Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

Tadina mah, rada males kudu ka Balèkota isuk-isuk tèh, sabab panon mani karasa cepel pisan. Hawa tunduh masih ngagayot dina juru panon, sa­bab tadi peuting tas ngabung­bang nepi ka isuk, lalajo semi final maèn bal antara Jerman jeung Spanyol. Teu rugi, sana­jan kudu nahan pitunduheun ogè, sabab Spanyol meunang. Enya geuning maèn bal mah, rada hèsè diteguh, disangka meunang kalah kèok, dianggap bakal èlèh.èh maènna kawas anu kaasupan sètan.

Kulantaran anu nelepon tèh Kang Teddy SAO, nya bari tunduh-tunduh ogè mak­sakeun nemonan pamundut anjeunna. Enya wè datang ka nu dijugjug tèh geus loba jalma, tangtuna para pangurus Pa­guyuban Pasundan Kota Bogor. Bèrès ngadeuheus ka Pa Wali, sakabèh pangurus ngarum­pul di sekretariatna, biasa wè nyawalakeun anu bakal dipi­gawè atawa ceuk gagahna mah nyusun program ka hareup. Sabab sababaraha poè nu bakal datang, pangurus anyar bakal diistrènan. Ari kuring mah nya kitu tèa, lauk buruk milu mijah, resep ruang-riung jeung palang-pulung. Ngalaksanakeun piwu­ruk sepuh, yèn silaturahmi tèh salian ti manjangkeun umur ogè bisa nambahan rejeki.

BACA JUGA :  KURANG ELOK PRAMUKA BERUBAH DARI EKSKUL WAJIB JADI PILIHAN

Saur Kang Teddy SAO, salah saurang pangurus Paguyuban Pasundan anu idek liher dina dunya pendidikan jeung ka­sundaan, Allah nyiptakeun sagalana sapasang-sapasang. Aya beurang aya peuting, aya awèwè aya lalaki, bungah jeung bagya, hirup jeung maot.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Tah karuhun Sunda ogè kitu, resepna tèh kana papasan­gan, sabab lamun teu kitu meu­reun moal aya urang jeung moal aya kolot urang,. sanggemna. Euh meureun anu dimaksud­keun anjeunna tèh urusan jodo. Leres pisan atuh kang, urusan èta mah, malah lain ngan ukur sapasang tapi seueur anu mung sanès hiji, sanajan sarangkep ogè, pan aya nu hiji pikeun dua, tilu nepi ka opatna, anu gaduh kawantun mah, bari jeung ya­kin bisa adil pikeun babagina mah nya hè.hè..hè. Lain ngan saukur babagi nafkah lahir wun­gkul kayaning ngaimahan, ng­abajuan, maraban tapi nafkah batin ogè kang nya.

============================================================
============================================================
============================================================