Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

UJANG Sarmud jeung babaturan­na, duaan geus saged. Makė pakėan sarwa hideung diiket, mawa bekel sacukupna pikeun cicing di gunung sababaraha poė. Lain ngan saukur bekel dahar jeung tiris, dalah bekel beubeuleuman ogė kumplit pisan. Sabab ceuk Eyang Balakasadut, guru spiritual anyarna, syaratna kudu kumplit, ulah nepi ka kurang. Malah ceuk Eyang anu teu puguh di­mana cicingna, Ujang Sarmud mah, boga teureuh Pajajaran. Lamun punta-pėnta ka karuhun Bogor, bakal cepet ditedunan. Eta pisan anu nyababkeun Sarmud hayang nėangan wangsit. Basa ditanya ku indung bapana, rėk indit kamana, jawabna tėh rėk nėangan wangsit karuhun.

“Naha di gunung aya tempat shalat teu Sarmud,?” tanya bapana. Ujang Sarmud teu nėmbalan, sabab teu nyaho kaayaan tempat anu rėk disabana. Mun ngajawab aya, bisi euweuh, ngajawab euweuh bisi aya. Tibatan ngarang jawaban, nya mending cicing. Palebah dieu, cicing tėtėla, jawaban pangalusna. Pan di urang mah, loba anu teu kitu. Sana­jan enya teu nyaho alang ujurna, ha­yoh nyarita kenceng pisan, lain ngan dina riungan, ieu mah dina Koran-koran. Komo mangsa nu nanyana ti televise Nasional, halah teu sirikna diteleg tah micna tėh. Urusan ben­er jeung henteuna mah, kumaha ėngkė wė.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

“Bapa mah moal rėk mah­ing anjeun nėangan pangalaman anyar, ngan ulah poho kana ajaran agama ulah wani-wani ninggalkeun shalat lima waktu, sabab ėta pisan tiang agama. Malah jalma nu maot tėh, anu dipariksa shalatna,” ceuk bapana daria pisan. Sanggeus nga­rasa cukup mekelan ku nasėhat, bapana Sarmud, ahirna ngizinan ogė, sanajan rada beurat ogė. Dina hatėna ngadu’a sangkan anakna salamet sarta hirupna henteu sasar. Sanggeus dua kali ganti mobil sarta leumpang kurang leuwih dua saten­gah jam, jog wė, Sarmudjeung ba­baturanna tėh anjlog ka nu dijugjug. Di gunung anu ceuk Eyang Balakasa­dut tara kasaba ku jalma, ukur aya batu badag nyanghareupan pasir, lain gunung ieuh. Lantaran rėk hu­jan anu tiluan tėh gancang ngadeg­keun tėnda, naheur cai jeung masak saayana. Ari cai mah cur-cor. Mang­sa magrib tiluanna gancang wudu tuluy shalat berjamaah dina batu anu aya. Isya ogė kitu, Numutkeun pituduh ti Eyang, nėangan wangsit mah dimimitian kudu jam duabe­las peuting ka luhur. Lantaran capė tas leumpang jauh, tiluanna reup wė sarė mani tibra. Tapi samėmėh sarė manėhna nyetel bėl heula bari bekerna ditompokeun kana puhu ceulina. Enya wė jam dua belas tengah peuting, Sarmud nguniang, sarta tuluy ngahudangkeun ba­baturanna.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

“Hudang euy, geus tengah peuting yeuh,”ceuk Sarmud. Sang­geus ngarala wudu, duana ngampar samak, bari nyadiakeun susuguhan, ti mimiti nyeduh kopi pait, amis, susu, cai hėrang, tėh amis, bubuah­an, kuėh tujuh rupa, parukuyan, ah pokona mah kumplit wė, sakumaha pituduh Eyang Balakasadut.

“Babacaanna kumaha yeuh?” Ujang Sarmud nanya ka babaturan­na.

============================================================
============================================================
============================================================