Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SAUR Pa Iwan sakumaha anu diÂcaritakeun ku Ki Madi, dina danÂget ayeuna loba pisan para nonoÂman jeung kasepuhan Sunda, anu keur haget ngahangkeutkeun budaya Sunda, boh dina kasenian atawa nu sèjènna.
“Geus waktuna urang SunÂda nguniang hudang, saentas rèbuan taun sararè tibra,†pokna daria. Teuing kunaon tah aki-aki anu karesepna semur jèngkol tèh sawaktu nyaritakeun anu aya patalina jeung sajarah Sunda, komo anu raket pakaitna jeung Eyang Prabu mah mani sumanget jeung serieus pisan.
Sanajan kasohor tukang heuÂreuy, palebah nyaritakeun nu kitu mah mani jiga pajabat anu keur mikiran nagara. Sanajan, ceuk Ki Madi, encan ari nepi ka jagjag waringkas mah, paribasana tèh keur lulungu kènèh. sabab taya saurang ogè anu kakara hudang, tuluy lumpat, sakurangna ngumÂpulkeun pangacian heula.
“Tah kaayaan urang ayeuna tèh beunang disebutkeun keur luÂlungu kènèh,†saurna. Salah sahiji buktina, loba pisan urang Sunda anu balik deui kana jati dirina, atawa nyobaan muka ugana. Anu tadina teu pati resepeun, malah nyebutkeun taya hartina ngaguar kabiasaan karuhun, heungkeut-heungkeut mimiti daèk ngorèhan peperenian titinggalan kolotna. Su’al lobana sèkèsèler Sunda anu ngaguar jeung ngamumulè buÂdaya titinggal karuhunna, ulah dipakè kahariwang, komo nepi ka gorèng sangka atawa suudzon mah. Sabab, lila-lila ogè kapangÂgih jeung kasajatian dirina, saÂbab kalah kumaha ogè tetep diÂdasaran ku agama anu diagemna nyaèta Islam.
Lain kabeneran lamun, dina taun 1958, Prof. Dr. Mochtar KuÂsumaatmadja ngaliwatan UU no. 4 Perpu taun 1960, ngaluarkeun Deklarasi Djoeanda, anu eusina nètèlakeun yèn nagara IndonèÂsia, anu lemah caina diwengku ku cai (laut) jeung taneuh manÂgrupakeun hiji kasatuan wewengkon (wilayah) Nusantara.
Fakta ieu satuluyna dibenerkeun ku Konvensi Hukum Laut Internasional 1982. saluyu jeung panalungtikan Santos anu nyeÂbutkeun yèn puluhan rebu taun katukang wewengkon Indonèsia tèh mangrupakeun hiji benua anu ngahiji, teu papisahan kawas ayeuna.
“Malah ceuk basa kirata mah Indonèsia tèh lamun dirarangÂkeun tina Ini Soenda,†ceuk Ki Mali. Pajajaran Anyar anu saÂkumaha disebutkeun dina wangÂsit Siliwangi lain Pajajaran anu ayeuna, tapi anu bakal nangtung ku obahna jaman. Sawaktu nyeÂbutkeun ayeuna tèh pa di jaman baheula, maksudna mah lain karajaan samangsa diparèntah ku anjeunna, tapi anu saluyu jeung obahna jaman.
“Saenyana ieu tèh kaalaman ku urang, pan urang tèh ayeuna lain kawas baheula, kawas karaÂjaan, napi Nagara Kasatuan ReÂpublik Indonèsia pan lamun dileÂnyepan mah saluyu jeung obahna jaman. Anu masih kènèh tanda-tanya tèh ngeunaan torolong hayam ti kolong tèa. Dumasar anu sakumaha anu kaalaman, wangÂsit èta tètèla ngalaman prosès anu teu papalingpang jeung kayaan dèmokrasi di nagara urang.â€
“Halah Ki, beuki teu ngarti kuring mah?†cèkèng tèh bari garo-garo teu ateul.
“Ih, ari manèh bodo tèh mani katotoloh atuh.â€
“Maksad Aki tèh kumaha?â€
“Enya sigana dina hiji waktu mah, èta tèh bakal kaalaman, sanajan iraha boa waktuna. Bisa jadi dina pamilihan pamingpin nasional anu bakal datang mah lain ngan dicalonkeun ti partèy wungkul tapi bisa ti indepèndèn kawas pamilihan Bupati atawa Walikota tèa.â€
“Euh kitu nyah, saur para kasepuhan anu kungsi ku abdi didongkapan mah, sagalana tèh bakal di mimitian ti Bogor, sabab cenah Bogor mah baheulana tèh puseur èkonomi jeung budaya, naha leres èta tèh Ki?â€
“ Bisa jadi kitu, sabab pan kajadian-kajadian gedè diluÂmangsungkeun di dieu, pan anu kamari di Hotèl Salak tèh, sifatna Intersional lin?â€
Malah dina tulisan Prof. Dr. R.P.Koesoemadinata, Gurubesar Emeritus Geologi, Fakultas Ilmu jeung Teknologi Kebumian InstiÂtut Teknologi Bandung nyebutÂkeun y Gurubesar Emeritus GeÂologi, Fakultas Ilmu dan Teknologi Kebumian Institut Teknologi Bandung nyebutkeun yèn dina asup perang kadua kapanggih siÂtus-situs artefak di pasir-pasir anu ngurilingan Bandung.
Situs jeung artfefak ieu kungsi dicaritakeun ku Koenigswald (1935) jeung ku Rothpletz (1951. Barang-barang ieu ukur aya di punclut-punclut pasir anu luhuÂna leuwih ti 725 m tina beungeut cai laut. Kanyataan èta bisa diÂjadikeun bukti yèn baheulana kungsi aya talaga purwa (Danau Bandung), anu disebut-sebut dina dongèng rahayat Sunda , Sasakala Sangkuriang tèa. (*)