Ditulis oleh: DADANG HP
RADA bingung ogè basa Ki Mardud nanyakeun naon bèdana birokrasi sipil jeung militèr, sabab da saenyana kuring mah teu pernah nyaho pasti kana urusan èta. Ngan untungna kaÂburu aya Ki Sobat, Kang Ujang Asmu anu remen maca Koran, jeung muÂkaan internet, sakurangna rada nyay-nyayan kana nu kararitu tèh, sanaja can tangtu sagemlengna bener ogè. Sabab manèhna ogè lain ahlina, ukur sakadar nyaho sigana mah. MangkanÂing saur Kangjeng Rasul lamun rèk tatanya atawa nempatkeun hiji jalma tèh kudu ka ahlina, lamun henteu daÂgoan wè kaancuranana.
“Ieu mah babalèdogan wè, sugan keuna,â€ceuk Kang Ujang Asmu.
“Enya naon tah?â€cèkèng tèh paÂnasaran.
“Mun nitènan kajadian kajadian anu eunggeus-enggeus jeung caritaan ti sababaraha jalma, bèdana tèh dina militèr mah, taya anak buah anu salah atawa bodo, lamun èta anak buahna nyieun kasalahan, èta kasalahan koÂmandanna cenah. Numatak, lamun aya kasalahan di anak buahna, sok koÂmandanna kahareup, nangkes sagala kasalahan, bari sanduk-sanduk mènta dihampura,â€
“Ari birokrasi sipil?â€
“Biasana sok nyalahkeun bawaÂhanana, ti kepala nepi ka pangÂhandapna. Anu dikorbankeun tèh pagawè panghandapna tèh, malah sok dijieun kèkèsèd. Sabab nu pangÂgampangna tèh, beberesih leungeun bari nèangan embè hideung tèa. Mangsa disusul tepus, alesanana tèh pan juklak-juknisna geus dibèjaan, kitu cenah,â€tèmbal Ki Ujang Asmu bangun nu enya. Rada ngahuleng ogè basa ngadèngè jawaban Ki Sobat tèh. Naha bener kitu, sabab sigana tèh teu sakabèhna kitu, aya ogè diÂantarana pajabat birokrasi anu ngaku yèn kasalahan tèh mutlak kasalahan dirina salaku pamingpin anu kurang mere arahan ka anak buahna. SanaÂjan loba anu neumbleuhkeun ka bawahanana. Dina paribasa Sunda nyebutkeun ciri sabumi cara sadèsa, hartina bèda bangsa bèda budaya atawa paripolahna. Di Nagara Sakura Jepang remen kacaritakeun mangsa aya pamingpin anu gagal dina ngalakÂsanakeun pancènna, biasana sok tuÂluy ngundurkeun diri, malah saking ku èrana, nepi ka hara kiri, maot ku cara maèhan manèh kusabab ngarasa èra. Geus pasti cara kitu tèh teu saluyu jeung adat sarta agama urang, sabab maot dina kaayaan kitu tèh naraka jaÂhanam bagèanana.
Di Malaysia, cenah kitu ogè, laÂmun aya pamingpin anu salah ngitung, atawa salah nerapkeun kawijakan sok buru-buru dititah eureun, dianggapna kurang mampu. Lamun diteruskeun tur meunang tanggungjawab anu leuwih gedè, dianggapna bisa ngabaÂhayakeun. Di urang? rada bèda tah, sanajan nyieun kasalahan, boro-boro ngundurkeun diri, anggursi kalah kasÂrak-kusruk, nèangan pamuntangan. Malah teu saeutik anu ngagunakeun èlmu bangkong tèa, anu handap ditinÂcak, sagigireun atawa satata disieuhÂkeun saluhureun disembah-sembah, sangkan salamet. Geus kitu mangsa nyieun kasalahan tèa, jajauheun tina ngèncagkeun jabatanana.
“Lamun kuring mundur dina wakÂtu kieu, sarua jeung teu tanggung jawÂab, pengecut, lumpat tina tanggung jawab,â€kitu jawabna tèh. Naha enya kitu? Tapi kètang ulah waka suudzon, boa teuing enya niatna tèh kitu. Atawa bisa ogè sieuneun kaleungitan jabataÂnana, sabab lamun geus teu jadi pajaÂbat mah, sagala fasilitas anu dibikeun ku pamarèntah tèh nungtut laleungiÂtan, ti mimiti tunjangan, mobil, jeung nu sèjèn-sèjènna.
Sababaraha kajadian di wewengÂkon urang, leuwih deukeut kana nyÂalahkeun sahandapeun bari ngaguÂnakeun jurus sabun colèk. Teu kudu dibèjèrbèaskeun naon kajadianana, pastina ogè pada apal lah, komo anu sok maraca Koran jeung nongton telÂepisi mah. Salian ti èlmu sabun colèk anu pangmatihna tèh jurus gegerinÂgan, lain ucing gering. Mangsa rèk diÂcalukan ku nu berwajib pikeun nangÂgungjawabkeun paripolahna, hayoh ngadon gering. Padahal alesan èta tèh ukur saheulaanan, teu saendengÂna. Dina enyana ogè, leupas tina jireÂtan hukum dunya, bari ngagunakeun sagala cara, pan di Pangadilan Akhir mah, mangsa biwirna rapet, sungutna dibekem, moal aya nu bisa ngabèlaan. Nu bakal cacarita ukur leungeun jeung anggota awak lianna. Kitu ogè urusan duit bakal ditanyakeun ti mana asalna jeung dipakè naon salila di alam, duÂnya tèh. Moal bakal aya nu kaliwat, sagalana lengkep pisan. (*)