Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
TEUING kabeneran, atawa mèmang Ki Madi rèk ka imah kuring, di warung tèh geuning aya anjeunna.
“Geus lah teu kudu meuli, aya yeuh. Puguh ngahaja rèk ka imah aya caritakeuneun,†pokna tèh. Pikeun kuring mah bungah wè anu aya, ceuk paribasana mah mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Keur tapran tèh saenyana, sabab ka warung ogè lain rèk barang beuli ieuh, rèk ngadon nganjuk, kabeneran nu bogana tèh wawuh deukeut. Jadi laÂmun keur “kagok†bisa ngèclok heula.
Sanajan teu dipènta ogè, derekÂdek wè Aki Madi nyaritakeun pangalaÂmanana. yèn kamari papanggih jeung Pa Iwan Ridwan Sulanjana, manten Pangdam Siliwangi.
“Teu sangka euy, tètèla Pa Iwan tèh kacida fahamna kana sajarah Sunda hususna anu aya patalina jeung karajaan Pakuan Pajajaran,†pokna tèh.
“Na kumaha kitu Ki?†cèkèng tèh mairan. Enya apal pisan ka Pa Iwan tèh, da anjeunna mah pastina ogè moal terangeun ka kuring. Saur Pa Iwan, parobahan “jaman†di urang numutkeun wangsit tèh, naktuna 7 abad atawa 700 taun sakali. Tah ceuk wangsit Abad ka 21 ieu, anu kudu nyangking kadudukan tèh urang SunÂda, atawa ceuk Eyang mah incu aing anu hatèna rancagè.
“Sabab ceuk dina wangsit saÂjarah baheula bakal kaalaman deui dina mangsa nu bakal datang, sanaÂjan dina wanda, waktu jeung anu ngalakonana anu bèda,†ceuk Ki Madi nirukeun caritaan Pa Iwan. Tah sebutan urang Sunda tèh teu bisa dihartikeun kana sèkèsèlèr Sunda wungkul, sabab Sunda dumasar kana sajarah mah wewengkonna, kacida legana, diantarana Sunda Besar jeung Sunda Kecil.
Malah ceuk Plato jeung Ario SanÂtos nyebutkeun yèn puluhan rèbu katukang gunung api meletus babaÂrengan, nimbulkeun, gempa, ngalèèhÂkeun gunung ès jeung nimbulkeun banjir, sarta neuleumkeun benua Atlantis anu tètèla èta tèh IndoneÂsia. Ceuk Santos dina bukuna nyaèta The Lost Continent Finally Found, The Definitifve Localization of Plato‘s Lost Civilization (2005), anu meunang nalungtik salila 30 tahun teges-teges nyebutkeun nagara urang. Malah para panalungtik Amerika Serikat anu diantarana ahli arkeologi, kalayan jèntrè nyebutkeun anu dimaksud tèh Sunda Land atawa Taneuh Sunda.
“Tah lantaran karuhun urang mah, dina sagala hal tèh teu kawas bangsa sèjèn, nyaritana pinuh siloka dina Carita Pantun Ngahiangna PaÂjajaran aya pantun anu eusina kieu :
Pun, sapun kula jurungkeun, muÂkakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumÂkeun, Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut, Ukireun dina lalangit,Tataheun di jero iga!
Bisa jadi pantun ieu taya pataÂlina jeung anu dicaritakeun ku Plato, Santos atawa para panalunngtik uraÂng Amerika, tapi lamun dilenyepan mah loba pisan guareunana,â€saurna deui. Sakabèh anu karandapan di nagara urang dina jaman kiwari, kanÂyataanana tètèla teu leupas tina uga wangsit. Padahal pan èta tèh dijieunÂna geus mangalam-alam, naha bet karandapanan ayeuna.
Kitu ogè diantara anu kungsi diucapkeun ku Eyang Prabu anu kaÂlimahna kieu Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipiÂlueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar.
Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jemÂbar senang sugih mukti, bisa ngadeÂgkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabéhÂna, lapar baé jeung balangsak.
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayÂeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
“Tah hiji waktu mah éta téh bakal aya nu mésék eusina kalayan jéntré, malah boa diantarana geus kaalaman ku urang,†ceuk Aki Madi.
“Duh, Ki ulah luhur teuing, lieu uing mah!†cékéng téh. Saenyana teu ngarti kamana loyogna caritaan Ki Madi téh. (*)