Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
SALAH sahiji anu nyababkeun hawa di Kota Bogor karasa panas tèh ceuk Kang Sam, aktifis lingkunÂgan hirup ku sabab lobana wanguÂnan, bari jeung teu diimbangan ku lobana pepelakan. Ari wangunan imah biasana sok dibebetah, ku nu boga imahna, sakurangna diÂpelakan tatangkalan, ngarah asri, hèjo lèndoh, tur matak tiis lamun dicicingan. Sabab aya paribasa “rumahku istanaku, atawa rumahÂku surgakuâ€.
Tapi nu rada matak pikahaÂriwangeun mah, anu diparakè tempat usaha, boh kios, toko atawa ruko. Geura wè titènan di sapanjang jalan Tajur Bogor Timur, Sindangbarang Bogor Barat, Jalan Sholèh Iskandar Bogor Timur, Kedung Halang Bogor Utara, Nyi Raja Permas Bogor Tengah, ah pokona mah anu diparakè pikeun usaha mah, ampir sakabèhna taya tatangkalan. Numatak lamun ka tempat-tèmpat anu disebutÂkeun di luhur èta, mangsa tenÂgah poè èrèng-èrèngan mah karasana tèh mani panas pisan.
Padahal sarèrèa ogè nyaho pentingna tatangkalan, lamun ti beurang mah jadi baturna manusa, nyaèta ku ngahasilkÂeun oksigèn anu diperlukeun ku manusa. Baheula saur Kang Sam, mangsa Walikotana Ir. MuÂhammad, aya katangtuan anu mangrupa SK, anu eusina tèh aya kasanggupan ti nu ngawaÂngun yèn baris melak tatangkaÂlan. Lamun henteu cenah mah IMBna moal dikaluarkeun.
Kawijakan kawas kitu tèh kacida alusna, sakurangna, ngaÂjaga Kota Bogor tetep hèjo ku tatangkalan (lain ku angkot), ogè ngajaga tina kakurangan cai, mangsa halodo lila. Sabab pan tatangkalan tèh jadi temÂpat panyimpenan cai, lah nu kitu mah budak leutik ogè nyaÂhoeun. Komo barudak SD BanÂtar Jati 9, mah, sabab ku guru-guruna diajarkeun ngeunaan lingkungan hirup.
Moal ogè jadi sakola AdiÂwayata Mandiri atuh nya. Sabab di sakola ieu salian diajarkeun tertib dina urusan miceun runÂtah, ogè dibèrè èlmu ngeunaan kumaha ngokolakeun lingkunÂgan hirup. Hanjakalna sanajan geus kakoncara ka mancanegaÂra, malah loba anu ti luar nagri ngajugjug hayang diajar, tapi teu kitu pikeun sakola-sakola anu aya di Kota Bogor.