Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

KEUR ngalamun bari nem­pokeun cihujan anu ragrag tina tungtung daun rambutan, jeung cileuncang nu minuhan pakaran­gan, teu kanyahoan datangna, ujug-ujug aya nu baramaèn di hareupeun, puguh wè reuwas kaliwat saking, lain babasan.

Teuing pèdah ngalamunna jero teuing kitu? nepi ka teu nyaho aya nu datang. Pangna wani nyebut baramaèn tèh, pè­dah wè pakèananana rudin jeung loba tatambalan, buukna gimbal jiga nu geus mangtaun-taun teu pernagh diangir atawa ngambeu sampo, kitu ogè awakna.

Eta baramaèn tèh, teu lemek teu nyarèk, ukur nempokeun mani seukeut. Nempo galagat kitu tèh gancang, kuring ngodok pèsak, meneran aya rècèh dua rèbu song wè dibikeun.

Duit ditarima, sarua jeung basa keur datangna, balikna ogè sarua teu ngomong-ngo­mong, sumawonna nganuhun­keun mah.

Ah, teu papanjangan ieuh, anu aya tèh jadi inget ka sa­babaraha kajadian anu kungsi dicaritakeun ku Kang Shahlan ngeunaan sikep Kangjeng Rasu­lullah SAW ka saurang baramaèn urang Yahudi.

Derekdek wè anjeunna tèh nyaritakeun hiji riwayat kumaha sikep Kangjeng Rasul dina nga­layanan baramaèn.

Di juru pasar Madinah Al Mu­nawaroh, aya saurang baramaèn urang Yahudi anu lolong. Tah la­mun aya anu ngadeukeutan, èta tukang baramaèn tèh sok nyarita kieu.

“ Hè baraya, kahadè ulah nga­deukeutan Muhammad, manèh­na tèh jalma teu waras, tukang bohong, tukang sihir, lamun ma­nèh ngadeukeutan manèhanana pasti bakal dipangaruhan,” ceuk nu baramaèn.

BACA JUGA :  7 Manfaat Bawang Merah untuk Kesehatan, Wajib Tahu!

Padahal unggal isuk, Rasu­lullah, SAW, ngadatangan ma­nèhna bari jeung mawa kadaha­ran, sarta tara nyarios nanaon, ngahuapan katuangan anu di­candakna, sanajan èta baramaèn salawana mesen ka saban jalma sangkan ulah ngadeukuetan jal­ma anu ngaranna Muhammad.

“Kangjeng Rasulullah, ngala­konan padamelan èta, dugi ka bade pupus. Saparantos man­tenna pupus taya deui anu mang­nyandakeun katuangan, unggal dintenna ka baramaèn urang Ya­hudi èta,” saur Kang Shahlan. Hiji waktos, Abu Bakar R.A, nganjang ka putrana, Aisyah, rha.

Anjeunna naroskeun ka Ai­syah, bilih aya padamelan anu can dilaksanakeun. Siti Aisyah, ngawaler yèn ampir sadaya sun­na parantos dilaksanakeun, iwal ti hiji nyaèta Kangjeng Rasull unggal ènjing, mangnyandakeun katuangan ka baramaèn urang Yahudi anu aya di juru pasar Ma­dinah.

Enjingna, Abu Bakar Sidik, nyumpingan bari nyandak kat­uangan pikeun baramaèn èta. Sawaktos, anjeunna ngahaua­pn, èta baramaèn naros ka Abu Bakar.

“Saha anjeun,” ceuk èta bara­maèn ambek bari gogororowo­kan.

“Kuring jalma biasa,”waler Abu Bakar.

“Lain, manèh lain jalma anu biasa datang ka dieu,”pokna tèh. Sabab lamun manèhna datang, henteu kawas kieu, kuring hen­teu kudu hèsè ngahuap, sabab kadaharan èta geus dilemeskeun ku bahamna samèmèh di hua­pkeun ka kuring, ceuk èta bara­maèn.

Abu Bakar teu kuat nandangan kasedih, cipanonna nyurulung, anjeunna nangis bari nyarios ka èta baramaèn yèn dirina mèmang lain anu biasa datang kadinya, tapi salah saurang sahabat manusa anu pangmulyana èta.

BACA JUGA :  Kecelakaan Truk Tronton Tabrak Toko-Rumah Warga Jepang Kudus, Diduga Rem Blong

“Anu sok sumping unggal èn­jing kadieu tèh, nyaèta Kangjeng Rasul Nabi Muhammad Salallahu Alaihi Wassalam,”waler Abu Bakar.

Saentas ngadangu, waleran ti Abu Bakar R.A, èta baramaèn ceurik, sabab salila ieu manèh­na ngahina jeung nyacampah mantenna. Malah remen pisan mitnah, mantenna teu pernah bendu, sanajan unggal enjing nyumpingan, bari jeung ngahua­pan dirina. Meureun di jero di­rina, aya kahanjakal anu kacida anu kacida luar biasana, mani nyelek, dina jero dadana.

Malah mun kongang mah meureun ngajerit maratan lan­git, ngocèak maratan jagat. Nu baramaèn èta, ahirna ngucap­keun dua kalimah Sahadat dipa­yuneun Abu Bakar nandakeun yèn dirina asup Islam.

“Tah urang tèh dicontoan mani sakitu sabarna ku Kangjeng Rasul, moal kaudag atuh, ngan ulah nepi ka kudu ngusir mah, dian teu bogana ogè, ku basa anu lemes jeung teu matak ngara­heutkeun hatèna,”saur Ki Shah­lan.

Malah, bisi anu datang tèh lain baramaèn sabenerna, bisi co­baan sabab kungsi kacaritakeun yèn saentas ngusir nua baramaèn tèh, meunang musibah anu gedè kacida, sabab tètèla èta tèh ujian ti Allah anu diwujudkeun ku aya­na baramaèn.

Jadi tegesna mah urang tèh, salawasna kudu ngajaga sikep di mana waè ayana, sabab bagya cilaka jodo pati tèh datangna teu disangka-sangka. (*)

============================================================
============================================================
============================================================