Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
BIASANA dina unggal upaÂcara, sok aya “mengheningkan cipta†dina eusina aya acara ngadu’akeun para arwah pahlaÂwan anu geus taya dikieuna, boh anu gugur di mèdan danalaga, atawa para pahlawan anu sempet ngarasakeun kamerdèkaan sarta dikurebkeun di Taman Makam Pahlawan kulantaran jasa-jasana ka lemah cai.
Sakurangna dina acara èta aya nginget-nginget jasa para pahlawan anu geus ngamerdèkaÂkeun bangsa ieu. Inget ka dinya, jadi inget kana papatah karuhun baheula anu eusina Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke.
Aya ma beuheula aya tu ayÂeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangnaâ€. anu pihartieunana ; Aya bareto aya jaga, lamun teu aya bareto moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna, lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya daÂhan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalnaâ€.
Jadi nginget-nginget jasa para pahlawan tèh, salah sahiji pangwuÂjudan budaya karuhun anu kudu dimumulè, kusabab bisa nginget-nginget saha jeung timana urang, atawa sakurangna nyaho kana purwadaksina anu ku Bung KarÂno mah diistilahkeun Jas Merah, atawa jangan melupakan sejarah, tong mopohokeun sajarah.
Sakumaha disebutkeun dina Wikipedia, disebutkeun yèn dina naskah Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian aya anu ngeunaan rupa-rupa kamonésan dina widang kaÂbudayaan, di antarana mémén (dalang), paraguna (ahli karawiÂtan), hémpul (ahli kaulinan), prépantun (juru pantun), lukis (seni batik), jeung darmamurcaya (juru basa nu ahli rupa-rupa basa deungeun).
Dina naskah éta ogé kasebut sababaraha carita, lakon pantun, jeung kitab pusaka kaagamaan, nu ngabuktikeun yén dina mangÂsa harita kasusastran tulis Sunda geus mekar. Gedé kamungkinaÂnana yén jenis sastra mangsa harita mah lolobana dina wangun sastra lisan, kayaning jampé-jamÂpé, pupujian, lagu-lagu kaulinan, kawih jeung carita pantun, jeung carita biasa.
Anu matak kataji diantarana disebutkeun diantarana ngeuÂnaan batik, tapi tepi kakiwari batik anu asalan ti kabaheulaan naha bet taya wujudna. Batik Bogor anu aya, anu motifna, huÂjan, kidang jeung kujang, èstu pagawèan anyar pisan, encan nepi ka puluhan taun. Padahal dina Siksa Kanda(ng) Karesian disebutkeun jelas-jelas aya batik.
Ngan anu mana jeung anu kumaha? Teu disangka-sangka, asa mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas, tadi peuting tèh diajakan ka salah saÂhiji “kasepuhan†tapi ngora. KuÂsabab cenah ceuk para ahli anu waskita kana nu kararitu, enya warugana mah, waruga ayeuna, hartina hirup di jaman ayeuna, tapi eusina mah datangna ti kabaÂheulaan.
Kusabab kuring mah boga panon tèh bolostrong molototna ogè mata peda, nya basa dua “kasepuhan†ngobrolkeun nu kararitu tèh ukur bisa molohok ngembang kadu, malah sakaÂpeung mah garo-garo teu ateul, teu ngarti tèa.
Tah kasepuhan anu di Karadènan tèh, nyaritakeun yèn baÂtik Pajajaran (Bogor?), anjeunna mah teu wantuneun nganamian kana jinis batik èta, saujrtana enÂcan sempet di kana lawonkeun.
“Tah anu aya ogè masih dina keris,â€pokna bari nuduhkeun saÂbababraha keris anu dina warugaÂna aya gambar-gambar diantaran kembang mangle, jeung rèa-rèa deui. Hanjakal deuih, harita ka dinyana tèh peuting, jadi teu bisa jelas nempona. Sigana lamun ti beurang mah, motifna tèh jelas, salian ti gambar kembang malati tèh, aya gambar-gambar sèjènna.
Lamun tèa mah, motif atawa gambar anu aya di ratusan keris tèh, bener-bener batik anu asalÂna ti alam baheula, tulisan dina Siksa Kandang karesian tèh bener ayana. Komo deui lamun hèg bisa dijadikeun ciri batik wewengkon, misalna Batik Pakuan.
Meureun lèngkahna tèh, diÂantarana nyusud tapak baheula ngeunaan batik èta, sugan wè kapanggih raratanana, pikeun ngalengkepan sakumaha anu diÂcaritakeun dina kitab di luhur. Sabab cenah, sabagèan sajarah tèh masih kènèh “nyararumput†tur bakal (di) kaluar(keun) lamun geus mangsana datang. Tah anu hèsè tèh nangtukeun mangsana èta, iraha atuh nya? Mugia wè nu nyarumput tèh geura “kalaluarâ€.