Hariring-Dadang-HP

Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

NGOBROL jeung nu “saihwan” tètèla matak pogot jeung ampir poho kana waktu, teu karasa jol-jol sore wèh, padahal poè èta tèh boga kènèh kawajiban ngabèrèskeun pagawèan. Komo deui ieu mah, bari dibaturan ku guramè bacem jeung nu sèjèn-sèjènna, wah, mun teu aya pan­cèn sèjèn mah rèk dilayanan nepi ka dur subuh ogè, ceuk nu bo­hong tèa mah.

Kang Dadan, kitu kuring nye­butna, tètèla dina kasundaan mah geuning jero kacida nepi ka hèsè neuleumanana. Ngan èta, kumaha umumna jalma ngarti sok ngagu­nakeun èlmu parè, beuki eusian tèh beuki tungkul, jurus anu di­gunakeunana ogè taya dina dunya pangsilatan, kayaning selup, kelid, suliwa, tonjok bohong jrrd. Ieu mah jurus handap asor tèa, lain lungguh tutut balèg kèong atawa cicing-cicing ngabudi ucing.

Sanajan hirup di dunya mod­ern anu sarwa instant, anjeunna tètèla “ngahargaan” pisan kana tali paranti, pituduh karuhun, hu­susna mah ngeunaan prak-prakan tatakrama jeung ajèn-inajèn anu diwariskeun ti karuhunna.

“Mun dicaritakeun mah nya moal cukup sabulaneun anu kung­si kaalaman tèh, tapi intina mah urang kudu pageuh kana budaya karuhun urang bari didasaran ku agama urang ayeuna. Sabab tètè­la loba pisan nyekrupna tibatan pasaliana,”pokna tèh di kantorna.

Lamun tèa mah Mama Arief Hidayat anu tukang dongèng tèa remen ngucapkeun yèn nyiar lu­ang ti papada urang, nyiar èlmu ti papada mahluk, ku jalan nga­lobakeun silaturahmi, boh ngali­watan jomantara atawa langsung papanggih jeung jinisna, tètèla bener jeung karasa pisan. Ku si­laturahmi, anu tadina jauh jadi deukeut, anu deukeut jadi lay­eut, geus layeut tambah geugeut. Salah sahijina, saur Kang Dadan tèa mah, silaturahmi tèh mageuh­keun ajaran Eyang Prabu anu kawèntar tèa, nyaèta silih asih, silih asah, silih asuh.

BACA JUGA :  Tertimpa Pohon Tumbang, 2 Pemotor di Purwakarta Tewas

“Kumaha bisa dilarapkeun lamun taya silaturahmi, sabab cindekna anu bisa nepikeun tèh ku patepung lawung paamprok jongok,” saurna daria.

Kajadian-kajadian anu lu­mangsung kiwari, diantarana silih jorag jeung sasamana nepi ka nimbulkeun korban pati, ti mimiti pangeusi hiji kampung jeung kam­pung sèjènna, para pangrojong (pendukung) kasabèlasan sepak­bola, barudak sakola, mahasiswa (boh jeung paguron sèjèn atawa di paguronna sorangan) para poli­tisi, harianeun bèda partèy mah, anu sarua partèyna ogè henteu akur, jeung nu sèjèn-sèjènna, pa­nyababna tèh sakapeung mah sok teu sapira pisan.

“Tah kajadian èta tèh mun dilarapkeun jeung wangsit tèa asa nyambung pisan,ieu kitu anu remen disebutkeun dina wangsit yèn dina hiji waktu bakal aya silih cakar jeung sasamana tèh?’ pokna satengah nanya.

Kuring ukur ngahuleng, sabab teu bisa ngaenyakeun ogè teu ny­alahkeun kana pamadeganana. Nu karandapan ayeuna enya kitu, ngan lamun disilokakeun jeung wangsit tèa, kurang apal tah. Ma’lum ceuk paribasana mah, molotot mata peda, molotot tapi teu nempo. Saur anjeunna, wang­sit tèh pituduh, tapi minangka manusa anu dibèrè akal, boh akli jeung nakli tèa, sagalana kudu dis­aring heula.

BACA JUGA :  8 Kebiasaan Pagi yang Sederhana Bantu Bikin Bahagia dan Produktif Setiap Hari, Jangan Lupa Diterapkan

“Lain kudu diteureuy buleud, tapi kudu dipilih jeung dipilah, sabab aya diantarana anu geus teu cocok deui jeung jaman ki­wari. Lamun kolot baheula cenah mangsa ngageroan jalma tèh cu­kup dina sèèng, ayeuna mah geus teu bisa kitu. Telepon keupeul geus aya dimamana, jaba sèèngna ogè geus teu aya lin?”. Anu jelas, aya sababaraha ajaran anu saluyu kènèh tur bisa dilarapkeun dina jaman kiwari diantarana sakuma­ha anu aya dina Siksa Kanda(ng) Karesian, ngeunaan Dasa Kreta, sapuluh panca indra tèa.

Kumaha ngagunakeun ceuli, panon, kulit, lètah, irung, baham, leungeun, suku, beuteung. Sed­eng anu disebutkeun Dasa Prebak­ti nyaèta budak nurut ka bapana, pamajikan ka salakina, badèga ka dunungan, murid ka guru, patani ka wado, wado ka mantri, man­tra ka wangganan, wangganan ka mangkubumi, mangkubumi ka raja, raja ka dèwata, dèwata ka Hyang. Kitu ogè dina su’al tatanya atawa diajar kudu ka ahlina.

Tadaga caritahangsa, gajen­dra carita banem matsyanem carita sagarem, pusp­anem carita bangbarem. Lamun hayang nyaho talaga Tanya ka soang (angsa), hayang nyaho leuweung ka gajah, hayang nyaho laut ka laut, kembang ka bangbara.

“Maksudna mah ulah salah tempat tatanya tatèh,”saurna nu­tup carita.

(meunang masieup ti sababaraha sumber)

============================================================
============================================================
============================================================