus tunggang gunung, sakuduna mah geus teu mikiran nu kararitu.
Ceuk dina undang-undang dasar, nu katalangsara kawas Nini Icoh diurus ku nagara, tapi sigana encan nepi ka palebah dinya.
Bandingkeun jeung pajabat anu korupsi gedè pisan, ngagalakÂsak duit nagara (sabagian diantaraÂna hak Nini Icoh) di jero panjarana tèh masih kènèh bisa, “senang-senangâ€, bari angger dilalongok ku urut anak buahna. Ngaranna nu ngalongokna pajabat, geus pasti angkaribung, lain ku babawaan olèh-olèh kadaharan, tapi duit mangpuluh-puluh juta.
Dasarna mangsa si ontohod anu ngaringkuk èta, loba “jasana†ka bawahanna. Lain jasa alus, tapi kongkalingkong keur nganÂcurkeun pamarèntahan. Kusabab sieun dibabawa, nya kapaksa nuÂrut ka jalma salah. Padahal nu kitu mah, nambahan kasalahan anu geus ngagugunung, ngagugunuk dosa heubeul.
Nu penting salamet heula di dunya, teu meunang wiwirang di kolong catang. Su’al ahèrat mah kumaha èngkè wè, kumaha bèhna.
Marukanna “Panon†Allah teu ningali? atawa hatèna geus dipoèkeun. Puguh rada himeng tah, jalma (para pajabat) ayeuna leuwih sieun ku sasamana, tibatan ka Nu Maha Beunghar, Nu NyipÂtakeun jeung Maèhan dirina.
Dunya jeung sagala tipu dayÂana, matak ngusrukkeun manusa ka alam kahinaan, tapi ceuk sabaÂgèan alam kahinaan tèh hiji tempat kani’matan.
Buktina sanajan geus loba conto, para pajabat, anu boga kakaÂwasaan diasupkeun pangbèrokan, korupsi teu eureun-eureun, malah beuki ngalobaan, ti mimiti jumlahna anu leutik nepi ka anu badag pisan.
Teu saeutik anu leungeunna dibangkol bari make jaket oranyÂeu, tapi nu ngantri dipariksa ogè loba, sarta anu nyararumput bari jeung sieun kanyahoan ogè rèa kènèh. Sigana tèh bari degdegan sarta teu bisa sarè tibra.
Padahal tibatan disiksa ku rarasaan bari jeung taya tungÂtungna mah, mending gilig pikeun masrahkan diri, serah bongkokan ngaku salah. Tibatan diudag-udag ku rasa sieun jeung dosa, sabab isuk jaganing gèto angger kapangÂgih ku urusan hukum.
Kitu ogè leuheung mun dipaÂrengan panjang umur, kumaha lamun malaikat maut datang, bari jeung pasualanna tacan bèrès? Harta banda, imah gedong, duit di tabungan bakal ditinggalkeun. Kitu ogè pamajikan anu sakitu geuÂlisna moal daèkeun marengan ka jero kubur.
Malah bisa jadi liwat opat puÂluh poèna mah, geus pohoeun, malah geus mikir-mikir rèk kawin deui. Sabab aya pajabat sèjèn anu leuwih luhur golonganna, leuwih beunghar bari jeung duda, keur ngincer-ngincer-ngincer.
Malah mangsa manèhna hirup kènèh ogè geus sering BBM-man, ngan dirina wè teu nyahoeun, laÂmun pamajikanna kitu.
Ah dunya mah, lamun dipikanÂyaah teuing leuwih ti misti, bakal ngÂabèbènjokeun, bari nyilakakeun nya !