Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TAS ulin ti Desa Petir ( jigana tèh anu ngaranana lain urang dieu? sabab lamun urang Bogor mah pastina ogè Guludug) Kacamatan Dramaga Kabupatèn Bogor, pale­bah astana, teu jauh ti bumina Bu­pati Bogor, teuing kunaon, règ wè motor eureun, paèh teu pupu­guh bangun anu embungeun dia­jak lumaku, padahal wanci geus maju ka sore, deukeut-deukeut ka burit. Gebeg, hate mani ngarèn­jag, asa diingetan. Gancang kuring muru astana.

Teu sirikna motor tèh digubrag­keun, koncina ogè sigana tèh nogèl kènèh. Baè lah, ceuk pikiran tèh, da kana motor butut model kitu mah moal aya anu butuheun ieuh. Enya, di astana ieu tèh, pan layon indung dikurebkeun. Pamungkas ngalongok tèh mangsa lebaran ka­mari, geus lila puguh ogè.

Saentas nyekar bari ngiri­man hadiah puji sabisa-bisa, hate tèh asa ngemplong. Mangsa keur turun ti komplèk astana, hawar-hawar kadèngè kawih sariak la­yung anu rumpakana beunang Dedy Windyagiri, sarta sanggi­anna ku Mang Koko, beuh asa ku merenah, asa kasuat-suat, pikiran baluweng, teuing inget ka lembur sorangan, atawa mangsa indung kumelendang kènèh kitu.

Lèngkah tèh jadi pugag, ka­lah nagog sisi makam bari anteng ngadèdèngèkeun kawih dina radio anu keur disetèl : Sariak layung di gunung, iber pasini patepung lawung,teuteup jauh ngawang­wang nu dipigandrung, eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh. Haréndong meuhpeuy hari­deung. jalan satapak rarambu leu­weung, kumalangpang ronghéap nu kapitineung, eeh, ronghéap nu kapitineung, duuh, Surya surup layung hibar, ka tanjakan sawan­gan diumbar, geus ngolébat, ieuh, samar-samar, hariring asihna kapireung ngalalar. Angin tiis ti mumunggang, katitipan haréwos kamelang, tawis deudeuh, ieuh, nu maranti, sungkeman kahéman saranggeuy malati. Pikeun kuring (naha kitu pèdah urang Sunda), kawih (sanggian) Mang Koko, tètè­la bisa mulangkeun ka jaman ba­heula, atawa sakurangna ngingetan ka diri sorangan.

BACA JUGA :  Resep Membuat Semur Daging dan Kentang untuk Menu Andalan Keluarga

Sakitu tèh ukur buatan manu­sa, kumaha lamun padamelan Nu Maha Agung, Allah Subhanahu Wataala ? Loba caritana tah. Salah sahijina Sri Baduga Maharaja ata­wa Prabu Siliwangi, anu kagem­ban manah, katarik atina ku sora Nyi Subang Larang mangsa keur maca Al Qur’an.

Tina sababaraha situs anu sumebar di dunya internet, di­caritakeun yen da’wahna Syèh Hasanuddin atawa Syèh Quro, kapaksa kudu dieureunan ku sa­bab pangawasa Karajaan Sunda Galuh mangsa harita Prabu Ang­galarang atawa Maharaja Niskala Wastu Kancana (akina Sri Baduga Maharaja) kagiatan da’wahna.

Hiji mangsa putra mahkota, Radèn Pamanah Rasa diutus pikeung mariksa Pasantrèn Syekh Quro. Ngan mangsa harita Pama­nah Rasa nepi ka tempat anu dijugjug (Pasantrèn Syèh Quro), hatèna langsung kataji ku sora Nyi Subang Larang anu keur ngaos ayat-ayat suci Al Qur’an.

Satuluyna, putra Dèwa Ra­hyang Niskala ieu balaka yèn di­rina boga hate kadua leutik pikeun mileuleuheungkeun Nyi Subang Larang anu geulis kawanti-wanti, èndah kabina-bina sarta alus budi basana. Pamènta pikeun maska­winna Lintang Kerti Jejer Saratus aanu mangrupa simbol tina tasbèh pikeun wirid tur ayana di Mekkah.

BACA JUGA :  Penemuan Mayat Lansia Terlungkap Gegerkan Warga Kota Padang

Panjang pisan lalakonna tèh, ringkesna mah Nyi Subang Larang tèh jadi istrina Sri Baduga tur di­tempatkeun di Balè Agung, anu ayeuna diperkirakeun di weweng­kon Cibalagung. Tangtuna bèda pisan (jauh tanah ka langit) antara anu kaalaman ku kuring jeung Sri Baduga, teu bisa dibandingkeun, jeung lain bandingkeuenen.

Ngan lamun nitènan jaman kiwari, mangsa sora panggero ti masjid-masjid sangkan buru-buru nemonan kawajibanana ngadeuheus ka Nu Maha Agung, anu ngadarèngèkeun (kaasup kuring) tèh bangun nu hare-harè. Anu keur gawè jongjona ngang­geuskeu pagawèanana, di mana mendi anu kitu tèh.

Komo di jalan mah sasatna, jalma bangun anu teu ngadarèngèeun. Komo wanci Magrib mah, pan sasatna waktuna tèh pondok pisan. Sakapeung sora panggero tèh ngan lir tembang anu ngan saliwatan, teu ngaja­dikeun ajakan pikeun sumujud.

Gusti ieu kitu tandana hate nu geus mimiti disalimutan ku hali­mun bebeneran ? Padahal nyaho yèn nitah buru-buru meungpeung aya kènèh waktuna samèmèh po­rot, meungpeung hirup kènèh di dunya samèmèh maot. Jiga nu rèk salawasna hirup tèh ! (*)

============================================================
============================================================
============================================================