Hariring-Dadang-HPTENGAH peuting di Jambatan Mèrah mah, kawas ti beurang, loba pisan nu daragang. Komo marengan malem Ahad, beuki peuting beuki ramè. Jalma-jalma anu baralik gawèna tengah peuting sok nyarimpang heula ka Jambatan Merah, lamun teu ngadon ngabubur, ngadoclang atawa dahar nu sèjènna. Tengah peuting, hawana tiis pisan, pastina ni’mat pisan pareng dieusian ku bubur hayam panas atawa haneut, ditambah ku sate usus atawa sate hate jeung nu lianna. Bubur hayam di Jambatan Mèrah geus kakoncara kaman-mana, sanajan nu daragang di tempat èta teu pernah nyebutkeun bubur ti mana.  Nu daragang bubur teu pernah ngamerekan, Bubur Cianjur, Bubu Bandung atawa ngaran bubur sèjènna. Nu aya di dinya pastina Bubur Hayam  Bogor sanajan teu dingaranan Bogor ogè. Nu daragangna ogè sigana tumurun tumurun. Salian ti Bubur Hayam aya ogè doclang anu kawilang kawèntar. Disebut kawèntar tèh, aya Ki Sobat urang Ciputat anu ngahajakeun hayang dahar doclang di Jambatan Merah. Bubur jeung doclang sigana bakal salilana mapaèsan Jambatan Merah, sabab lamun taya dua jinis kadaharan ieu, nu sèjènna bakal kurang afdol. Kadaharan nu sèjèn mah lain pikeun ngawaregkeun.

Lantaran balik tèh harita peuting pisan, ongkoh malem Jumaah, basa patih goah nga-SMS mènta dipangmawakeun doclang tèh, gancang wè disanggupan, da hargana teu sabaraha ieuh. Kahiji karunya sabab menu dahar di imah tara anèh-anèh kusabab waragad  pikeun balanjana pas-pasan pisan, kadua tanda nyaah, katiluna mah  nyaèta pikeun sarat muka tulak panto jeung  muka lawang sigotaka. Kumaha lamun pundung, teu daèkeun muka tulak panto jeung lawang sigotaka, pan sarè tèhem meureun kudu di luar, teu kacipta kumaha tirisna. Ringkes caritana nepi wè ka Jambatan Mèrah , anu masih kènèh ramè pisan.  Doclang di Jambatan Merah harga sabungkusna Rp 10 rèbu ayeuna mah, baheula mah mun teu salah ukur Rp 6 rèbu. Pantes kituna mah, sabab harga-harga kadaharan di jaman ayeuna mah  pastina marahal, boh bèas, minyak, gas sarta nu lianna.  Sapu;uh rèbu ogè kawilang teu mahal, sabab matak wareg, dahar di warteg, warung Sunda ogè teu jauh ti sakitu sarua  waregna. Kadaharan lianna anu kawilang kakoncara nyaèta Leupeut Maseng, salin ti badag mani benteng. Kulantaran kitu, nepi ka aya paribasa kawas leupeut maseng pikeun awèwè anu bitisna badag bari jeung eusi. Lamun hayang ngasaan leupeut Maseng dijualna di sisi jalan sapanjang Ciderum Kacamatan Caringin, atawa jalan anu arèk ka Sukabumikeun lamun ti Bogor mah.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Kulantaran bisa rada lila umurna (henteu tèrèh basi) leupeut ieu mah bisa dipakè olèh-olèh keur mitoha, rada anèh puguh ogè tibatan kuèh buatan pabrik mah, sabab kuèh nu kararitu tèh geus loba pisan di swalayan  jeung warung-warung leutik di pilemburan. Komo ngadeukeutan Lebaran mah, teu sirikna kuèh kalèng ampir aya di unggal imah.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Kitu  ogè kadaharan khas ti kota sèjèn boh tahu Sumedang, Dodol Garut,  gorèngan Bandung, Hui Ciumbuleuit pan ayeuna mah teu hèsè meulina, dimana-mana ogè aya, teu di daèrahna wungkul, Di Bogor ogè ngaleuya, kari daèk jeung boga duitna.

Tah ngeunaan doclang anu keur dikeureutan  pikeun kuring boga carita sorangan, sabab bisa jadi ubar raheutna hate pamajikan. Lantaran pamajikan karesepna doclang, jadi mangsa keur ambèk tèh bisa diubaran ku doclang. Kitu ogè lamun malem Jumaah balikna rada peuting pikeun muka tulak pantone tèh pan bisa ku doclang Jambatan Merah. Pikeun anu keur pasèa jeung patih goahna, taya salahna nyobaan  mawa doclang hèg didaharna babarengan,  komo mangsa tengah peuting mah, sigana mah bakal niiskeun anu keur parasèa. Sok lah dicobian, Doclang pikeun muka tulak panto jeung lawang sigotaka.

============================================================
============================================================
============================================================