Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TEUING pedah geus kolot, uteuk jadi hèsè diajak mikir beurat, atawa mèmang bahan-bahanna baheulana teu disarungsuman ku kadaharan anu bergizi anu dise­but opat sèhat lima sampurna tèa (sabab baheula mah prinsipna tèh opat seubeuh lima halal), atawa mèmang sabagèan memorina geus keuna virus koloteun, basa aya anu ngajak ngobrol ngeunaan dunya pendidikan ayeuna tèh, leb­eng, poèk mongklèng buta ngedul (mun rajin mah meureun pinter).

Atawa mèmang basa nu nga­jakanana “luhur teuing”, nepi ka teu katepi ku pikir, kahontal ku akal. Mangsa harita mah ukur bisa olohok kembang kadu, bari hate mah cruk-creuk. Ma’lum kitu tèa­na mah, sabab nu ngajak ngobrol­na ogè lain bantrak-bantrakeun, salilan ti guyang dina widangna puluhan taun, ogè naratas dina widang èta tèh geus tepi ka pun­clutna. Tapi kètang, basana mah biasa, basa keur rahayat, èta mah kuringna wè anu kurang bisa dina narjamahkeunana.

Saur anjeunna, salah sahiji anu pangraketna tur pangpent­ingna dina urusan dunya pendi­dikan tèh nyaèta guru, malah di masarakat urang mah di jaman baheula kènèh profèsi ieu tèh meunang panghargaan tur ka­pangkatan anu kacida luhurna.

Guru, ceuk Islam, dina harti harfiah, nyaèta Ustad (lalaki), Ustadzah (awèwè), tapi lain èta wungkul, sarèatna mah boh Ajen­gan, Kiai, para ulama, pan dina sapopoèna tèh ngalaksanakeun pagawèan guru, ngatik santri, murid, atawa umatna sangkan aya dina jalan bener sakumaha parèntah agama. Ceuk basa ki­ratana guru tèh singgetan tina di gugu jeung ditiru. Ceuk basa for­malna, guru tèh nyaèta, pendidik jeung pangajar dina pendidikan barudak anu umurna masih kè­nèh ngora di sakola atawa pen­didikan formal dasar nyaèta pen­didikan dasar, jeung menengah.

BACA JUGA :  Menu Diet dengan Sup Sayuran Kuah Bening yang Rendah Lemak

Panghargaan masarakat urang baheula kana profesi ieu, kawilang luhur, nepi ka aya pari­basa, guru ratu wong atua karo. Hartina guru jeung kolot tèh sa­rua, kudu dihormatna kawas ratu. Malah mun teu salah, di jaman baheula, hiji-hijina pagawèan anu bisa ningkatkeun darajat manusa tina cacah bisa jadi mènak tèh ukur guru. Sabab nu sèjèn mah, henteu nepi ka kitu ieuh, nepi ka aya istilah Juragan (Mantri) Guru, sanajan anu jadi guruna tèh lain ti kalangan mènak.

Lain ngan di sakola wungkul tapi di masarakat ogè pan Juragan Guru tèh ditempatkeun dina “kas­ta” anu sajajar jeung para mènak. Kabèhdieunakeun saentas, aya gulidag kapitalis anu nempat­keun harta banda disaluhureun sikep jeung paripolah, Guru geus kurang pati dihargaan, nepi ka Iwan Fals mah nyiptakeun tokoh Umar Bakri, Guru anu geus ny­iptakeun ratusan jalma pinter, ti mimiti pangusaha, para mentri, jeung nu sèjènna, sedeng kaay­aan manèhna masih kènèh piha­watireun.

Tah dina jaman materi (har­ta banda) dijadikeun patokan pikeun ngukur darajat manusa, kayaan èkonomi para guru anu teu sabeunghar para pangusaha jeung profèsi sèjènna, panghar­gaaan ka para guru tèh morosot pisan. Ceuk bohongna mah, dina pawayangan ogè, hiji-hijina profè­si anu bogaeun dèwa tèh ukur guru, nyaèta Batara Guru. Sabab teu aya Batara Pangusaha, Batara Padagang atawa Batara Presiden.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Numatak kacida alusna la­mun tèa mah Pamarèntah dina hal ieu Kamentrian Pendidikan Nasional, ngayakeun sertifikasi anu satuluyna dijadikeun dasar pikeun nambahan panghasilan para guru ngaliwatan tunjangan profèsi.

Maksudna mah sangkan sawaktu keur ngajar atawa nga­didik tèh pikiranana henteu man­cawura kamamana. Sabab, dina panangan para guru ieu, sau­jratna bangsa ieu ditangtukeun, naha ngan saukur ngahasilkeun generasi anu saukur pinter wun­gkul atawa mibanda ahlak talajak anu hadè tur budaya anu luhung.

Tah dina raraga nyiptakeun bangsa anu cerdas sagalana, boh uteuk atawa talajakna, Dines Pen­didikan Kota Bogor, keur ngah­angkeutkeun “Ngabogor” anu eusina Ngabogor Bodas, Bulao jeung Hèjo. Bodas sikep ka Nu Maha Kawasa (sangkat taat ngala­konan sagala kawajiban ngajau­han anu dipahing), Bulau, jeung sasama sarta Hèjo, patalina jeung wewengkon /lingkungan (alam).

Dina kahirupan sapopoè, uta­mana dina katartiban “berlalu lintas”, masarakat urang geus loba anu ngarumpak aturan. Su­gan ku ayana nu kitu mah, hasil­na tèh bakal leuwih alus nya! (*)

============================================================
============================================================
============================================================