Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

DI kampung kuring baheula aya bèngkèl mobil leutik, teu masang mèrk, tapi pada ngajugjug, pasèn­na lain wungkul urang deukeut, tapi nu jararauh ogè daratang ngadon ngomèkeun mobilna di tempat èta. Nu bogana jeung montirna, Kang H. Ujang Padla, al­marhum. Sakumaha bèngkèl anu teu dirojong ku alat-alat modern sarta, muka bèngkèlna tèh cukup di buruan imahna. Atuh mobil anu diomèanana ogè teu ditiungan sa­kumaha kawas di bèngkèl gedè, ieu mah kahujanan jeung kapa­nasan. Tapi teuing kunaon, anu nyerpis ka anjeunna teu pernah kurang, unggal poèna tèh nam­bahan waè. Horèng manahorèng, anu datang ka dinya mah, tara nepi dua tilu balikan. Komo anu dibenerkeunana urusan mesin, tara pernah aya anu kuciwa, èstu cek greng pisan. Hiji mangsa kur­ing kungsi nanyakeun ka nu keur menerkeun mobilna, kunaon jauh-jauh datang ka bèngkèl èta.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

“Lantaran mobil kuring mah mobil kolot, samèmèh ka dieu tèh kungsi nguriling heula ka tempat sèjèn, ngan rata-rata teu sanggu­peun, make kudu turun mesin sagala, padahal anu diomèanana ngan saeutik. Bener ari ka ahlina mah, geuning teu hèsèeun jeung teu lila deuih,”kitu tèmbalna tèh.

Jigana hukum bèda ti nu sèjèn bari jeung hasilna alus, lumaku kana widang sèjènna, sanajan di sikluk-sikluk lembur, paribasana mah sanajan di punclut gunung ogè, angger ditèangan. Kitu ogè sabalikna, sanajan di tengah kota, lamun serpis atawa dina cara ngalayananana gorèng mah, tara aya nu nempo-nempo acan. Sumawonna daratang boh nga­don menerkeun mobil atawa bal­anja, komo deui loba diantarana geus dikuciwakeun, wah alamat ngajèngjèhè tah. Sabab di jaman kiwari mah sumebar bèjana tèh (boh anu alus atawa nu gorèng) mani cepet pisan. Ceuk basa Ki Dalang mah, selenting bawaning angin, kolèpat bawaning kilat tèa.

============================================================
============================================================
============================================================