Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH sahiji kecap tina basa Sun­da anu ayeuna kacida kawèntar ka jomantara tèh, nyaèta ngabuburit, hiji pagawèan anu dilakonan ku keur nu paruasa samangsa ngada­goan bedug magrib. Kecap ngabu­burit lumakuna keur dina bulan puasa, atawa dilakonan ku nu keur paruasa wungkul, sabab pikeun jalma anu teu puasa mah teu kaa­sup kana pagawèan ngabuburit sanajan aya dina jero bulan puasa.

Sabab, anu dimaksudkeun di dieu tèh, lain ngan saukur ngada­goan burit atawa datangna magrib wungkul, tapi leuwih deukeut kana ngadagoan mangsana buka puasa. Pikeun anu geus godin ti beurang mah, teu kaasup kana golongan anu ngabuburit. Ngabu­burit, asal kecapna burit, sabèhdi­tueun sore dina harti saujratna.

Sabab, sore sakapeung sok ditarjamahkeun kana samèmèh tengah peuting. Misalna, Tamba sarè, sore-sorè, urang maèn catur yu, ah! Ulah sarè sore-sorè baru­dak ngora mah. Jadi ngabuburit tèh meureun ngadagoan burit, wanci anu geus ngadeukeutan Magrib. Pagawèan ieu, jigana tèh geus lumaku di sakuliah Nusan­tara, sabab boh anu di Pulo Jawa, atawa saluareunana, sarua kecap­na tèh ngabuburit.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Anu dipigawèna rupa-rupa, aya anu ngetrèk dina motor (nèangan picilakaeun anu kieu mah), aya nu jalan-jalan sore bari nèangan calon kabogoh (barudak rumaja èta mah, aki-aki jeung nini-nini mah moal ieuh), aya anu aru­lin ka tempat atawa puseur pang­balanjaan, bari ngaborong pikeun èngkè lebaran. Ah, pokona mah rupa-rupa wè polah jalma.

Di Bogor, tempat-tempat anu sok dipakè pikeun ngabuburit tèh biasana mah di Taman Kencana, Sempur, Taman Peranginan, Ja­lan Tentara Pelajar di Cimanggu, Taman Yasmin, anu ayeuna mah geus ngawujud jadi pasar nga­layah. Baheula mah, osok ogè di Komplèk Pembenihan Muara, ay­euna mah sigana loba jalma anu ngadon ngabuburitna tèh di BNR, sabab di palebah dinya tèh geus loba tempoeun.

BACA JUGA :  DARI PREMAN TERMINAL, SEKDES HINGGA ANGGOTA DPRD PROVINSI JABAR

Di Cibinong sigana mah di sa­panjang jalan Komplèk Pamarèn­tahan Kabupatèn Bogor, dija­dikeun tempat ngadagoan burit, atawa bisa ogè bari neuteup beungeut cai di sisi situ. Anu pangkajojona, tempat pikeun ngareureuh, salian ti Kebon Raya, mangsa keur panas-panasna tèh nyaèta Leuweung Cifor jeung sisi Situ Gedè. Lamun meneran keur perè mah, loba anu ti imahna bari marawa samak jeung bantal, nga­don ngagolèr di sisi situ.

============================================================
============================================================
============================================================