Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
LAMUN tèa mah kungsi aya nu nyebutkeun utamana para kasÂepuhan anu waskita permana tingal, yèn sabagèan sajarah Pajajaran masih kènèh kalimÂpudan halimun sakumaha sok disebutkeun ku para dalang, dititipkeun di handeuleum sieum geusan sampeureun, disimpen di hanjuang siang geusan alaeun.
Salah sahijina, sawaktu ngoÂbrol jeung Kang Agus, “kasepuÂhan†urang Cigombong . Ari dina umurna mah teu beunang diseÂbutkeun tos sepuh, da jauh sahÂandapeun kuring, ngan “eusina†mah jigana tèh beunang disebutÂkeun sepuh.
Aya sababaraha obrolan Kang Agus anu matak nambahan kapaÂnasaranan, jeung sakuduna diÂbuktikeun, pikeun ngajèntrèkeun pasualaanana. Sabab dumasar kana pangalaman, aya pertanda-pertanda anu datang ngaliwatan pituduh “gaib†ngeunaan saÂbabaraha tempat karuhun anu masih nyamuni atawa nyumput.
Salahsahijina carita, ti saÂlahsaurang gegedèn Bogor, anu kungsi dibawa nganjang ka hiji tempat, malah èta mah lain ngimÂpi tapi dina kaayaan jaga. CariÂtana tengah peuting, mangsa rèk meuli bubur hayam di Jambatan Mèrah, ujug-ujug aya maksa ngaÂjakan milu dina angkot. Teuing kasima, teuing kumaha, teu semÂpet mikir panjang ieuh, clak wè milu kana angkot èta.
Aya kana sajamna mah ceÂnah perjalanan ka anu dijugjug tèh, sanepina ka dinya, tuluy diÂtungtun ka hiji tempat anu rada suni, di hiji pasir anu kawilang luhur. Tah ku aki-aki èta tèh, èta gegedèn di titah ngadu’a, ari èta aki-aki hayoh kalah mantun. SabÂot ngadu’a bari ngararasakeun hawa gunung anu tiis, jeung rada keueung sabab teu nyaho dimana ayana, èta aki-aki tèh ngalèos teuing kamana.
Gancang caritana, dua poè ti harita anjeunna tèh ngahaÂjakeun maluruh kana mobilna. Rada anèh, sabab mani asa jauh pisan, teu kawas diajakan kana angkot. Caritana tempat anu ditèangan tèh kapanggih ogè, ngan kulantaran teu apal ngaran jeung kasangtukangna, anjeunna nyuhunkeun tulung ka salahsauÂrang budayawan pikeun ngaroris. Horèng anu dimaksud tèh Arca Domas anu aya di Cibalay tèa.
Tah kitu ogè sakumaha anu dicaritakeun ku Kang Agus anu nyebutkeun yèn di wewengkon Sukaraja aya batu kasur anu mangrupa batu pangistrènan raÂja-raja Pajajaran basa rèk ngamiÂmitian nyekel kalungguhan.
“Sabab unggal raja anyar anu rèk nyekel kakawasaan tèh kudu disumpah, geus kitu ungÂgal raja boga batu pangistrènan sorangan. Anu di Sukaraja tur ayeuna kajempèt tangkal tèh tilas pagistrènan Raja NilakÂendra, sedeng watugilang anu dibawa ka Banten èta tilas panÂgistrènan Raja Surawisèsa naÂlika jadi Raja Pakuan Pajajaran ngagentosan sepuhna Sri BaÂduga Maharaja Ratu Haji Pakuan Pajajaran,â€pokna daria.
Caritaan Kang Agus, anu ceuk pangakuanana, meunang harèÂwos ti dunya sèjèn anu saterusna dibuktikeun sakumaha pituduhÂna, tètèla kabuktian. Saujratna, teu saeutik paninggalan-paningÂgalan sajarah anu kakara kapangÂgih dina wangkid kiwari teu pernah kacatet dina sajarah anu geus aya, nepi ka hèsè kumaha ngadalidisna. Conto anu haneut kènèh nyaèta ratusan hèktar situs di sabudeureun Kampung Budaya Sindangbarang, pan teu kungsi kacatet dina sajarah anu ayamah.
Kapaluruhna tèh, aya dina bait-bait pantun atawa babad rahayat anu dianggap teu bisa dijadikeun pikeun ugeran kasajaÂrahan. Sajujurna, pantun atawa carita rahayat tèh, dalah dikumaÂha ogè, ngagambarkeun carita di jaman baheula.
Ngan meureun kulantaran di jaman harita mah, jeung kabiasaan karuhun urang baheula, nulisna tèh ngan satulis-tulisna, sarta dina ngaluarkeun kereteg hatèna, boh dina lisan atawa tulisan, lolobana ku siloka, atawa dina prak-prakana malapah gedang nepi ka teu bisa nyebutkeun kalayan jentrè anu boga lalakonna.
Atawa bisa jadi ku hurmatna ka raja, “teu wasa†nyebutkeun ngaran salina. Diantarana nyebut Prabu Surawisèsa ku Guru GanÂtangan, malah meun teu salah ka Sri Baduga Maharaja anu diidenÂtikeun jeung Eyang Prabu SiliÂwangi ogè, nyebutna tèh cukup ku Eyang Prabu wungkul atawa ku gelar sèjènna, kayaning Prabu Tanduran Gagang, Prabu Haris Maung, jrrd.
Jadi taya salahna lamun ku urang didalidis nya ! Lamun kitu mah tètèla loba kènèh anu can dibuka sarta masih “disumputÂkeunâ€. Boh di alam lian, atawa dina siloka kahirupan. (*)
nyungkeun pituduhna simkuring hoyong terang jati diri nu saleres na nu saenya na