Ditulis ku: DADANG H PADMADIREDJA
TEU ngahaja ulin ka Terminal BuÂbulak tèh, turun tina Beus Trans Pakuan,anu ACna geus kurang tiis, kalahka naèk kana tangga anu ka terminalkeun. Beunang disebutkeun ukur nuturkeun indung suku. Kayaan di Terminal Bubulak, teu jauh bèda ti baheula, jaman keur nambangan kèÂnèh. Mangsa keur tengah poè, kacida panasna, lamun aya angin nu ngahiliÂwir tèh, selengseng wè bau hangseur. Sabab loba kènèh supir anu leuwih resep maseuhan banna ku cikiih.
Padahal wewengkon Terminal disadiakeun toilet boh pikeun kaÂhampangan atawa kabeuratan. KaÂbiasaan kitu tèh jigana geus ngagetih ngadaging, hèsè pisan di robahna. Tapi kètang teu henteu sakabèhna milampah kitu, utamana mah anu , ngajalankeun lima waktu.
Pan meureun lamun pareng keur “maseuhan†ban tèh, bisa jadi cai naÂjis tèh kana calana, komo deui lamun nepi ka di kumbahna tah, panakol bedug tèh. Padahal dina salah sahiji hadis disebutkeun yèn anu teu ngÂumbah laranganana mangsa tas kaÂhampangan, di ahèratna bakal meuÂnang hukuman anu peurih kacida. Sakumaha diriwayatkeun dina Hadist Bukhori ti Ibnu Abbas ra.
Anjeunna nyarios, sawaktos Kangjeng Rosul ngalangkungan dua kuÂburan, mantenna ngadawuh saenyana duanana keur disiksa, jeung duanana henteu disiksa dina kaayaan anu beurÂat (keur maranèhanana) tapi perkara anu cukup beurat(dosana). Nyaèta salah saurang diantarana, kusabab teu daèkeun meresihan dieina tina cai kaÂhampanganana sorangan, sedeng nu hiji deui sok ngadu-ngadukeun.
Katempo di Beulah Kulon, aya babaturan samangsa keur narik huÂleng jentul handapeun tangkal banÂgun nu bingung.
“Kunaon euy bangun nu loba pikran?â€cèkèng tèh sanggeus diuk di gigireunana.
“Puguh ti isuk hate, ngan sesÂeblakan wè, kira-kira aya naonnya?â€
“Atuh nu kitu mah kudu nempo paririmbon heula,â€tèmbal kuring bari seuri.
“Naon tah paririmbon tèh?â€
“Pituduh ngeunaan kajadian-kajadian anu aya patalina jeung kaÂhirupan urang, tur tanda-tandana aya di diri urang, misalna seseblakan, kekedutan, ngimpi. Ah pokona mah rèa wè. Ayeuna mah geus arang nu makèkeun. Tah kamari mah mangsa Porkas aya kènèh, anu resep kana anÂgka mah, bogaeun. Cenah mah nèangan rejeki tina ngimpi tèa.â€
“Oh, nu kitu. Kuring mah percaya teu percaya tatèh. Lamun pialuseun nya percaya bari didu’aan. Lamun pigorèngeun mah tara dipikiran ieuh. Komo keur mawa mobil mah, matak picilakaeun,â€tèmbalna tèh. ParirÂimbon tèa, sanajan di dunya kiwari beunang disebutkeun katinggaleun jaman, tapi aya kènèh anu mercaya. Tapi sadarna tèh saentas kajadian, misalna mangsa ditinggalkeun maot ku dulurna.
“Paingan atuh kamari euÂceu ngimpi punglak huntu Beulah handap. Teu sangka adi euceu ponÂdok umurna,†pokna tèh bari rawah-riwih basa dibèjaan ku dulurna nu sèjèn, yèn dina geus maot. Tapi, aya ogè anu nyebutkeun, teu ngimpi-ngimpi acan, basa meunang milik anu gedè tèh. Tah dina paririmb
on boh anu basa Sunda atawa basa Jawa, disebutkeun nepi ka saraÂtusna tafsir ngeunaan ngimpi. MisalÂna ngimpi dibèrè anak, hartina bakal menang harta banda, ngimpi gelut tapi èlèh, meunang kawirang, leumÂpang dina cucuk, usahana teu hasil, leuleumpangan jauh, bakal panjang umur, jrrd. Ngeunaan ngimpi ieu, sakumaha anu diriwayakeun dina HR Bukhari, ra ti Abu Sa’id Al-Khudri, yèn anjeunna ngadangu Nabi SAW ngadawuh : Lamun salahsaurang diÂantara maranèh meunang hiji impian anu matak nyenangkeun, saenyana èta tèh ngan ukur ti Allah SWT, kudu buru-buru muji ka Allah kana sagala impianana sarta buru buru ngabèÂjakeun. Ngan lamun henteu nempo anu kitu, atawa henteu matak nyÂenangkeun, maka saenyana ngimpi èta ukur ti sètan, buru-buru mènta panyalindungan (taawudz ka Allah) tina kagorènganana, sarta teu meuÂnang dicaritakeun ka batur, maka ngimpi èta moal bakal nyilakakeun (ngamadaratkeun).
“Jadi kudu kumaha atuh?†Ki SoÂbat nanyakeun.
“Ah, sagalana pasrahkeun wè ka Allah, koncina mah ngadu’a tèa, ngimpi gorèng nyuhunkeun paÂnyalindungan, ngimpi pialuseun, nauhidkeun diri ka Allah. Gampang pan nya. Ayeuna mah mending usaÂha jeung usolli. Sabab pikeun urang kieu mah, naon deui atuh. Beunghar henteu, kawajiban ditinggalkeun, rugi duanana hirup di dunya tèh laÂmun kitu mah nya.â€
“Satuju euy, tibatan ngagugulung nu teu puguh, men ding paririmbonÂna Al Qur’an, jeung Al Hadist nya.â€