Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

SALAH sahiji anu nyababkeun hawa di Kota Bogor karasa panas tèh ceuk Kang Sam, aktifis lingkun­gan hirup ku sabab lobana wangu­nan, bari jeung teu diimbangan ku lobana pepelakan. Ari wangunan imah biasana sok dibebetah, ku nu boga imahna, sakurangna di­pelakan tatangkalan, ngarah asri, hèjo lèndoh, tur matak tiis lamun dicicingan. Sabab aya paribasa “rumahku istanaku, atawa rumah­ku surgaku”.

Tapi nu rada matak pikaha­riwangeun mah, anu diparakè tempat usaha, boh kios, toko atawa ruko. Geura wè titènan di sapanjang jalan Tajur Bogor Timur, Sindangbarang Bogor Barat, Jalan Sholèh Iskandar Bogor Timur, Kedung Halang Bogor Utara, Nyi Raja Permas Bogor Tengah, ah pokona mah anu diparakè pikeun usaha mah, ampir sakabèhna taya tatangkalan. Numatak lamun ka tempat-tèmpat anu disebut­keun di luhur èta, mangsa ten­gah poè èrèng-èrèngan mah karasana tèh mani panas pisan.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Padahal sarèrèa ogè nyaho pentingna tatangkalan, lamun ti beurang mah jadi baturna manusa, nyaèta ku ngahasilk­eun oksigèn anu diperlukeun ku manusa. Baheula saur Kang Sam, mangsa Walikotana Ir. Mu­hammad, aya katangtuan anu mangrupa SK, anu eusina tèh aya kasanggupan ti nu ngawa­ngun yèn baris melak tatangka­lan. Lamun henteu cenah mah IMBna moal dikaluarkeun.

Kawijakan kawas kitu tèh kacida alusna, sakurangna, nga­jaga Kota Bogor tetep hèjo ku tatangkalan (lain ku angkot), ogè ngajaga tina kakurangan cai, mangsa halodo lila. Sabab pan tatangkalan tèh jadi tem­pat panyimpenan cai, lah nu kitu mah budak leutik ogè nya­hoeun. Komo barudak SD Ban­tar Jati 9, mah, sabab ku guru-guruna diajarkeun ngeunaan lingkungan hirup.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Moal ogè jadi sakola Adi­wayata Mandiri atuh nya. Sabab di sakola ieu salian diajarkeun tertib dina urusan miceun run­tah, ogè dibèrè èlmu ngeunaan kumaha ngokolakeun lingkun­gan hirup. Hanjakalna sanajan geus kakoncara ka mancanega­ra, malah loba anu ti luar nagri ngajugjug hayang diajar, tapi teu kitu pikeun sakola-sakola anu aya di Kota Bogor.

============================================================
============================================================
============================================================