Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

MUDIK (mulang ka udik?, mu­lang ka lembur bali geusan ngajadi) hiji kabisaan rohaka di nagara urang anu geus lumaku lila lisan. Jigana ayana tėh sa­mangsa Islam asup ka Indo­nesia dina abad ka 7 di Samu­dra anu saterusna sumebar ka Malaka ku jalan dagang atawa niaga anu ahirna nepi ka Pulo Jawa. Sajarah ieu dumasar kana bèja ti nagara China mangsa pamarèntahan Dinasti Tang. Bèja èta nyaritakeun ayana ura­ng Ta’shih (Arab jeung Persia) anu nunda ngajorag Kaling anu harita dipingpin ku Ratu Sima dina taun 674 Masehi. Ahli Saja­rah sèjènna nyaritakeun asupna Islam ka Indonesia ti mimiti abad ka 11 Masehi.

Pamadegan ieu didasarkeun kana tutunggul Fatimah binti Maimun anu aya di deukeut Gresik Jawa Timur. Tutunggul atawa Batu nisan ieu aya ang­kaan 1082 Masehi. Pamadegan nu liana nyebutkeun yèn asup­na Islam tèh ti mimiti abad ka 13 Masehi.

Alesanna patali jeung run­tagna Dinasti Abassiah di Bagh­dad (1258), warta ti Marocopolo (1292), tutunggul makam Sul­tan Malik as Saleh di Samudra Pasai (1297), bèja ti Ibnu Bat­tuta (1345). Patanyanna naha, di jaman Lebaran harita geus aya kabisaan mudik? Sigana tèh acan, sabab salian can pati loba jalma anu ngalumbara, pangeu­si nagara ogè tacan pati loba. Kabiasaan balik ka lemburna, asana tèh saentas loba jalma anu ngalumbara ka kota pikeun nèangan pagawèan, atawa sa­bab sèjènna.

Mudik, tètèla pasualan anu kacida dariana, sabab ampir unggal taun pamarèntah nya­diakeun palayanan, ti mimiti menerkeun jalan anu bakal dili­watan, mariksa kendaraan, ter­minal, stasiun, bandara jeung nu liana, sangkan sakabèhna lancer. Kitu ogè pihak kapoli­sian nyiapkeun pos pangaman­an di unggal tempat pikeun ngajaga kaamanan. Ah, pokona sakabèhna milu mikiran.

Hanjakalna dina urusan ngomèan jalan, sagalana sarwa didadak, dihadèanna deukeut kana rèk marudik, padahal nu ngaranna mudik geus aya ti ba­heulana, sarta sakuduna mah, sakabèh any bakal kajadian geus diantisipasi, ulah nepi ka­jadian deui. Numutkeun bèja tina Koran, palaksanaan mudik taun ieu pangripuhna diband­ing taun samèmèhna, boh dina tingkat kamacètan, jumlah kor­ban jeung nu liana.

Tapi nya kitu tèa, tiabatan narima kana kakurangan, kalah nèangan èkol bari jeung nyalah­keun nu marulang ka lemburna. Dina sual kawijakan ogè antara pajabat jeung pajabat tèh bara­rèda, rada anèh puguh ogè. Ceuk nu saurang, mobil dines meunang dibawa balik, asal di­jaga jeung dirawat, nu saurang deui nyebutkeun teu meunang. Puguh wè matak ngabingung­keun. Eta tandana taya komu­nikasi anu hade diantara para pajabatna.

Maenya sual nu kitu waè kudu pakia-kia, bisa jadi dina urusan pagawèan nu liana ogè, teu jauh ti kitu. Kumaha rèk maju lamun pakia-kia kawas kitu mah nya. Mudik saujratna lain ngan saukur ngaraketkeun silaturahim, di sagigireun silih hampura, tapi aya unsur èko­nomi. Bisa ogè mindahkeun “kasajahtraan” ti kota ka desa atawa lembur. Sabab nu maru­lang tèh, pastina babawaan, boh olèh-olèh anu mangrupa barang atawa duit.

Mudik ogè bias jadi nèm­bongkeun kabagyaan ka indung-bapa, dulur-dulur di lembur, ngarasa reueus, yèn ngumba­rana geus hasil. Kabiasaan ieu, salila aya kènèh lebaran geus pasti moal bakal leungit, sabab lain ngan saukur nyacapkeun kasono, tapi aya nilèy ibadah di jerona.

Lamun geus aya patalina jeung urusan kaagamaan, sa­kumaha jèrona ogè bakal dit­euleuman, sakumaha luhurna ogè bakal ditaèkan. Jadi moal bisa dicaram jeung dieureunan, malah bisa jadi unggal taun jum­lahna bakal ngaronjat terus.

Palebah dieu pamarèntah tangtuna kudu rancingeus dina ngalayanan rahayatna. Kajadian macèt di Kabupatèn Brebes nepi ka asup kana media asing (luar nagri, Inggris) bari nyebutkeun yèn kajadian di wewengkon èta panggorègna sadunya.

Beuh lamun geus kitu, nya nu gorèng nagara urang kè­nèh. Kahareupna, lamun aya pasualan kitu, lain silih tang­kis jeung nyalahkeun nu lian, sabab pamingpin anu gam­pang nyalahkeun nu sèjèn bari jeung can nyaho pasualan nu sabenerna, tandana kurang jero èlmuna, sarta sieun pisan gorèng ngaranna. Wilujeng sumping ka nu nèmbè mulang ti lalemburna. (*)

loading...