Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

BAHEULA keur tolab èlmu di SD jeung di SMP, sok diajarkeun kawih-kawih Sunda kayaning sabilulungan, anu rumpakana tèh mun teu salah kieu :

Sabilulungan urang gotong royong, Sabululungan urang silih rojong

Sabilulungan genteng ulah po­tong, sabilulungan persatuan tèm­bong

Tohaga, rohaka, rembug ju­kung ngabasmi pasalingsingan.

Satia, sajiwa, rempug jukung ngabasmi pasalingsingan

Mun diperhatikeun eusina tèh ngajak ka balarèa sangkan ngah­angkeutkeun gotong royong, silih rojong, gentèng (lain kentèng, baheula mah rada ngahuleng, naon patalina jeung sabilulungan) horèng, gentèng tèh ulah nepi ka potong tèh, sanajan anu meulitna nepi ka tapakan, tapi henteu nepi ka pegat.

Tembang ieu, wirahmana sumanget, umajak ka nu ngadèngèkeu­nana, sangkan ngahiji, silih simbeu­han ku kaasih.

Harita mangsa keur nembang­keunana, mani asa tingpurindik jeung tingpuringkak, sabab aya rasa anu kabawa nyusup ngahiji jeung eusi lagu.

Rarasaan, lamun ngingetkeun kajadian jaman kiwari, kaayaan di wewengkon urang tèh mani asa jauh tina eusina. Di mana-mana, jalma bangun anu geus kaleungi­tan akalna, silih jorag jeung sasa­mana nepi ka nimbulkeun korban anu teu saeutik.

Sèpakbola, olahraga anu di­anggap bisa ngahijikeun sumanget persatuan jeung sumanget kajujuran (sportifitas) geus robah kagunanana, jadi sumber pa­cogcrègan.

Tawuran lain ngan saukur, di rèngrèngan barudak sakola wun­gkul, tepi geus nepi ka para ma­hasiswa anu cenah pan kasebutna tèh kaum intelèktual ngora.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Geus kitu lain ngan semet ka dinya wungkul, kolot-kolotna anu sakuduna nyontoan bener ka barudakna, ayeuna mah jadi pipilueun. Di sababaraha tempat, unggal malem Ahad geus baku aya tawuran.

Kabiasann kitu tèh lain ngan saukur di kota wungkul deuih, dalah ayeuna mah geus ngarambah ka lembur-lembur. Dipikir-pikir, aya balik ka jaman baheula, mang­sa aya gèng-gèngan di lembur-lem­bur. Di taun 70 nepi ka 80-an, pan kungsi kawèntar Bèrlan, di Jakarta, Mediba, (melèng dikit bacok) jrrd.

Malah kabèhditunakeun siga­na tèh asa balik ka jaman primitip lamun kitu tèh, atawa jahiliyah su­gan nya.

Nyawa mani geus taya har­gana pisan, teu kaop salah saeutik babari pisan babari pisan munde­lik (Aèh èta mah rumpaka tembang Awèt Rajèt kètang) maksud tèh ha­yoh diluluguan, tepi ahirna silih joragna tèh lembur jeung lembur.

Antukna dua kampung anu ta­dina layeut tèh, jadi mumusuhan. Lamun tèa mah, dihadèanana tèh teuing kudu timana mimitina.

Kawasna tèh, alatan jalma digu­gulung ku kasusah nyumponan kabutuhan sapopoè, pikiranana dipinuhan ku rupa-rupa kasusah, jadi wèh ambekna tèh sakulit bawang. Lamun èmosi geus nga­wasaan jiwa pan anu dipakèna tèh rarasaan lain pikiran deui.

Dina mangsa èta jalma, ka­kawasaan ku sifat sètan, mikirna lain engkè kumaha, tapi kumaha engkè. Padahal ceuk ijiran, dina jaman kiwari tèh kagiatan anu ngajarkeun sangkan jalma sabar jeung tawakal tèh teu saeutik, pangajian aya dimana-mana.

BACA JUGA :  Menu Makan Malam dengan Sup Tofu dan Jamur Bekuah Gurih

Tapi kètang nu milunana tèh, lolobana mah kaum ibu-ibu anu umurna geus cuet ka hareup, atuh bapa-bapana ogè anu yuswana geus tunggang gunung atawa ika-ika.

Sabab, para rumaja anu aktif dina kagiatan kaagamaan mah, boh di Masjid, di Gereja atawa di tempat ibadah sèjènna jajauheun tina nu kararitu tèh.

Pastina ogè maranèhanana tèh diajarkeun kumaha ngarègan­gan atawa silih hargaan tèa, boh anu saagama atawa bèda agama saluyu jeung motto Bhinneka Tunggal Ika tèa.

Tah dina raraga ngurangan anu kararitu, silih jorag jeung sa­samana, taya salahna lamun di unggal radio atawa ditempat-tem­pat umum, anu loba jalmana dis­stèlkeun tembang-tembang anu ngahudangkeun rasa persatuan jeung ngingetkeun yèn urang tèh masih baraya.

Anu aya di wewengkon Jawa Barat atuh digalindengkeun kawih-kawih kawas sabilulungan, atawa naon baè anu ngahudangkeun rasa jeung nimbulkeun kacintaan ka lemah cai jeung bangsana.

Di tingkat nasional, atuh lagu-lagu perjoangan, dina waktu anu sarua, di unggal tipi, jadi sawaktu nu nongton mindahkeun saluran tèh nu katempo jeung kadèngè ukur lagu èta.

Lamun dina jam anu sarua, sakabèh radio jeung telepisi nay­angkeun jeung nyetèlkeun ka­layan tuluy tumuluy, piraku taya hasilan.

Sabab ceuk paribasa, cikara­cak ninggang batu laun laun jadi legok lin? Sugan èta ogè !

============================================================
============================================================
============================================================