Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BIASANA sanggeus saminggu puasa nu baroga duit, atawa pupuhu organisasi, instansi sok ngajak buka puasa bareng. Di sa­babaraha tempat, lain ngan sau­kur ngadahar kolek jeung dahar sangu wungkul tapi sok ditung­tungan ku dikeupeulan amplop.

Pikeun anu baleunghar jeung ngalarti kana hukum agama, bulan puasa tèh bener-bener dijadikeun kasempetan pikeun ngala pahala. Sakumaha dawu­han Kangjeng Rasul dina salah sawios hadist anu diriwayatkeun dina Tirmidzi, sing saha jalma anu mere dahar ka jalama anu (keur) puasa, manhak manèhna meunang pahalana, jeung pikeun (anu narima kadaharan) puasana teu dikurangan saeutik ogè.

Tapi, kètang teu saeutik anu kurang ngarti, puasa tèh ngan saukur dijadikeun muaskeun ka­hayangna salila ieu. Dina bulan puasa tèh, imahna ngadadak di rombak, mobilna diganti atawa nambahan ku modèl pangan­yarna, parabot imahna diganti ku nu alanyar, nepi ka tatangga sabeulahna, ukur rumahuh, bari ngusapan dada. Sabab dua poè samèmèh puasa manèhna walèh nginjeum duit ka tatanggana èta, nginjeumna teu pira ukur dua ratus rèbu pèrak, malah nepi ka rèk nyimpen BPKB motorna, tapi keukeuh teu mere.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Buka bareng geus jadi ka­biasaan anu henteu bisa dileun­gitkeun malah geus jadi budaya, salian ti mageuhkeun silaturahmi ogè pikeun silih simbeuhan reje­ki, nu jamuga nyimbeuhan ka nu masakat. Insya Allah, saur Ustad Yusuf Mansur mah, lain kalahka ngurangan tapi bakal nambahan manglipet-lipet. Dina testimony (nyaritakeun pangalaman) anu dicaritakeun dina sababaraha Koran jeung radio, loba anu meu­nang “kaajaiban” tina sidekah anu geus dikaluarkeun tèh.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

“Kudu yakin sabab èta mah jangji Allah, lain jangji manusa,” saur Ustad Cècèh urang Bojong Gedè basa kuliah subuh. Saur Ustad Cècèh, kautamaan sidekah tèh diantarna, kahiji bisa ngon­dang kana datangna rejeki, sa­kumah firman Allah dina Al Qur’an yèn Manten-NA bakal males ka hamba-hambana ti 10 nepi 700 kaalusan, pikeun jalma anu sidekah. Kadua, pikeun to­lak bala sakumaha sabda Rasu­lullah SAW : Burukeun sidekah, sabab anu ngaranna bahla teu pernah miheulaan sidekah.

Katilu bisa nyageurkeun pan­yakit, kaopatna, bisa nunda ajal (maot) jeung manjangkeun umur , sakumaha dawuhan Rasul , lo­bakeun sidekah. Sabab sidekah bisa manjangkeun umur.

============================================================
============================================================
============================================================