Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
“RÈK jam sabaraha miang tèh?†ceuk Mang Dudi , mamang kurÂing ti indung, nanyakeun ka anakna anu rèk ka Ciamis, ngaÂluuhan anak uwa anu rèk nikaÂhan.
“Engkè wè pa ba’da Isya, ambèh salsè. Upami wengi mah rada rinèh, tos kitu akad nikahna ogè pan tabuh sapuluhan. JantÂen kabujeng kènèh ngahadiran walimah mah,†tèmbal KusnanÂdar.
“Naha kudu bada Isya, Kus? meureun taya waktu pikeun istirahat. Kacipta capèna mawa mobil sorangan mah,â€kuring nanyakeun.
“Manawi kang, hoyong shalat berjamaah Isya heula di dieu. Upami Ba’da Ashar mah, kapameng ku Magrib, ma’lum perjalanan jaman kiwari mah, seueur pisan macètna, bilih pas wanci Magrib kaleresan di tenÂgah jalan,â€pokna tèh. Ngadèngè jawaban kitu tèh, kuring ngarasa reueus, bungah anu aya. Tètèl ajaran bapana, nerap pisan. SaÂbab di jaman kiwari mah, asa rada langka anu ngutamakeun kawajiban ahèrat, ngadasarkeun pagawèan anu bakal dilakonan ku ngaheulakeun kawajiban anu pangutamana.
Sabab pan umumna mah anu diburuna tèh waktu, nepi loba anu ninggalkeun kawaÂjiban “ngadeuheus†ka Gusti Allah. Manusa leuwih loba anu sieuneun katinggaleun ku karèta api, kapal udara, kapal laut, kuÂsabab kudu gawè, jangji jeung sasamana. Tapi jangji ka Allah loba anu diluli-luli, atawa dièngÂkè-èngkè, keuna ku kecap kagok.
Kagok keur nganggeuskeun pagawèan, kagok keur rapat, ah pokona mah kagok ku saÂgala urusan dunya. Loba anu rinèh, loba waktu kuasabab mèÂmang kasabna teu diudag-udag teuing ku pagawèan, atawa anu geur rèngsè dina ngabaktikeun tanagana ka nagara, tapi dina palebah ibadah mah, angger wè henteu ngarasa salsè. Harianeun anu cicingna di wewengkon KaÂbupatèn Bogor, hèg boga kasabÂna tèh di Jakarta, Indit samèmèh Subuh atawa janari leutik, muÂlang geus tengah peuting.
Anu aya tèh ngan meunang capèna wungkul (lamun teu diÂbarengan ku ibadah mah). Sabab saur Ustad Dudi, lamun diibaratÂkeun shalat mah angka hiji, atawa tihang agama. Jadi lamun tihangÂna teu diadegkeun, angka hijina tèh leungit. Ibadah lainna tèh jadi taya nilèyna pisan, sabab rèk diÂmana “disangsangkeunanaâ€.
Waktu di jaman kiwari, jadi hiji “benda†anu kacida gedè nilèyna. Lamun ceuk bangsa deungeun, time is money, ceuk urang Sunda mah, wanci tèh mustari, mangsa anu utama. Dina Qur’an ogè jèntrè pisan, dina Suat Al –Ashar, kumaha pentingna waktu dina kahirupan manusa sapopoè.
Demi wanci. Satemenna jalma aya dina rugi