Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
PUGUH rada lendeng mikiranana, mangsa aya kagiatan bareng tèh. Nu saurang ngondang rapat bari ngaÂdadak pisan, sawatara anu hiji deui mah geus saminggu surat ondanngna tèh jaba geus jangji ka nu ngondanÂgna rèk datang. Sakumaha adat jeung hukum agama, yèn anu ti leuwih ti heula ditiheulakeun, bari jeung komo geus paheut pisan, nya ahirna milih ngaluuhan Sèrèn Taun Guru Bumi di Kampung Budaya Sindangbarang. Ongkoh pan ieu mah acarana ukur saÂtaun sakali, biheung teuing dina taun hareup bisa nyaksian deui.
Mungguhing umur, taya anu apal saurang ogè. Enya wè ramè pisan, lapangan di payeuneun Balè Agung, mani pinuh ku jalma ti mana-mendi. Bisa nyebutkeun kitu sotèh, pèdah aya jalma anu irungna mancung sarta ngomongna was-was-wus-wès-wos. Basa Inggris sigana mah, sabab dina kecap-kecapna aya nu rada ngarti saeutik. Rèk ngajak ngobrol jeung maÂranèhanana, kalah bingung, rumasa keur sakola tèh rada ngedul jeung kurang pati resep kana pangajaran Basa Inggris. Unggal ulangan peunÂteunna tèh salawasna korsi tibalik, dina meunang genep ogè pèdah wè mantuan mangalakeun suluh pikeun ka dapur bojona.
Sigana ku bojona tèh ditepikeun ka carogèna, yèn kuring geus mangalÂakeun suluh, jadi wè angkana teu beuÂreum deui. Hanjakalna tèh ayeuna, saÂbab kuring jadi teu bisa ngobrol jeung bangsa deungeun. Meureun mun bisa tèh mah, hayang nyaho kumaha pamadeganana ngeunaan acara anu keur dilumangsungkeun. Acara anu pangintina dina kagiatan Poè Radite (Ahad) nyaèta majikeun (ngasupkeun) pare Indung jeung Abah ka Leuit Ratna Inten, anu gilirana ayeuna mah dipuÂpuhuan ku Wulung Tanji (?) atawa resi anu dina susunan “Karajaan†mah minangka panasèhat kaagamaan, sarta satuluyna diturutan ku “kokolot†nuÂlianna. Samèmèhna aya hèlaran anu dimimitian ti imah Bali. Para pamilonÂna tèh nyaèta Parawanten, Rèngkong, pare anu rèk diasupkeun kana leuit, cai anu meunang ngala ti tujuh sumber cai, jampana anu eusina rupa-rupa kadahaÂran, tangkal pakuajajara, tiwu hideung, angklung gubrag jeung kasenian anu aya di sabudeureun Sindangbarang.
“Tah anu ayeuna lumangsung tèh geus ka salapan kalina,â€saur Kiai Yadi atawa Ki Wulung anu meunang pancèn pikeun majikeun pare kana leuit dina Sèrèm Taun ayeuna. NgaÂhudangrasakeun acara Sèrèn Taun anu mèmang geus aya ti babaheuÂlana, tètèla teu gampang, komo diÂanggap di jerona tèh aya hal-hal anu dianggap teu sapagodos jeung ajaran Islam, ageman anu diagem ku urang dinya. Saurna, bisa jadi baheula mah kagiatan ngubur hulu munding tèh aya, ngan saentas “direvitalisasiâ€, nu kararaitu tèh geus dileungitkeun. Tapi sanajan kitu, angger kènèh aya nu boga anggapan yèn Sèrèn Taun tèh, bisa jadi sumber kamusrikan. Padahal mun dititènan kalayan daria, prak-prakanana geus “Diislamkeunâ€, kaasup nangtukeun waktu (dina buÂlan Muharam, salah sahiji bulan anu dimulyakeun ku Allah tina opat bulan dina sataun) jeung nu lianna. Komo palebah ngadu’anana mah.
Kampung Sindangbarang anu kaÂmari boga gawè, dumasar kana naskah naskah Pantun Bogor Curug Sipada Weruh, geus disebut-sebut samangÂsa Pamarèntahan Rakean Darmasiksa atawa Prabu Wisnu Barata anu netep di Kota Pakuan dina abad ka 12.
Di jaman Prabu Wisnu Barata perkembangan agama Sunda kawilang cepet. Diantaran ku ayana 3 kitab suci agama Sunda nyaèta, Sambada , Sambawa jeung Winasa anu lobana 800 ayat. Cutatan Pantun Bogor ngÂabèwarakeun Pikukuhan Agama SunÂda dituliskeun dina Layang Sambawa, Sambada,Winasa, anu diserat ku ku Prabu Wisnu Barata.
Nya inyana anu tukang tapi ti ngogora. Nyainyana anu sanyeunyana ngagalurkeun jadi kabehan pada ngarÂti agama anu kiwari disebut Agama Sunda Pajajaran tea. …â€
Dina mangsa pamarèntahan Rakèan Darmasiksa, mantenna kungsi marèntahkeun ngadamel Undakan-undakan suci di Sindangbarang. SaÂkumaha cutatan anu nyebutkeunâ€Ulah Sindangbarang geusan tata pangkat diganti deui, Sang Pamanah Sang Darmajati, tanah lemah tutup bumi , tutup buana dat mulusna… (Hanca).