Hariring-Dadang-HPDitulis ku: DADANG H PADMADIREDJA

TEU ngahaja ulin ka Terminal Bubulak tèh, turun tina Beus Trans Pakuan,anu ACna geus kurang tiis, kalahka naèk kana tangga anu ka terminalkeun. Beunang disebutkeun ukur nu­turkeun indung suku. Kayaan di Terminal Bubulak, teu jauh bèda ti baheula, jaman keur namban­gan kènèh. Mangsa keur tengah poè, kacida panasna, lamun aya angin nu ngahiliwir tèh, seleng­seng wè bau hangseur.

Sabab loba kènèh su­pir anu leuwih resep ma­seuhan banna ku cikiih. Padahal wewengkon Terminal disadiakeun toilet boh pikeun kahampangan atawa kabeur­atan. Kabiasaan kitu tèh jigana geus ngagetih ngadaging, hèsè pisan di robahna. Tapi kètang teu henteu sakabèhna milam­pah kitu, utamana mah anu, ngajalankeun lima waktu. Pan meureun lamun pareng keur .maseuhan.ban tèh, bisa jadi cai najis tèh kana calana, komo deui lamun nepi ka di kum­bahna tah, panakol bedug tèh. Padahal dina salah sahiji hadis disebutkeun yèn anu teu ngum­bah laranganana mangsa tas ka­hampangan, di ahèratna bakal meunang hukuman anu peurih kacida.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Sakumaha diriwayatkeun dina Hadist Bukhori ti Ibnu Abbas ra. Anjeunna nyarios, sawaktos Kangjeng Rosul ngalangkungan dua kuburan, mantenna ngadawuh saenyana duanana keur disiksa, jeung duanana henteu disiksa dina kaayaan anu beurat (keur ma­ranèhanana) tapi perkara anu cukup beurat(dosana). Nyaèta salah saurang diantarana, ku­sabab teu daèkeun meresihan dieina tina cai kahampanga­nana sorangan, sedeng nu hiji deui sok ngadu-ngadukeun. Katempo di Beulah Kulon, aya babaturan samangsa keur narik huleng jentul handapeun tang­kal bangun nu bingung.

BACA JUGA :  SAHUR OF THE ROAD RAWAN DENGAN TAWURAN PELAJAR

Kuanon euy bangun nu loba pikran?.cèkèng tèh sanggeus diuk di gigireunana. Puguh ti isuk hate, ngan seseblakan wè, kira-kira aya naonnya?.Atuh nu kitu mah kudu nempo parir­imbon heula,.tèmbal kuring bari seuri. Naon tah paririm­bon tèh?.Pituduh ngeunaan kajadian-kajadian anu aya pata­lina jeung kahirupan urang, tur tanda-tandana aya di diri urang, misalna seseblakan, kekedutan, ngimpi. Ah pokona mah rèa wè.

============================================================
============================================================
============================================================