Hariring-Dadang-HP Kang Karyawan Faturahman, manten Wakil Bupati Bogor pernah negeskeuun yèn Kabupaten Bogor benghar pisan ku Benda Cagar Budaya (BCB). Malah lamun dititènan kalayan daria ampir sak­abèhna wewengkon di beulah Ku­lon timimiti Drmaga nepi ka Bant­en pinuh ku paninggalan budaya.

Anu ayeuna kabuki, saur an­ejunna, teu nepi ka 50 persenna. Tètèla teu nyalahan tah, caritaan anjeunna tèh, sabab paningga­lan “budaya” di Bogor, tètèla lain ngan saukur urut karajaan sarta jaman kolonialisme wungkul, tapi anu mangrupa raratan patilasan ulama anu nyebarkeun agama Is­lam ogè kawilang rèa.

Di Jasinga aya Syeh Sochib, di Cibeureum Cisarua, aya Tubagus Andung, Syeh Rosid di weweng­kon Ciampea, Pangeran Sakè di Citeureup sarta rèa kènèh pisan. Geus kitu umurna ogè, lain ngab saukur ratusan taun, numutkeun katerangan aya sababaraha BCB anu umurna nepi ka 5000 atawa 7000 taun saencan Masehi.

BACA JUGA :  JELANG LAGA MALAM INI, TIMNAS VS AUSTRALIA

Diantarana Situs Cibalay ata­wa Arca Domas di Kacamatan Ci­ampea jeung Gunung Sodong di Kacamatan Leuwiliang. Eta tèh ka­kara sabagèanna, sabab teu mus­tahil kahareupna bakal kapanggih atawa kaguar deui, situs-situs sa­rupa kitu. Anu can pati kacarita­keun diantarana di wewengkon Jonggol Cibarusah, Sukamakmuur sarta Parung.

Salah sahiji BCB atawa makam anu kawèntar ka mana-mana sar­ta remen jadi tempat pangjugju­gan nyaèta makam kaum salihin, Syech Syariudin Saheh atawa anu leuwih kakoncara ku asma Pan­geran Sakè anu kumelendang di alam dunya diantara atun 1682 nepi ka 1740 Masehi.

BACA JUGA :  KUSTA, KENALI PENYAKITNYA RANGKUL PENDERITANYA

Pangeran Sakè atawa Eyang Sakè, nyumebarkeun agama Islam mimitina ti Banten saterusna ka Jatinegara Jakarta, Bekasi, Cibaru­sah, Cileungsi sarta dipundut yus­wa di Kampung Karang Asem, Kaca­matan Citeureup Kabupaten Bogor.

Mangsa ngajarkeun agama Islam di wewengkon Bogor, Pangeran Sakè geus masti manggihan halangan anu teu saeutik, ti mimiti kaayaan pangeusi Bogor anu masih kènèh papencar-pencar, kaayaanna masih kènèh leuweung luwang=liweung, ogè meunang anceman ti pihak Pamarèntah Hindia Walanda.

============================================================
============================================================
============================================================