Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BI Emèh nepi ka sababaraha kali muka catetan balanjaan jeung ngitung duitna anu masih kèÂnèh aya, asa teu percaya, malah meureun asa di alam pangimpian, sabab daftar anu kudu dibeulina panjang kènèh sedeng duitna jauh tina pimahieun.
Manèhna ngarasa mokaha, marukanna mangsa pamarèntah ngabèwarakeun yèn BBM henteu tulus dinaèkeun, atawa ditunda salila 6 bulan kahareup, hahargaan langsung turun, tètèla jauh tina sangkaanana.
Dina hatèna kutuk gendeng teuing nyalahkeun ka saha, naha ka pamarèntah anu ngumumkeun ti heula yèn bèngsin naèk, atawa ka Koran, radio telepisi anu reÂmen teuing ngaberitakeun pasuaÂlan èta, nepi ka bisa mangaruhan kaayaan di pasar, tur ngabaluÂkarkeun hahargaan nèrèkèl.
Uteukna anu ngan lulusan sakola dasar inpres, bari jeung ngumpulna ogè jeung papada tukang sayur, teu nepi ari kudu “nganalisa†kabijakan fiskal, moÂnètèr, subsidi BBM, atawa BLBI anu cenah disawèrkeun ka jalma-jalma balaleunghar anu baroga bank, anu kasang tukangna pikeun nyalÂametkeun èkonomi nasional.
Pikeun manèhna mah itung-itunganan basajan pisan, nèangan panambahna pikeun nyukupan balanja sapopoè, sabab pamèrè salakina teu cukup pikeun sabulaÂneun. Unggal bulanna geus kajudi, saanu tah, ditambah ku buburuh nyeuseuh, cukup sabulaneun.
Tapi itungan sabulan kuÂlawargana geus pasti moal bisa ngungkulan balanjana Gayus Tambunan, atawa anggota dèwan, jauh tangèh pisan. Ku teu boga hutang ka warung ogè jeung nyaÂkolakeun budakna lulus ti SMA, bari jeung ayeuna gawè jadi tuÂkang kuli bangunan, ogè geus piÂrang sujud sukurna.
Rèk dikumahakeun deui usaha mah rarasaan geus cukup, sual budakna mah, keun wè kumaha ketak manèhna jeung nasib kaÂhareupna. Maenya teuing rèk kitu waè, ceuk pikirna, hiji waktu mah pasti nasibna tèh robah.
Sanajan hirupna beunang disebutkeun pas-pasan, tapi ari mayer pajeg taneuh jeung wanguÂnanana mah, tara kungsi elat, keur mah taneuhna ngan sacangkèwok, imahna ogè ngan sagowong, ataÂwa dina mayar listrik, can pernah ngalaman didengda.
Salaku manusa manèhna ogè boga catetan, hususna ka jalma –jalma anu nawarna kadedemes, bisana nyawad dagangan, jeung mayarna kuled. Sakapeung mah, ceuk pamikirna sok teu asup akal ari mobil ngarèdès, imahna tohaga, emasna reunceum, palebah nawar dagangan matak pinyerieun hate.
Malah catetan hutangna ogè rèmbèl, paribasana tèh kagok taya duit leutik, mangsa ditagih, kalahÂka lewih galak manèhanana. LanÂtaran ngarumasakeun jalma leutik, mun dilawan mah lir iwak nangÂtang sujèn, cècèndè mandè kiara, jalan kaluarna mah nya ngèlèhan manèh, dagangna teu ngaliwat ka palebah dinya.
Bi Emèh ngan bati bingung wè anu aya, rèk ngadu ka saha urusan hutang sayur anu ngan ukur lima puluh rèbu pèrak.
Ka pulisi ? ka RT, sigana moal aya anu ngadèngè, sabab panÂgajina teu sabaraha. Tapi pikeun maèhna mah duit sakitu tèh, salian ti untungna tèh, kaasup jeung modalna sabagèan.
“Emh kaya kieu mah dagang tèh beuki ngurangan baè atuh, kudu nèangan kamana deui, pikeun nambahan modalna?†ceuk gerentes hatèna. Maenya kudu ka bank keliling mah, ti heula ogè kungsi nginjeum kapok cenah.
Saentas nginjeum tèh, pikeun mayarna nepi ka kudu ngajual cingcin kawin pamèrè ti salakina. Sigana mah, aya panyabab sèjèn anu ngabalukarkeun dagangna bangkrut, riba tèa.
Pan geus jelas saur Ustad Tatang dina saban pangajian , yèn riba tèh haram sakumaha dijelasÂkeun dina Surat Al Imron 130, anu eusina ngalarang ka jalma-jalma anu ariman ngadahae riba kalayÂan manglipet-lipet sarta naritah taqwa ka Allah supaya meunang kauntungan.
“Kitu ogè Kangjeng Rasul ngadawuh dina salah sahiji hadistÂna, ngalaknat anu ngahdahar riba, anu mere dahar, ku hasil tina riba, juru tulis nuliskeun kajadinana, dua urang saksi, sarua dosana tèh,†ceuk Ustad Tatang.
Numatak ti harita Bi Emèh buru-buru ngajual cingcin kawin pikeun ngalunasanana. Ngan mangsa manèhna keur butuh modal pikeun nambahan daganÂganana bari jeung jumlahna ukur ratusan rèbu, angger wè bingung kudu nginjeum ka saha.