Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
ENYA lamun keur rusuh hèg kaÂbeurangan sok aya wè halangan jeung dodojana tèh, keur mah hudangna kabeurangan, tas subuh tèh ngagoler deui, jigana mah saurna kamerekaan.
jadi sagalana sarwa diburu-buru jeung gurunggusuh, èh ngadak-ngadak ban motor tukang kempes. Mangka kudu nepi di hiji tempat tèh samèmèh jam satengah sapuluh, da èta mah mani asa lendeng mikiranana.
Ambek nyedek tanaga midek, bingung kudu kumaha. Naèk angkot? beuh lain pilihaneun, boa-boa tepi ka nu dijugjug tèh jam sabelas beurang, keur mah kudu ngantay, katambah eureun-eureunan, geus kitu pan jalÂurna tèh kudu asup ka Jalan Nyi Raja Permai, atawa pasar Kebon KemÂbang, wah pokona mah ceuk itungan waktu mah geus pimohaleun kaudag.
Katambah dompèt poho teuing di saku calana anu mana. Ngan unÂtungna, di hareup tèh aya tukang ojèg anu wawuh, derengdeng wè numpak ojèg, bari jeung sabot dina motor tèh bingung kumaha mayarna.
Nu penting tepi waè heula, urusan mayar mah meureun kumaha engkè. Maenya teuing teu beunang diperseÂbenan heula, pan papada jalma, hade ku basa gorèng ku basa ieuh.
Atawa lamun perlu balikna naèk motor deui, lamun tèa mah teu beuÂnang diajak badami. Hadèna tukang ojèg tèh, surti lamun kuring perlu waktu, keur mah geus gapah atawa tapis mawana tèh, katambah motorÂna weuteuh kènèh pisan, nepi ka nu dijugjug tèh, pas kurang lima menit.
Saentas ngobrol sakeudeung jeung jalma anu dituju, kuring kaÂkara lah-lahan ngomong ka nu nganÂteurkeun yèn teu bisa mayar harita, sabab dompetna tinggaleun.
“Wios atuh pa, upami teu ngÂabantun artos, mah pan ènjing ogè papendak deui ieu,â€pokna tèh, dina paromanna taya riuk-riuk hanjelu pèdah dianjuk. Saentas dinuhunkeun tèh biur wè manèhna tèh indit ka tempat mangkalna deui.
Sabot tukang ojèg èta kaluar ti pakÂarangan kantor, jadi inget kana caritaan Ki Tatang tatangga sabeulaheun imah, yèn satemenna kaihlasan pikeun tutuÂlung tèh sabenerna aya kènèh, ngan lolobana mah di jalma anu laleutik.
“Geura wè perhatikeun dina acaÂra di salah sahiji telepisi swasta anu judulna mènta tulung, pan anu nuÂlungan bari jeung teu ngarep-ngarep babales mah jalma anu hirupna sarua jeung nu mènta tulungna, papada teu boga tapi niat pikeun tutulungna gedè pisan,â€pokna mere conto.
Nalingakeun ka palebah dinya mah, asa aya benerna tah caritaan ki sobat, tèh, tapi naha anu “baleungÂhar†ogè tutulungna tèh salawasna aya pamrih, atawa ceuk basa kiwaÂrina mah, aya hurang disahandapeun batu, atawa anu diarahna? Rarasaan teu sakabèhna kitu, sanajan aya ogè diantarana nu kitu tèh.
Salah sahiji contona dina kajadiÂan longsor anu tumiba di Kota Bogor, pan dina barangbèrèna tèh bari jeung hayang diasupkeun kana Koran sagaÂla, ambèh kasohor kamana-mana.
Tah palebah dinyana mah rada hèsè diteguh, kusabab èta mah urusan hate, ceuk paribasana mah, sakumaha jerona laut angget bisa diteguh jerona, tapi hate mah teu bisa diteuleuman.
“Nu afdol mah, dina barangbèrè atawa tutulung, tegesna sidekah tèh sakumaha pituduh Kangjeng RoÂsul dina hadistna,â€pokna bari tuluy nerangkeun yèn aya tujuh golongan anu bakal ditangtayungan ku Allah.
Diantarana Imam anu Adil, pamuda anu hirup kumbuhna ibaÂdah ka Allah, lalaki anu hatèna kaeuÂrad ku masjid jeung masjid, jalma anu diajakan jinah ku hiji awèwè anu mibanda kadudukan jeung geulis tapi inyana nyarita saenyana dirina sieun ka Allah.
jeung salah saurang anu sidekah tuluy nyumputkeun leungeun katuÂhuna nepi ka nu kèncana henteu nyahoeun naon anu disidekahkeun ku leungeun katuhuna, jeung salah saurang anu dzikir nginget-nginget Allah sawaktu sorangan, nepi dua panonna baseuh ku cipanon.
“Nembe lima tah kang?â€
“Puguh dua deui mah poho tah,â€pokna bari garo-garo teu ateul.
Keun wè dua deui mah itung-itung peer wè lah kang, isuk jaganing gèto mun kapendak kantun dicaritakeun.â€
“Enya atuh nya!â€