Home Opini Today Ngajual “Kahèbatan” Bogor

Ngajual “Kahèbatan” Bogor

0
145

Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

Poè Ahad mah, komo tanggal ngora (pikeun kaum garajihan), biasana tèh sok dipakè pelesir­an, atawa nyaba ka dulur atawa baraya anu imahna jauh jeung arang kapanggih. Lolobana mah anu nyaraba tèh urang kota, lamun di Bogor mah, urang Ja­karta, komo barudak ngorana mah, mani rabeng kana motor. Geura wè perhatikeun pareng keur eureun lampu beureum tèh, di sagigireun tèh motor anu leterna B kabèh. Aya anu bon­cèngan (boh jeung lalaki deui, atawa awèwè), aya ogè anu so­soranganan.

Tujuanana, rata-rata ka wewengkon Puncak. Ceuk rarasaan, teuing pèdah kuring­na geus lila tara nyaba ka dinya, kaayaan di Puncak, sapuluh atawa lima taun katukang, teu pati bèda jeung ayeuna. Malah kètang ayeuna mah bisa jadi leuwih simpè batan baheula. Kituna tèh saentas aya jalan tol Cipularang, jumlah kandaraan anu ngaliwat ka Puncak beuki ngurangan, boh beus atawa kandaraan pribadi. Sanajan ja­rakna leuwih jauh, cenah mah waktuna leuwih cepet.

Komo deui, lamun mo­bilna sèhat tur nu mawana resep pisan ngebut, moal teu sasiet ka Bandungkeun mah. Puncak tètèla masih jadi pili­han nomer hiji dibandingkeun jeung wewengkon sèjènna, pa­dahal anu aya di Puncak tèh sasatna ngan aya tilu, nyaèta kadaharan, tetempoan jeung hawana anu masih kènèh seger.

Padahal di tempat sèjèn anu masih di Kabupatèn Bogor, hu­susna di Gunung Bunder jeung sabudeureunana, dina urusan hawa jeung tetempoan (paman­danganana) henteu èlèh-èlèh teuing. Salian ti hawana seger, wisatawan (boh domestic atawa mancangara) bisa ngarasakeun anu sèjènna, diantarana aya Curug Nangka, Curug Sarèbu, jeung paninggalan jaman ba­heula, ti mimiti BCB (Benda Cagar Budaya) jeung kaaslian kahirupan masarakat di tempat èta. Anu masih kurang tèh meu­reun kadaharan, jeung tempat pangistirahatan (aya ngeun teu loba), teu kawas di Puncak. Di sisi jalan, loba pisan anu nawarkeun villa, malah mun perlu mah (pastina ogè) disa­diakeun ubar haneut, salimut ramoan tèa (ieu mah husus pikeun anu irung borèlèng).

Sanajan ceuk saliwat mah leuwih onjoy tibatan Puncak, kunaon atuh nu nyaraba leu­wih resep ka Puncak? Sigana tèh salian ti leuwih lila jadi tempat jugjugeun, jadi leuwih kawèntar, promosi atawa pub­likasi wewengkon Beulah Ku­lon tèh kurang heuyeub. Tong dibandingkeun jeung Bali atawa Yogyakarta anu geus kaceluk ka awun-awun ka koncara ka janapria, tapi hèbatna Bali jeung Yogya, masih kènèh ngalakonan promosi, diantarana ngali­watan sinètron-sinètron anu disiarkeun dina telepisi swasta.

Sedengkeun Bogor? boh Kota atawa Kabupatèn, rarasaan masih kènèh jarang pisan. Dina ayana ogè mun teu salah kakara di Kam­pung Budaya Sindangbarang. Lamun Bali jeung Yogya bisa di­jadikeun tempat syuting tur di jerona nyaritakeun rinèka bu­daya jeung kaèndahan alamna, naha Bogor makè teu bisa (hay­ang)? Padahal jarak Produc­tion House (PH) jeung artisna anu lolobana di Jakarta, leuwih deukeut ka Bogor, waktuna ogè ukur 45 menit. Geus pasti lamun tèa mah dilaksanakeun di Bogor, pikeun produserna bakal leuwih ngirit anggaran.

Atawa kitu (boh di Bali atawa di Yogya) pamarèntahan satem­patna nyadiakeun fasilitas ka maranèhanana? Lain mamatah­an ngojay ka meri, da anu mang­ku jabatan di kantor èta tèh, lain jalma atah-atah. Pastina ogè leuwih pinter jeung boga pangalaman dina ngurus pancèn anu aya patalina jeung tugasna tèh. Promosi tempat pariwisata ngawengku budaya tèh lain malulu nyieun brosur wungkul, tapi anu visionable atawa makè gam­bar hirup rarasaan bakal leuwih keuna sasaran.

Anu jadi patanyaan gedè tèh, naha geus aya lèngkah ka pale­bah dinya kitu? Di urang saben­erna loba pisan obyèk pariwisata anu laku dijual, tinggal kumaha mungkus jeung nyuguhkeunana.

Untungna di Kota Bogor mah aya kènèh Kebon Raya, anu teu kudu dipromosikeun ogè, geus pada nyaho. Nu daratangna ogè, lain ngan urang Bogor wungkul, tapi loba anu ti luarna. Lamun tèa mah aya kènèh brosur ngeu­naan obyèk pariwisata (boh di kota atawa di Kabupatèn) taya salahna sakali-kali mah dagang brosur wè heula nya. Nyaah pisan, lamun henteu nepi ka ka­jual tèh nya. (*)