Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SAENTAS Kabupatén Bogor “kamusibahan”, kusabab Bupa­tina, Rachmat Yasin dicereg­deleg ku KPK alatan ngagasab duit nagara mangsa alih fungsi lahan sarta ayeuna ukur dip­ingpin ku Bupati awéwé, Ahad katukang Bupati Subang, Ojang Sohandi ogé ngalaman anu sa­rupa, bédana ukur pasualan anu dipigawéna wungkul. KPK nyeregdeleg Ojang bari nyita barang bukti duit anu gedéna Rp 913 juta dina poé Senen, 11 April 2016, di Kantor Kejaksaan Tinggi Jawa Barat jeung Kantor Kodam Jaya Subang.

Operasi Tangkap Tangan (OTT) atawa cerekdeleg patali jeung pasualan panyalah gunaan anggaran Badan Penyelengga­raan Jaminan Sosial (BPJS) 2014 anu keur dipariksa ku Kejati Jabar. Sakurangna lima urang geus ditetepkeun jadi kasangka nyaéta Jajang Abdul Holik ( JAH), manten Kepala Bidang Pelay­anan Dinas Kesehatan sakaligus kadakwa kasus panyalahgunaan anggaran Badan Penyelenggara Jaminan Sosial (BPJS) 2014; Lenih Marliani (LM), pamajikan JAH; jeung Bupati Subang Ojang So­handi (OJS).Dua urang kasangka séjénna anu narima duit suap nyaéta Devianti Rochaeni (DVR), jaksa pidana khusus Kejati Jabar, tur Fahri Nurmallo (FN).

Di Kota Bogor ogé saayeuna mah keur rada riweuh, sabab geus aya tilu urang (dua dianta­rana PNS) Kepala Dines UMKM, Hidayat Yudha Priyatna, man­ten Camat Tanah Sareal (ayeuna Camat Bogor Barat) sarta sau­rang deui anggota tim apresial Roni Adnan.

BACA JUGA :  Wajib Coba! Menu Makan Siang dengan Semur Daging Istimewa yang Lezat dan Nikmat

Dugaan korupsi disababkeun ayana kajadian anéh dina pang­bayaran taneuh bogana Kawidy­aya Henricus Ang arawa Angka Hong di Jambu Dua anu legana 7.302 meter pasagi anu dibayar ku Pemkot Bogor ahir taun 2014 kaliwat. Tina luas sakitu téh rupa-rupa suratna ti mimiti sert­fikat hak milik (SHM), akte jual beuli nepi ka urut garapan anu legana 1.450 meter persegi sarta harga sakabéhna Rp 43,1 miliar.

Sakumha dijelaskeun ku Pemkot Bogor sorangan yén ta­neuh anu dibeuli éta pikeun PKL sangkan henteu daragang dina trotoar sarta sisi jalan anu balu­karna matak ngamacétkeun Kota Bogor. Sawatara ceuk katerangan DPRD Kota Bogor, anggran anu dihancengkeun pikeun mayaran taneuh éta ukur Rp 17, 5 milyar.

Saentas dipariksa kalayan daria tétéla Pemda Provinsi Jawa Barat nambahan waragad anu gedéna Rp35 miliar tina bagi hasil pajeg kendaraan. Kitu ogé dina parobahan APBD parobahan 2014, disebutkeun anggran pikeun ngabébaskeun taneuh di Jambu dua gedéna Rp 49,5 miliar. Pihak Kajaksaan Negeri Bogor sanajan bari seu­seut seuat léngkahna geus nyita duit anu gedéna kurang leuwih Rp26,9 ti Angka Hong.

“Lamun geus aya tilu urang anu ditahan, naha ngan saukur tiluan ieu ngalaksanakeun ko­rupsi?” ceuk Ugan macaan béja dina Koran anu muncul dina poé éta. Saréréa ogé teu percaya lamun ngan saukur anu tiluan, pastina aya nu lianna pangkatna leuwih luhur jeung leuwih kuat. Kusabab salian ti lila pisan dina méréskeun pasualanna, ogé loba anu ngalontrog ka Kejati Jabar, Kajaksaan Agung malah nepi ka KPK sagala sangkan pa­sualan di Kota Bogor sacepetna dibéréskeun.

BACA JUGA :  5 Manfaat Kubis Merah untuk Kesehatan yang Jarang Orang Tahu

Nepi ka kiwari can aya anu datang bari ngaku salah (mun enya salah) bari negeskeun yén saenyana anak buah mah teu salah, sabab ukur ngalak­sanakeun kawijakan wung­kul. Anu boga tanggungjawab (teuing saha) salian anu tilu urang (sugan aya deui) kalahka silih tunjuk nyalahkeun nu lian, bari kelid nakisan tuduhan anu datang ka dirina. Padahal saluyu jeung motto /sasmita Kota Bo­gor, sakabéhna diperedih sang­kan jujur.

Sasmita di nu kiwari ngan­cik nu bihari séja ayeuna sam­peureun jaga, mun dilenyepan pisan. Nu boga kawajiban, nga­jaga anu geus aya ti heula (anu aralus tangtuna) pastina nu boga kaweangan jeung kawijakan. Salah sahijina Car Free Day anu kiwari geus dileungitkeun.

Seja ayeuna sampeureun jaga lain pikeun di dunya wun­gkul tapi nepi ka ahérat, lamun téa mah di dunya bisa leupas tina jiret hukum, pan di ditu mah, moal bisa nanaon pisan. Manusa mah kari milih, naha sal­amet dunya cilaka ahérat, cilaka dunya salamet atawa salamet dunya salamet ahérat? (nyutat tina sababaraha sumber)

============================================================
============================================================
============================================================