Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SAKABÈHNA, komo anu geus karolot, pastina nyaho dongèng Malin Kundang anu asalna ti SuÂmatra Barat. Dongèng ieu kacida kakoncarana, nyaritakeun hiji anak, Malin Kundang anu teu daèk ngaku ka indungna pituin, dihareupeun pamajikanna pèÂdah papakèanna rudin. Malin Kundang ngarasa gèngsina bakal turun, lamun kudu ngaku aya awèwè tengah tuwuh jadi indÂungna, sabab manèhna geus jadi jalma sugih, beurat beunghar ku harta banda.
Sanajan ku pamajikanna geus diingetan, Malin keukeuh yèn èta awèwè lain indungna. NgaÂrasa nyeri hate, indungna Malin Kundang, ngadu’a ka Gusti Allah, sangkan nèmbongkeun kakawaasÂaan jeung kaagunganNA. Dina saÂbabara surat dina Al Qur’an sarta hadist ditegeskeun ridona Allah kumaha rido kolotna. Ambèk ataÂwa murkana Allah kumaha kaamÂbek indung bapana.
Teu lila, Malin Kundang disuÂpata jadi patung batu, arca. AjaÂran Ki Sunda ogè kitu, malah ceuk Ki Sunda mah, lamun doraka ka indung bapa, kaluhur teu sirunÂgan ka handap teu akaran. LaÂmun èta ninggangna dina tatangÂkalan, kumaha jadina. Siloka ieu lamun dilarapkeun ka manusa, sigana hirupna moal jamuga, teu aya dina karahayuan. Bisa jadi rejekina heureut nepi ka hutang injeum ka ditu-kadieu. Atawa awakna kurang sèhat, gering sauÂmur-umur, harta banda anu meuÂnang ngumpulkeun sakitu lobana tèh, bèak korèdas, nepi ka cicing di tempat anu teu pantes.
Antukan katibanan paribasa sangsara ka kolotnakeun. Ku anak-jeung incuna diantepkeun teu diropèa. Ceuk urang Sunda, indÂung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat. Tah ayeuna mah tinggal mariksa diri sorangan urang aya dina karahayuan (salamet) jeung mibanda darajat (dihargaan batur, lain pèdah beunghar wungkul).
Karahayuan, anu dimakÂsud diantarana naha urang sok migawè kawajiban anu lima wakÂtu, daèk sidekah, nyinglarkeun jeung ngajauhan anu dipahing ku agama jeung darigama? Sabab laÂmun ngarumpak, jelas ngadeukeÂutan picilakaeun, di dunya jeung di ahèrat.
Urang Sunda urang baheula dina mèpèndè budak ogè teu sagÂawayah, sabab yakin pisan ucaÂpan indung tèh mangrupa du’a. Geura wè titènan “kawih mangsa rèk nyarèkeun budak’
Nèngnèlèngkung, geura gedè geura jangkung,
geura sakola di Bandung, geuÂra bisa nulung indung
Sakabèhna mangrupa du’a ti nu jadi indung, gedè jeung jangÂkung, sakola di Bandung. Sabab bisa jadi mangsa kawih ieu dicipÂtakeun paguron luhur anu panÂgkakoncarana, ITB jeung Unpad, anu loba ngahasilkeun jalma-jalÂma anu pangkatna luhur, diantaÂrana Presiden kahiji Indonesia, Ir. Soekarno. Lamun teu daèk sarè, budak biasana diayun dina sampÂing anu ditalian ku tambang dina lawang panto, bari dihaleuangan ku kawih ayun ambing.
Pikeun ngajaga sangkan henteu dicocoan reungit, sakuriling ranÂjang dikulambuan. Ku kamajuan jaÂman ayeuna, asa geus teu manggih, ranjang beusi anu bisa dipakèkeun kulambu. Pikeun ngusir reungit, ku rupa-rupa obat reungit anu geus pasti lamun dipakèna unggal peuting mah matak jadi panyakit. Cara sèjènna, sakur rohangan ( utaÂmana kamar) make AC. Pastina ku remen-remeng teuing mah bakal ngaganggu kasèhatan pernapasan tah. Dina mèpèndè budak ogè rada bèda nu ayeuna mah, make lagu nina bobo anu padalisanna kieu:
Nina bobi, oh Nina bobo
kalau tidak bobo digigit nyamuk
Beu, ambeu. Lamun budakna pinter sarta ngaranna lain Nina, pastina bakal teu panuju.
“Ih ibu mah, pan name tèh AnÂnisa kunaon digentos jadi Nina?â€
Pareng budak teu daèkeun sarè, tengah peuting tèh awakna barèntol, sabab dicocoan reunÂgit, pan didu’akeun ku indungna. Anu pangbahayana deui, lamun indungna (anu ngarora) resep pisan kana band-band sabangÂsaning D’Massive, Ungu, ST 12 sarta nu liana. Ku resep-resepna kana lagu D’Massive nepi ka hiji indung mepèndè anakna ku lagu Cinta itu Membunuhku, anu euÂsina kawas dihandap:
Kau membuatku berantakan
Kau membuatku tak keruan
Kau membuatku tak berdaya.. jst.
Lamun ieu unggal peuting dipakè mèpèndè budak , kumaÂha jadina nya. Pan ucap-ucapan indung tèh bisa jadi du’a pikeun anakna. Pikeun kaum muslimah mah, lamun teu bisa ku nèngÂnèlèngkung, mending ku maca salawat, salian ti alus keur budaÂkna, meunang pahala deuih. TiÂbatan ku anu teu parauguh mah, bisi dituliskeun ku Malaikat. Palia teuing! (*)